Lompat ke isi

Kaca:Wawatjan Purnama Alam 2.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Dangdanggula

1. Tangtu pandjang lamunna ditulis, katjaturkeun sadaja dipatya, sami ubiag sakabeh, ngérid wadya soldadu, sabawahan puséring bumi, sakur bangsa kadjinan, harita geus kumpul, di dajeuh Tolongtéléngan, kéti-kéti wadia ti saban nagri, katut radja-radjana.

2. Sarsan leknan adjidan djeung opsir, laksa-laksa ngiringkeun wadia, dangdosan kasenapaten, ari para tuménggung, sami kémpél di pantjaniti, marga ngantos timbalan, ti Sri Maha Prabu, nagara Tolong-téléngan, hanteu Jami Maha Saksari ngalahir, ka sadaja dipatya.

3. Hatur nuhun ka sadaja wargi, tina marga sami lédjar manah, narandang galih nu saleh, tawis anu satuhu, kaleberan kawélas asih, saréngan kakékélan, teu kumundur kalbu, kana marga kawadjiban, nu kasébat katangtuan damél nagri, waktos ieu buktina.

4. Sadajana sami kérsa hadir, tawis tigin ka sérat angkiran, ti anu djadi Narpatos, tina margina kitu, sewu nuhun miwah katampi, kasétyaan sadaja, bopati tuménggung, dupi anu djadi marga, pang diangkir wire-hing parantos nampi, sérat ti Nji Suminar.

5. Néda tulung piwélas pangasih, sadajana tuménggung dipatya, wireh Ratna Suminar teh, ajeuna aja maksud, baris nangkép Sang Sri Narpati, Radja nagri Ambarak, ngaran Burusganur, ajeuna saha nu kérsa, kana nulung masihan wadya pradijurit, ka Nji Ratna Suminar.

6. Lamun aja anu luntur galih, k&dah enggal dintén ieu djéngkar, bok bilih kabudjéng mios, ngawangsul pratuménggung, sami-sami ka- turing diri, toh pati djiwa raga, maksud bade nulung, ka Adjéng Ratna Suminar, saur Radja nuhun mangga atuh gasik, djéngkar dintén ajeuna.

7. Sadajana saparantos nampi, panglahiran ti kérsa Sri Nata, ladjéng sadaja bupatos, marundjung ka Sang Prabu, sarta sami néda sih galih, maparin kahibaran, pandunga nu estu, supados kawiludjéngan, hénteu nampi tjotjobi sipat balahi, lébét ngiring Sang Ratna

8. Sarta téras lalungsur ti puri, sami-sami naritihan kuda, sam- barani bulu hedjo, tutunggangan praratu, djeung sadaja kuméndir opsir, ati wadia balad, pradjurit soldadu, barisan nu pangheulana, kaja lulut‘ngaleut ka luar ti nagri, dikira maliunan.

9. Barang mangkat djégur marjém muni, baréng musik tandji ngadordoran, soara tangara gendjlong, barung surak soldadu, buang