Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
6
    soesah běrang djěng pěting, di titian koe Alah, djaba rama iboe, ti awal datang ka babar, nja tidinja saé awon marga bidjil, aja di alam doenja.

  1. Di pijara oerang ti lělétik, sarta banget ěnggon ngagělěhhan, kitoe gé ngěnahěn baé, poerwa gès di pitjaloer, anak téja waktoe kër lětik, bangět di pidjoeragan, di lahoen di poenggoe, gědé di pipandakawan, djadi batoer doepi ěnggěs laki rabi, goréngna djadi lawan.

  2. Anoe mangka tina tě tingali, adab tatakrama ka sépoehna, rék di adjar sédék balég, toengtoeng djadi ngalantoer, di adjarna gěs gědé těing, noe djadi patjatjadan, mangpaoeng ka sěpoeh, ari di tjarék ngalawan, gěs boemisa watěk noe koerang pañgadji, mawa karěp sorañgan.

  3. Sabab éta koe Imam Gadjali, rahmatoelah di sěboet di kitab, pěrloena pada ngaraos, sakoer anoe hariroep, kalakoewan djalma běrboedi, njijar kasalamětan, ěnggon oerang hiroep, pikiran tina awalna, kahadéjan noe njébatkěn kana diri, mitjěnan kagoréngan.