Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
74


těing, atawa ka djalma oemoem, pada kawoela boepati, oelah pati rėja omong.


170 Tarékatna oelah měğat-měgat saoer, lěwih hadé oerang tjitjing, oelah pipiloewén tjampoer, tatjan njaho tatjan ngarti, adatna kakara témbong.


171 Gěs pon lamoen aja noe lémék tě poegoeh, pabatalan noe tě djadi, kahadéjan ka noe tjatoer, saperti ngomongkěn istri, oelah di paké kalakon.


172 Oelah pati daék koempoel djěng noe kitoe, rědjěng oelah réja těing, karěp oetjap kabéh lakoe, dina ěnggon éta tadi, bisi aja ménak néndjo.


175 Lamoen aja pagawéjan tě panoedjoe, hadé di tjawad saětik, tapi oelah songong saoer, mangka lělěb api-api, lémek ogé ngaharewos.


174 Tarimakěn éta ka noe boga lakoe, tarimana téh di gěing tah kitoe adab noe hiroep, noe hiroep djaman kiwari, soepaja téréh kaänggo.


175 Tjěgah gědé noe mandakawan ka ratoe, ngoesik-ngoesik