Qur'an (tarjamah Sunda)

Ti Wikipabukon
Ieu mangrupa tarjamah Al-Qur'an dina basa Sunda, utamana ngarujuk kana tapsir (terjemahan Al-Quran) nu sacara resmi dikaluarkeun ku Kementerian Agama Républik Indonésia.

Dan tidak lain ucapan mereka hanyalah doa, "Ya Tuhan kami, ampunilah dosa-dosa kami dan tindakan-tindakan kami yang berlebihan (dalam) urusan kami dan tetapkanlah pendirian kami, dan tolonglah kami t

Al-Faatihah (Bubuka)[édit]

  1. Kalayan (nyebat) asma-Na Allah Nu Maha Welas, Nu Maha Asih.
  2. Sadaya puji kagungan Allah, Pangéran Nu murbéng alam sadaya.
  3. Nu Maha Welas, Nu Maha Asih.
  4. Nu Kagungan dinten wawales.
  5. Mung ka Gusti abdi sadaya ibadah, sareng mung ka Gusti abdi sadaya neda pitulung.
  6. Mugi Gusti maparin pituduh ka abdi sadaya kana jalan nu lempeng.
  7. (nyaeta) jalan jalmi-jalami anu parantos dipaparin ni'mat ku Gusti,sareng sanés jalan jalmi-jalmi anu salasar.
  1. Alhamdulillahi rabbil 'alamin (Sadaya puji kagungan Allah, Gusti nu ngatur alam)
  2. Ar-Rahmanir-Rahim (Nu Maha Asih, Nu Maha Murah)
  3. Maliki yaumid-Din (Nu ngagaduhan poé pembalasan)
  4. Iyyaka na’budu wa iyyaka nasta’in (Ngan ka Gusti wungkul urang nyembah jeung ngan ka Gusti wungkul urang ménta pitulung)
  5. Ihdinas-Siratal-Mustaqim (Tunjukkeun urang kana jalan anu lempeng)
  6. Siratal-ladzina an’amta 'alaihim (Jalan jalma-jalma anu parantos dipaparin ni’mat)
  7. Ghairil-maghdubi 'alaihim walad-dallin (Sanés jalan jalma-jalma anu murka sareng sanés jalan jalma-jalma anu sasar

Al-Baqarah (Sapi Bikang)[édit]

  1. Alif Laam Miim.
  2. Ieu kitab Qur'an nu teu mibanda kamangmangan di jerona; pituduh pikeun nu tarakwa,
  3. (nyaéta) pikeun nu ariman ka nu goib, nu ngadegkeun solat, sarta nu nganapkahkeun sawaréh rijki nu ku Kami geus dipaparinkeun ka maranéhna,
  4. jeung jalma-jalma nu ariman kana kitab nu diturunkeun ka maranéh jeung kitab-kitab nu geus diturunkeun saméméh maranéh, sarta maranéhna yakin ku ayana ahérat.
  5. Jalma-jalma éta nu tetep meunang pituduh ti Gustina, sarta maranéhna éta jalma-jalma nu untung.
  6. Saéstuna jalma-jalma kapir, sarua baé pikeun maranéhna, ku manéh dibéré pépéling atawa henteu, maranéhna moal ariman.
  7. Alloh geus ngonci-paéh ati jeung pangrunguna, katut panénjona ditutup. Jeung pikeun maranéhna siksa nu beurat kacida.
  8. Di antara manusa aya nu nyarita, "Kami iman ka Alloh jeung poé panganggeusan", padahal maranéhna sabenerna lain jalma-jalma nu ariman.
  9. Maranéhna rék nipu Alloh jeung jalma-jalma nu ariman, padahal maranéhna ukur nipu diri manéhna sorangan kalawan teu sadar.
  10. Dina jero haté maranéhna aya panyakit, lajeng ditambah ku Alloh panyakitna; sarta pikeun maranéhna siksa nu peurih, alatan maranéhna ngabohong.
Teu acan réngsé, hanca lajengkeuneun

Ali-Imran (Kulawarga Imran)[édit]

An-Nisaa'[édit]

Al-Maaidah[édit]

Al-An'aam[édit]

Al-A'raaf[édit]

Al-Anfaal 50[édit]

At-Taubah[édit]

Sesungguhnya bilangan bulan pada sisi Allah adalah dua belas bulan, dalam ketetapan Allah di waktu Dia menciptakan langit dan bumi, di antaranya empat bulan haram. Itulah (ketetapan) agama yang lurus, maka janganlah kamu menganiaya diri kamu dalam bulan yang empat itu, dan perangilah kaum musyrikin itu semuanya sebagaimana merekapun memerangi kamu semuanya, dan ketahuilah bahwasanya Allah beserta orang-orang yang bertakwa

Yunus[édit]

Hud[édit]

Yusuf[édit]

  1. alif laam ro

Ar-Ra'd[édit]

Ibrahim[édit]

Al-Hijr[édit]

Al-Nahl[édit]

Al-Israa'[édit]

Laksanakanlah salat sejak matahari tergelincir sampai gelapnya malam dan (laksanakan pula salat) Subuh. Sungguh, salat subuh itu disaksikan (oleh malaikat).

=Al-Kahfi[édit]

Maryam[édit]

Taha[édit]

Al-Anbiyaa'[édit]

Al-Hajj[édit]

Al-Mu'minuun[édit]

An-Nuur[édit]

Al-Furqaan[édit]

Asy-Syu'araa'[édit]

An-Naml[édit]

Al-Qasas[édit]

Al-'Ankabuut[édit]

Dan diantara tanda-tanda kekuasaan-Nya ialah diciptakan-Nya untukmu pasangan hidup dari jenismu sendiri supaya kamu mendapat ketenangan hati dan dijadikan-Nya kasih sayang diantara kamu. Sesungguhnya yang demikian menjadi tanda-tanda kebesaran-Nya bagi orang-orang yang berfikir”

Luqman[édit]

As-Sajdah[édit]

Al-Ahzaab[édit]

Saba[édit]

Fathir[édit]

Yaa Siin[édit]

As-Saaffaat[édit]

38. Shod[édit]

Az-Zumar[édit]

Ghaafir[édit]

Fussilat[édit]

Asy-Syuura[édit]

Az-Zukhruf[édit]

Ad-Dukhaan[édit]

Al-Jaatsiyah[édit]

Al-Ahqaaf[édit]

Muhammad[édit]

Al-Fath[édit]

Al-Hujuraat[édit]

Qaaf[édit]

Az-Zaariyaat[édit]

At-Tuur[édit]

An-Najm[édit]

Al-Qamar[édit]

Ar-Rahman[édit]

Al-Waaqi'ah[édit]

Al-Hadiid[édit]

Al-Mujaadalah[édit]

Al-Hasyr[édit]

Al-Mumtahanah[édit]

As-Saff[édit]

Al-Jumu'ah[édit]

Al-Munaafiquun[édit]

At-Taghaabun[édit]

At-Talaaq[édit]

At-Tahriim[édit]

Al-Mulk[édit]

Al-Qalam[édit]

Al-Haaqqah[édit]

Al-Ma'aarij[édit]

Nuh[édit]


Al-Jinn[édit]

Al-Muzzammil[édit]

Al-Muddaththir[édit]

Al-Qiyaamah[édit]

Al-Insaan[édit]

Al-Mursalaat[édit]

An-Naba'[édit]

An-Naazi'aat[édit]

'Abasa[édit]

At-Takwiir[édit]

Al-Infitaar[édit]

Al-Mutaffifiin[édit]

Al-Insyiqaaq[édit]

Al-Buruuj[édit]

At-Thariiq[édit]

Al-A'laa[édit]

'Al-A'laa (Nu Mahaluhung)==

  1. Sucikeun jenengan Pangéran anjeun nu Mahaluhung,
  2. nu nyiptakeun lajeng nyampurnakeun (ciciptan-Na),
  3. jeung nu nangtukeun kadar lajeng maparin pituduh,
  4. jeung nu ngaluarkeun/numuwuhkeun jujukutan,
  5. nya ku Mantenna lajeng dijantenkeun (jujukutan téa) garing semu hideung.
  6. Kami rék macakeun (Qur'an) ka hidep (Muhammad), mangka anjeun moal poho,
  7. kajaba nu dikersakeun ku Alloh. Satemenna Mantenna uninga ka nu nembrak jeung ka nu nyumput.
  8. Jeung Kami ngagampangkeun hidep pikeun nu gampang.
  9. Pék élingan, satemenna pépéling téh gedé gunana.
  10. Jalma mah bakal narima pépéling ti nu dipikasieun (Alloh),
  11. sedengkeun nu cilaka mah bakal ngajauhan,
  12. (nyaéta) nu bakal asup kana seuneu nu gedé ngagedur (naraka).
  13. Lajeng di dinya téh manéhna teu paéh jeung (ogé) teu hirup.
  14. Bener-bener untung jalma nu ngaberesihan dirina.
  15. Bari jeung manéhna éling ka Pangéranna, lajeng manéhna netepan.
  16. Tapi maranéh kalah milih kahirupan dunyawi,
  17. padahal kahirupan ahérat mah leuwih hadé tur leuwih langgeng.
  18. Satemenna ieu téh bener-bener aya (kaunggel) dina kitab-kitab nu baheula,
  19. (nyaéta) Kitab-kitab (suhuf) Ibrohim jeung Musa.

Al-Ghaasyiyah (Poé Wawales)[édit]

  1. Naha geus datang ka anjeun béja (ngeunaan) poé wawales?
  2. Loba beungeut mangsa éta tarungkul alum,
  3. gawé beurat bari ripuh,
  4. asup kana seuneu nu panas pisan (naraka),
  5. dibéré nginum ti sumber nu panas pisan.
  6. Maranéhna teu beunang dahar iwal ti tangkal nu cucukan,
  7. nu teu matak lintuh tur teu matak ngaleungitkeun lapar.
  8. Loba beungeut poé éta sura-seuri,
  9. ngarasa bungah ku usahana,
  10. di sawarga nu jangkung,
  11. teu kadéngé ku anjeun di jerona kekecapan nu taya guna.
  12. Di jerona aya cinyusu nu ngalir.
  13. Di jerona aya tahta-tahta nu dijangkungkeun,
  14. jeung gelas-gelas nu diteundeun (di deukeutna),
  15. jeung bantal-bantal panyarandéan nu disusun,
  16. jeung karpét-karpét nu diamparkeun.
  17. Mangka naha maranéhna teu merhatikeun onta, kumaha diciptakeunana?
  18. Jeung langit, kumaha dijangkungkeunana?
  19. Jeung gunung-gunung, kumaha diadegkeunana?
  20. Jeung marcapada, kumaha diamparkeun?
  21. Mangka arélingan, sabab saéstuna anjeun ukur jalma nu méré pépéling.
  22. Anjeun lain jalma nu boga kawasa ka maranéhna.
  23. Tapi jalma nu maléngos jeung kapir,
  24. mangka Alloh bakal nyiksa ku siksa anu rohaka.
  25. Saéstuna ka Kami balik maranéhna,
  26. lajeng saéstuna kawajiban Kami ngitung/ngahisab maranéhna.

Al-Fajr[édit]

Al-Balad[édit]

Asy-Syams[édit]

Al-Lail[édit]

Adh-Dhuha[édit]

Asy-Syarh[édit]

At-Tiin (Buah Tin)[édit]

  1. Demi (buah) Tin jeung Zaitun,
  2. jeung demi gunung Sinai,
  3. jeung demi dayeuh (Mekah) ieu nu aman,
  4. Saéstuna Kami geus nyiptakeun manusa dina bentuk nu panghadéna.
  5. Lajeng Kami mulangkeun manéhna ka tempat nu sahandap-handapna (naraka),
  6. iwal jalma-jalma nu ariman jeung milampah amal soleh; mangka pikeun maranéhna pahla nu taya eureunna.
  7. Mangka naon atuh nu ngabalukarkeun manéh ngabantah (poé) wawales sanggeus (aya pangjéntré) éta?
  8. Kapan Alloh téh Hakim nu pangadilna?

Al-'Alaq (Saguruntul Getih)[édit]

  1. Baca, kalawan kakasih Gusti manéh nu nyiptakeun,
  2. Anjeunna parantos nyiptakeun manusa tina saguruntul getih.
  3. Baca, sarta Gusti manéh nu Mahabéréhan.
  4. Nu ngajar (manusa) maké kalam.
  5. Anjeunna ngajarkeun ka manusa naon nu teu dipikanyaho.
  6. Sing nyaho! Satemenna manusa bener-bener geus kamalinaan,
  7. alatan geus ngarasa manéh sarwa cukup.
  8. Satemenna ngan ka Gusti pangbalikan.
  9. Kumaha bawarasa manéh ngeunaan jalma-jalma nu nyarék,
  10. hiji kawula nalika manéhna milampah solat?
  11. Kumaha ogé bawarasa manéh mun jalma nu nyarék éta aya dina bebeneran,
  12. atawa manéhna nitah takwa (ka Alloh)?
  13. Kumaha bawarasa manéh mun jalma nu nyarék éta ngabantah jeung maléngos/ngabalieur?
  14. Naha manéhna teu nyaho yén satemenna Alloh ningal sagala laku lampahna?
  15. Sing nyaho, éstu mun manéhna teu eureun (milampah kitu) niscaya Kami ré metot embun-embunanana,
  16. (nyaéta) embun-embunan jalma nu ngabantah sarta doraka.
  17. Mangka keun baé manéhna nyalukan golonganana (pikeun nulungan),
  18. Jaga Kami bakal nyalukan malaikat Zabaniyah.
  19. Sakali-kali ulah, manéh ulah nurut ka manéhna; jeung pék sujud sarta deukeutkeun (diri manéh ka Alloh).

Al-Qadr[édit]

Kalayan asma-Na Allah, Nu Maha Murah, Nu Maha Asih.

1. Saestuna Kami geus nurunkeun (Quran) dina maleman anu mulya.

2. Naha maneh nyaho, naon ari maleman mulya teh?

3. Maleman nu mulya teh leuwih hade batan sarebu bulan.

4. Harita malaikat-malaikat jeung roh tarurun kalawan widi Pangeranna marawa sagala timbalan.

5. Salamet weh peuting harita teh nepi ka medal balebat.

(Dicutat tina kitab Al-Amin, Al-Quran Tarjamah Sunda)

98. Al-Bayyinah[édit]

1) Jalma-jalma kapir ti ahli kitab katut musrikin moal paburincay (ninggalkeun kakupuranana jeung kamusrikanana) nepi ka datang ka maranéhanana katerangan nu tétéla. 2) Rosul Alloh nu mangmacakeun lambaran-lambaran suci. 3) Anu dina eusina kaunggel aturan-aturan nu bener tur lempeng. 4) Jeung jalma-jalma ahli kitab henteu paburincay, kajaba sabada datang ka maranéhanana katerangan anu tétéla. 5) Padahal maranéhanana teu ditimbalan, salian ti supaya aribadah ka Alloh, kalawan ngaihlaskeun agama karana Anjeunna, jeung nyingkahan lampah sasar, sarta ngadegkeun solat, nyumponan jakat, sabab éta téh agama anu lempeng 6) Saéstuna jalma-jalma nu karupur ti ahli kitab jeung musrikin téh (perenahna) dina jero naraka Jahanam, turta maranéhna téh mahluk anu pangjahatna. 7) Saéstuna jalma-jalma anu ariman, turta ngalampahkeun amal soléh, maranéhna téh mahluk anu panghadé-hadéna 8) Ganjaran maranéhna ti Pangéranna téh sawarga Adnin, anu di handapna cur-cor walungan; maranéhna bakal langgeng di dinyana salawasna; Alloh rido ka Anjeunna; éta téh pikeun jalma anu wedi ku Pangéranna.

99. Al Zalzalah[édit]


1. Nalika bumi digénjlongkeun ku lini (panungtungan). 2. Sarta bumi mangpéngkeun pangeusina 3. Sarta manusa nyarita: "Naha bet kieu?" 4. Dina poé éta bumi bakal ngémbarkeun warta (ngeunaan kabéh kahadéan jeung kagoréngan di luhur bumi). 5. Lantaran saéstuna Pangéran geus maréntahkeun éta ka bumi. 6. Poé éta jalma-jalma baris paburisat lantaran ka marénahna baris ditémbongkeun sagala amal pagawéanana. 7. Sing saha anu ngalampahkeun amal kahadéan sanajan ngan sabeurat atom, pasti manéhna baris nénjo amal kahadéanana. 8. Jeung sing saha anu ngalampahkeun kajahatan sanajan ngan sabeurat atom, pasti bakal nénjo amal kajahatanana.

Al-'Aadiyaat[édit]

Al-Qaari'ah (Kiamat)[édit]

  1. Poé kiamat,
  2. naon ari poé kiamat téh?
  3. Sarta naha manéh nyaho naon ari poé kiamat téh?
  4. Dina poé éta manusa kawas siraru nu pasoléngkrah,
  5. jeung gunung-gunung kawas bulu nu diawur-awurkeun.
  6. Anapon alma-jalma nu beurat timbangan (kahadéan)-ana,
  7. mangka manéhna aya dina kahirupan nu nyugemakeun.
  8. Jeung anapon jalma-jalma nu hampang timbangan (kahadéan)-ana,
  9. mangka tempat balikna nyaéta naraka Hawiyah.
  10. Jeung naha manéh nyaho naon ari naraka Hawiyah téh?
  11. (Nyaéta) seuneu nu kacida panasna.

At-Takaathur[édit]

1. Geus mopohokeun ka maraneh kabeh paagreng-agreng 2. Nepi ka arasup aranjeun kabeh kana liang kubur (maot) 3. Sing inget ulah kitu, maraneh bakal nyaraho 4. Terus, sing inget ulah kitu, maraneh bakal nyaraho 5. Sing inget ulah kitu, lamun maraneh nyaraho kalawan pasti 6. Bakal ningali temenan maraneh kabeh kana naraka Jahim 7. Terus bakal ningali temenan maraneh kabeh kana naraka Jahim kalawan panon sorangan 8. Terus bakal bakal dipariksa temenan maraneh kabeh dina eta poe tina perkara kanikmatan

Al-'Asr (Wanci)[édit]

  1. Demi wanci.
  2. Satemenna jalma eta aya dina karugian.
  3. Iwal anu iman jeung nu boga laku soléh nu silih pepeling dina bebeneran jeung silih pepeling dina kasabaran.

Al-Humazah (Nu Sok Ngahina)[édit]

  1. Cilaka pikeun nu sok ngahina jeung ngajejeléh,
  2. nu ngumpulkeun harta banda jeung itungan.
  3. manéhna nyangka yén harta éta bisa ngajadikeun manéhna kekal.
  4. Teu pisan-pisan! Saéstuna manéhna bener-bener bakal dibalangkeun ka jero hutomah.
  5. Jeung naha dia nyaho naon ari hutomah téh?
  6. seuneu Allah nu dihurungkeun,
  7. nu (ngaduruk) nepi ka ati.
  8. Saéstuna éta seuneu ditutupan rapet pikeun maranéhna,
  9. (sedengkeun maranéhna) dicangcang dina tihang-tihang nu paranjang.

Al-Fiil (Soldadu nu Tarumpak Gajah)[édit]

  1. Naha anjeun teu nempokeun kumaha peta Gusti anjeun ka soldadu nu narumpak gajah?
  2. Anjeunna téh pan geus ngajadikeun réka perdaya maranéhna (pikeun ngancurkeun Ka'bah) jadi taya guna?
  3. Jeung Anjeunna ngirimkeun ka maranéhna manuk-manuk nu ngaleut,
  4. nu malédogan maranéhna ku batu (nu asalna) tina taneuh nu kaduruk,
  5. lajeng Anjeunna ngajadikeun maranéhna kawas dangdaunan nu dihakan (hileud).

Quraisy (Kaom Kurés)[édit]

  1. Kusabab kabiasaan urang Kurés,
  2. (nyaéta) kabiasaan nyaba dina usum tiris jeung usum panas.
  3. Mangka samistina maranéhna nyembah ka Gusti nu ngapimilik ieu imah (Ka'bah),
  4. nu geus méré dahareun ka maranéhna pikeun ngaleungitkeun lapar jeung ngamankeun maranéhna tina kasieun.

Al-Maa'uun[édit]

  1. Naha manéh nyaho nu ngabohongkeun agama?
  2. Nyaéta jalma nu ngahinakeun budak yatim,
  3. jeung nu teu ngarojong méré dahar jalma miskin.
  4. Mangka cilaka pikeun jalma-jalma nu sarolat,
  5. (nyaéta) jalma-jalma nu talobéh solatna,
  6. jalma-jalma nu milampah riya,
  7. sarta nu wegah (tutulung ku) barang nu mangpaat.

Al-Kauthar (Nikmat nu ngalayah)[édit]

  1. Satemenna Kami geus maparinan anjeun nikmat nu ngalayah.
  2. Mangka adegkeun solat karana Gusti jeung geura kurban.
  3. Satemenna jalma-jalma nu micua anjeun, éstu nu kapegatkeun.

Al-Kaafiruun (Jalma Kapir)[édit]

  1. Ucapkeun, "Hé, nu kalapir,
  2. kami moal nyembah naon nu ku dia disembah.
  3. Jeung dia lain panyembah Gusti nu ku kami disembah.
  4. Jeung kami moal jadi panyembah naon nu ku anjeun disembah.
  5. Jeung dia (ogé) moal pernah jadi panyembah Gusti nu ku kami disembah.
  6. Keur dia agama dia jeung keur kami agama kami".

An-Nasr (Pitulung)[édit]

  1. Mun geus datang pitulung jeung kameunangan ti Gusti,
  2. jeung anjeun nempo manusa asup kana agama ieu kalawan abring-abringan,
  3. mangka geura ucapkeun tasbih kalawan muji Gusti aranjeun sarta geura neneda ampuna ka Anjeunna. Saéstuna Anjeunna Maha nampi pangampura.

Al-Lahab/Al-Masadd (Seuneu nu Ngabebela/Injuk)[édit]

  1. Binasa kadua leungeun Abu Lahab jeung saéstuna manéhna bakal binasa.
  2. Taya mangpaatna pikeun manéhna harta bandana katut naon baé nu diusahakeun ku manéhna.
  3. Jaga manéhna bakal asup kana seuneu nu ngabebela.
  4. Pon kitu deui pamajikanana, nu sok mawa suluh,
  5. nu na beuheungna aya tapi tina injuk.

Al-Ikhlaas (Ihlas)[édit]

  1. Ucapkeun, "Anjeunna Gusti nu hiji,
  2. Gusti tempat gumantungna sagala rupa,
  3. Anjeunna teu kagungan murangkalih ogé henteu dipimurangkalih,
  4. sarta taya nu sarupi sareng Anjeuna."

Al-Falaq (Janari)[édit]

  1. Ucapkeun, "Kami nyalindung ka Gusti nu ngawasa janari,
  2. tina kajahatan mahluk-Na,
  3. jeung tina kajahatan peuting mun geus poék mongkléng,
  4. jeung tina kajahatan awéwé-awéwé tukang tenung nu niup kana embun-embunan,
  5. sarta tina kajahatan jalma nu cua nalika manéhna cua."

An-Naas (Manusa)[édit]

  1. Ucapkeun, "Kami nyalindung ka Gusti manusa,
  2. Maharaja sakabéh manusa,
  3. sesembahan manusa,
  4. tina kajahatan haréwos setan nu biasa nyumput,
  5. anu sok ngaharéwoskeun kajahatan kana jero hate manusa,
  6. ti golongan jin jeung manusa."