Ngadegna Dayeuh Pajajaran

Ti Wikipabukon

Pantun Pa Cilong


Tah di dinya
ku andika adegkeun éta dayeuh
Laju ngaranan Bogor
sebab bogor teh hartina tunggul kawung

Ari tunggul kawung
émang gé euweuh hartina
euweuh sotéh cek nu teu ngarti

Ari sababna
sabab ngaran mudu Bogor
Sabab bogor mah
dijieun suluh teu daék hurung
teu melepes tapi ngelun
haseupna teu mahi dipaké muput

Tapi amun dijieun tetengger
sanggup nungkulan windu kuat milangan mangsa

Amun kadupak
mantak borok nu ngadupakna
moal geuwat cageur tah inyana

Amun katajong?
mantak bohak nu najongna
moal geuwat waras tah cokorna

Tapi, amun dijieun kékéséd?
sing nyaraho
isukan jaga pageto
bakal harudang pating kodongkang
nu ngarawah si calutak

Tah kitu!
ngaranan ku andika eta dayeuh
Dayeuh Bogor!