Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
68


bagi, oelah salah lampah, ngaliwatan koedoena, noe mangka tjilaka diri, lampah sorangan, marga ti wani-wani.


153 Hadé goréng tabéat awak sorangan, éta noe mangka djadi, oenloeng ti binasa, tjilaka ti salahna, ngarěmpak pi toetoer nabi, rasa moekaha, kasoesahna kapanggih.


154 Kěr panjana asa mowal kanjahowan, eta lakoe noe tadi, noe tě hadé téja rasa ngan manéhna, djalma anoe boga tjěli, noe lijan taja noe mangka koemawani.


155 Tě katéndjo batoer rěbing di gigirna, panjana koelit lẽwih, tě aja lijangna, poerwa lampah moekaha, saoepama kitoe djadi, djalma noe gasab, tigatroek ngagoelinting.

IX

MAGATROE.


156 Adab djalma marék ka noe djadi ratoe, sing tilik mangka éling, oelah kalangsoe nja madjoe, bisi běrit ngégél samping, tatakrama oelah poho.


157 Tarimakěn dina ěnggon manéh dijoek, tjongo pědang