Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
76


oelamandi, ngagoegahkěn matjan toeroe, sisik mělik goréng pikir, sing kapanggih di piomong.


176 Noe di pikir lampah kalakoewan batoer, kagoréngan noe di pikir, oelah déwék dapon batoer, noe hadé tě aja dei, djaba oerang noe sok bohong.


177 Lila lila katiñgal koe noe ti loehoer, lamoena di pipara gi, sabab, kalahiran napsoe, goréng lahir tina biwir, hanté běnang di bobodo.


178 Kangéwana eta anoe djadi ratoe, ka abdi noe djadi mantri, sahidji sirik ka batoer, anoe ngarah ka noe lětik, tiloe ngagědékěn bohong.


179 Kaopatna ngawoewoeh ngomong pioendjoek, kalima ngingětkěn hasil, ka gěněp mamaro lakoe, toedjoeh njoenatkěn noe misti, dalapan sok tjotjorokot.


180 Sakabéh gé noempang di kombara ratoe, anoe di paké pipinding, di pake njimpangkén lakoe, njaliksik ka boeöek lětik , tě njaho aja noe néndjo.


181 Eta anoe djadi pantjabaja ngoeroes, di pěrtjaja ngiñgoe