Kawih Mang Koko

Ti Wikipabukon

Kawih Mang Koko, is a term used for song lyrics written by Koko Koswara[1], a musician from West Java.

Angkrék Japati[édit]

(Mang KoKo)

Angkrék japati na cangkring keur karembangan
sisi wahangan barodas
kareta api geus datang sinyar geus muka
reg di stoplas Cibodas
gupay-gupay anaking
gupay-gupay digupaykeun ku manéhna
reumbay-reumbay anaking
reumbayna nginjeum cipanon ti manehna.

ekang

Bulan Teh Langlayangan Peuting[édit]

[Bulan téh langlayangan peuting
nu ditatar dipulut ku tali gaib
entong salempang mun kuring miang
ditatar ti Tatar Sunda
dipulut nya balik deui ka dieu
ieuh, masing percaya.] x 2

[Bedil geus dipéloran
granat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan Siliwangi
ka Jogja hijrah taat paréntah.] x 2

[Bulan téh langlayangan tineung
nu ngoleang dipulut ku angin gaib
entong salempang mun kuring anggang
kapirarai tanah Sunda
kacipta mun balik enung mapagkeun
ieuh, di dora lembur.] x 2

[Bedil geus dipéloran
granat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan nusaati
ka wétan muru bijil balebat.] x 2

Dina Jandela[édit]

Tina jandéla urang silih gupayan
lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub
tara nu nyora simpé henteu nyarita
ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan

Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi
gambar lamunan naon geuning nu teu katepi.
lir nu disirep, lir nu disirep
geter katineung reureuh geuning, rep.

Tina jandéla urang silih kiceupan
imut kareueut raga katresnaan padeukeut
langit keur lenglang jauh tina kamelang
urang jadikeun galeuh pasini lawungkeun.

Hareupeun Kaca[édit]

Hareupeun kaca ngajanteng salila-lila
roman alum gurat duka atra narémbongan
hareupeun kaca sagala nu karandapan
lalakon katukang-tukang nungtut narémbongan.

Reueuk rumeuk dina eunteung
semu keueung semu nineung
jiwa awaking nyarita jiga nu nganaha-naha
duh ieung geuning jiga nu nganaha-naha.

Béjakeun deudeuh, bejakeun
rumasa geus katalimbeng.

Hariring Nu Kungsi Nyanding[édit]

Purnama nu kungsi leungit ayeuna nganjang ka buruan deui anu kungsi kapiati kiwari urang ditepangkeun deui

Hariring nu kungsi nyanding ayeuna datang ngahaleuang deui hayu pataréma tineung cacapkeun meungpeung aya kasempetan

Ayeuna mangsa nu éndah hayu urang suka bungah caang bulan opat belas narawangan haté bangbras

Ayeuna mangsa nu éndah hayu urang suka bungah caang bulan opat belas narawangan ati bangblas

Imut Malati[édit]

Imut malati
wengi tadi geuningan patepang deui
nu kapiati ti kapungkur
jungjunan dianti-anti

Ti Gunung Putri
sareng saha salira lungsur ka landeuh
lagu kamari ngagalindeng
lalakon gending kadeudeuh

Najan sakedap jorélat tunjung balébat
éstu mo hilap karaos matak tibelat
ku henteu terang mulihna
ku henteu terang mulihna
eeh, naha iraha.

Najan mung imut saulas sakilat ilang
tansah kairut hanjakal teu sering tepang
ku henteu terang léosna
ku henteu terang léosna
eeh, geuning kamana.

Kembang Impian[édit]

Antara lolongkrang kiceup
urang pateuteup
bulan pias enteupna lalangsé kayas
kaca jandéla nu muka
kaca katresna nu muka
peuting téh teuing ku jempling
asih téh teuing ku wening

Pangharepan lir laut nu jero
teu katepi ku sora panggero
urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
urang tataran ku karep jeung pangharepan.

Tong teuing ngedalkeun lisan
urang guneman
na ciptaan bagja deukeut patémbongan
geter ti ati ka ati
hiber jadina pasini
saranggeuy kembang impian
sungkemeun kana lamunan.

Kembang Tanjung Panineungan[édit]

Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
di pakarangan nu reumis kénéh
harita keur kakandungan ku hidep
geus opat taun katukang
ema nyipta mulung béntang
nu marurag peuting tadi
béntang seungit ditiiran pangangguran.

Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
bet henteu sangka aya nu datang
ti gunung rék ngabéjakeun bapa hidep
nu opat poé teu mulang
ngepung gunung pager bitis
cenah tiwas peuting tadi
layonna keur ka dieukeun, dipulangkeun.

Harita waktu layonna geus datang
ema ceurik ieuh, balilihan
ras ka hidep ieuh na kandungan
utun inji budak yatim deudeuh teuing

harita waktu layon geus digotong
ema inget ieu kana tanjung
dikalungkeun 'na pasaran
kembang asih panganggeusan ieuh, ti duaan

Anaking jimat awaking
lamun ema mulung tanjung reujeung hidep
kasuat-suat nya pipikiran
tapina kedalna téh ku hariring
hariring éling ku éling
kana tanjung nu dipulung éh,
kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan
nu nyeungitan haté urang, panineungan

Longkéwang[édit]

[Baheula mun pareng nganjang
suguhna imut nyi lanjang
asih nu nganteur harepan
pasini na kasadrahan.] x 2

Mmmh, deudeuh teuing
na peuting héab naraka
aya nyawa milar raga
bébéné mulang ti heula
bébéné mulang ti heula.

Mmmh, deudeuh teuing
na peuting hujan cimata
aya waruga palastra
jajaka raheut haténa
jajaka raheut haténa.

[Ayeuna mun pareng nganjang
nu témbong ukur kalangkang
mega mendung na jajantung
lagu liwung na bangbarung.] x 2

.. lagu liwung na bangbarung.

Malati di Gunung Guntur[édit]

Malati di Gunung Guntur
seungitna sungkeman ati
bodas sésétraning asa
jadina dina mumunggang leuweung larangan.

Malati di Gunung Guntur
hanjakal henteu dipetik
béja geus aya nu boga
ngahaja melak di dinya para guriang.

Ayeuna kuring geus jauh
malati sosoca gunung
boa geus aya nu metik duka kusaha.

Kamari jol aya beja
malati ratna mumunggang
majar can aya nu metik duka kunaon.

Malati di Gunung Guntur
ligar dina panineungan, na panineungan
na saha nu baris metik
kuring mah da puguh jauh
biheung kadongkang.

Purnama Urang Nu Boga[édit]

Hibar deui purnama, hibar na ati
nyanding kembang malati nu kapiati
aya asih sumérén dina lahunan
aya deudeuh gumulung jero tangtungan
urang teang, enung,
poé isuk bulan sumedang wangi
urang seuseut, enung,
asih suci ari sumujud sari pangaji

Gelar deui lalakon, gelar ayeuna
nyampak lagu wirahma deudeuh kameumeut
taman éndah dicipta tempat ngabungbang
tepung teuteup duaan bunder kageugeut
langit béngbras, euis, bulan pinuh ngagenyas sutra kadéwan
angin lamping, eulis, ngelus laun ari haréwos béja kiriman

Hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan, geuning
hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan
purnama urang nu boga
ari purnama urang nu nampa.

Sagagang Kembang Ros[édit]

Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.
Runtuyan haréwos jangji pasini katampi
moal weléh mikahéman, ieuh asih nu wening.

Sarining kembang jatining asih
jadi angkeuhan, duh urang duaan.
Ngaca pangharepan panteng kayakinan
na dasaring ati urang duaan.

Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.

Salam Manis[édit]

Ieu salam manis manis salam kuring nya ieu pisan nu salawasna nyanding nyaring ngahariring

Ieu salam manis manis salam kuring nya ieu pisan nu salilana nganteng anteng kapitineung

Datangkeun kuring deukeutkeun deukeutkeun kuring raketkeun duh, dunungan datangkeun kuring deukeutkeun deukeutkeun kuring raketkeun

Salempay Sutra[édit]

Salempay sutra disulam jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan, duh.. ti jungjunan.
Salempay sutra disulam mangrupa kembang
tawis asih ti kakasih, duh.. ti kakasih.

Ngaraketkeun hubungan batin duaan
mupus waswas jeung cangcaya
di juruna disulam ngaran singgetan
ngaran kuring jeung manéhna.

Salempay sutra disulam jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan, duh.. ti jungjunan.

Hiji tawis soca duh salempay sutra jadi jimat pangreugreug ati disulam narawang duh salempay sutra geuning nyidem harepan.

Salempay sutra disulam mangrupa kembang tawis asih ti kakasih, duh.. ti kakasih.

Samoja[édit]

Kedalna asih na bulan pinuh mamanis
hiji jangji pasini na rasmining wanci
mangsa samoja jongjon kembangan
duh eulis, langit lénglang
angin rintih dina ati, aduh.

Lalakon lawas na bulan pinuh katineung
aya jangji pasini nu henteu ngajadi
mangsa samoja geus ngarangrangan
duh ieung, langit angkeub
samagaha dina haté, duh.

Ayeuna kantun waasna, jungjunan
lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan
kamari nu pamit, kamari nu pamit
datang deui na kalangkang.

Ayeuna tinggal ngangresna, jungjunan
lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan
kamari nu leungit, kamari nu leungit
rék lebeng mo deui datang.

Sariak Layung[édit]

Sariak layung di gunung
iber pasini patepung lawung
teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung
eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh

Haréndong meuhpeuy harideung
jalan satapak rarambu leuweung
kumalangpang ronghéap nu kapitineung
eeh, ronghéap nu kapitineung, duuh

Surya surup layung hibar
ka tanjakan sawangan diumbar
geus ngolébat, ieuh, samar-samar
hariring asihna kapireung ngalalar

Angin tiis ti mumunggang
katitipan haréwos kamelang
tawis deudeuh, ieuh, nu maranti
sungkeman kahéman saranggeuy malati.

Wengi Énjing Tepang Deui[édit]

Disimbutan ku halimun
diaping ku indung peuting
lalaunan ngalayangna
sukma ninggalkeun jasmani
emh, aduh, sukma ninggalkeun jasmani
ngalayang ka awang-awang
rét nepangan ka nu tebih
nepungan ka urang gunung
malati di pinggir pasir
kakara pisan ligarna
kapendakna tacan lami
katuruban dangdaunan
kahempi ka nagara sari.

Kembang diburu dirungrum
sawengi henteu kapanggih
patapan henteu kalanglang
raraosan mah sawarsih
emh, aduh, raraosan mah sawarsih
hawar-hawar sora hayam
ciri parantos janari
nu nyumput téh humarurung
teungteuingeun milik diri
harianeun teuing kadar
misahkeun anu keur asih
kembang nganggo dihalangan
ditundung ku indung peuting.

Gunung geus aya di pungkur
indit haté mah murilit
duh, indit haté mah murilit.

Miang gé da sumoréang
Parangtritis kapiati
aduh enung pileuleuyan
wengi énjing tepang deui,
duh, aduh, wengi énjing tepang deui.

References[édit]

1. http://su.wikipedia.org/wiki/Mang_Koko