Rusdi jeung Misnem

Ti Wikipabukon

<Author:A.C. Deenik <Author:Jayadireja


Bagian kahiji - Bagian kadua - Bagian katilu - Bagian kaopat

Bagian kahiji[édit]

1. BOEDAK LINTOEH[édit]

Ka dieu, baroedak! Maraneh geus papanggih djeung oedjang Gěmbroe? Saha noe tatjan? Geura ilikan ieu gambarna.

Euleuh! Euleuh!…geuning lintoeh nakěr. Pipina mani karěbi beuteungna njěmploe. Poegoeh! Pang disěboet oedjang Gěmbroe oge, da gěde beuteung.

Ari ngaranna noe saěnjana mah Oedjang Roesdi. ’’Dadaharanana oenggal poe beak doea kati.” Tjeuk ěmana. Ari deungeun sangoe salawasna meakkeun batoer. Barang hakanna taja eureunna. Ti barang hoedang něpi ka doeg hees, soengoetna teu petot-petot njapek. Sakoer kahakanan noe kapanggih dihoeapkeun.

Tah kitoe sababna pang lintoeh teh!

Sore isoek teu aja deui gawena, ngan oelin bae di kěbon Toeh geuning, badjoena, tjalanana, mani rarawing, sok tikarait kana pagěr. Koe kolotna papakeanana tara pati dioeroes, bongan gagabah. Omong ěmana, “Keun bae sugan kapokeun.”

2. ADINA[édit]

Maraneh meureun geus warawoeh djeung adina, noe ngaran Nji Misněm mah, nja? Lamoen paroho deui, tah geuning ieu gambarna.

Awakna Nji Misněm henteu kawas lantjeukna. Ieu mah rada koeroe meueusan. Barang daharna teu pati gemboel kawas oedjang Gěmbroe. “Dina sapoe, ngan oekoer beak kedjo saboboko.” Tjeuk indoengna mah.

Tjapek rahemna taja oesoemna. Lain boedak gěmboel eta mah, nja?

Oemoer Misněm ngan beda doea taoen djeung oedjang Roesdi. Oedjang Roesdi toedjoeh taoen, ari Nji Misněm lima taoen.

Sore isoek saroea bae karěsěpna ngan aroelin.

Misněm sok dibabawa koe lantjeukna ka kěbon atawa dadagangan djeung batoer tatanggana. Papakeanana tjara Roesdi bae, kalotor djeung saroeh. Di mana digaranti badjoena atawa sampingna, ari baralik geus rarawing. Koe sabab eta indoengna sok keuheuleun nakěr ka eta doea boedak teh.

Na aja boedak balageur teuing, nja euj!

3. IMAHNA[édit]

Perenahna imah Roesdi kira-kira saratoes lengkah ti hidji waloengan. Eta imah teh weuteuh keneh.

Těpasna aloes sarta sakoerilingna disarigsig.

Geura oerang ilikan.

Tah ieu boeroeanana. Na, aja kěkěmbangan laloetjoe teuing, nja! Binihna bawa ‘Pa Roesdi, basa manehna moelang ti pasar Bandoeng. Geura itoe tangkal djambu, boeahna mani barodas. Nja ieu noe sok ditaraekan koe Roesdi djeung koe Misněm teh.

Hajoe oerang ka gigireun imahna! Kade etah, bisi nintjak anak hajam. Euleuh euleuh mani reundeuj. Toeh di kolong!

Toeh geuning leuitna! Gigireunana aja lisoeng. Misněm minděng pisan ngadjantěng di dinja lamoen indoengna keur noetoe teh. Oetjingna děpa dina panto leuit, taksiran keur toenggoe bisi aja beurit asoep.

Ari itoe, toeh noe di djero, kandang si Djaloe njaeta domba Roesdi, pamere bapana. Mindeng nakěr dibawa oelin koe Roesdi sarta sok ditoempakan sakapeung mah, bari boentoetna dibebetot koe Misněm.

Ajeuna si jaloe teh semoe soesaheun pisan, sabab doenoenganana euweuh, atawa hajangeun njatoe, kitoe?

Di pipir imah aja soemoer. Ari itoe, toeh di djero beulah ditoe, pakandangan moending, njaeta sobat Roesdi noe pangbědasna. Oepama Roesdi, ngadoea djeung adina dina tonggongna manehna tara beurateun.

Ajeuna mah hajoe oerang marulang bae. Ĕngke diloehoer loba deui lalakon Roesdi djeung Misněm.

4. SEMAH[édit]

Dina hidji poe, waktu barudak keur aroelin di buruan, djol aja semah, eureun deukeut imah Roesdi.

“Misněm! Misněm! ka dieu,” tjeuk Roesdi

“Aja naon, ‘Di?”

“Ka dieu, ‘Nem! Itoe aja noe noempak koeda.”

“Saha nja, ‘Di? “Njaho, da aing mah teu wawoeh,” Tjeuk Roesdi.

“Euleuh-euleuh geuning ka oerang!”

Toeloej barudak disampeurkeun koe noe noempak koeda teh. Semahna toeroen tina koeda, bari njaloekan ka barudak, pokna,

“Ka darieu oedjang, Njai, bapa djeung ěma araja?”

“Araja, bapa keur matjoel di kěbon, ěma keur ninoen di tukang.”

‘Ke! koe koering rek dibedjakeun, nja!” Doeanana laloempatan, si Roesdi ka bapana, si Misněm ka indoengna.

Ti djadjaoehan keneh baroedak geus gegeroan njaritakeun aja semah mawa koeda.

“Saha, Djang?” tembal bapana.

“Teu njaho koering mah, bapa! da nanjakeun bapa geuning! Sampeurkeun bae atoeh koe bapa.”

“Aeh-aeh, geuning paman silaing ti dajeuh. Na silaing poho deui? kapan ěmang Moerdiam eta teh!”

Toeloej semah diarakoe koe indung bapa Roesdi. Roesdi djeung Misněm narendjokeun ti kadjauhan, teu daraekeun ngadareukeutan, da areraeun. Geus kitoe, djung maranehna arindit deui ka kěbon, aroelin.

5. MARAK[édit]

“Misněm! oerang ěnggeusan bae kěkěbonan teh, ” tjeuk Roesdi.

“Naha, ěnggeusan, Roesdi?”

“Oerang marak anggoer, noeroetan bapa! Toeh, soesoekan itoe oerang parak.”

“Moal aja laoekan soesoekan itoe mah, měnding soesoekan noe deukeut leuit,” tembal Misněm.

“Hajoe atoeh! ambeh ioeh ongkoh! Pek sia njokot ajakanana, aing rek njokot patjoel. Toeh tjokot batoena Misněm, keur měndět,” tjeuk Roesdi.

“Pek sia geura njair, kade bae bisi dipatil lele. Aing rek kokodok, soegan bae meunang laoek gěde, keur bapa.” Si Misněm njair, si Roesdi kokodok.

Lila pisan barang alana teh, tapi tatjan meunang keujeup keujeup atjan, da poegoeh soesoekan leutik djeung saat.

Si Misněm gěgěroan, pokna, “Roesdi! Roesdi! ka dieu! aing bantoean, ieu laoek gede, bisi leupas.” Ajakanana dikeueumkeun bae, ngadagoan si Roesdi datang.

“Keun bae Koe aing didjaitna, Misněm,” Tjeuk Roesdi. Eta doea boedak soesoerakan, aratoheun.

Barang didjait, geuning gamparan potong djeung roentah.

“Ih ari boedak doesoen,” omong Roesdi, “gamparan gamparan diseboet laoek.”

“Hajoe, ah! oerang baralik, da euweuh laoekan.” Gamparanana těroes dibalangkeun.

Si Misněm njoehoen ajakan, si Roesdi manggoel patjoel, njalampeurkeun ka indoengna.

“Ti marana sia, djaredjeblogan,” tjeuk indoengna.

“Si goreng patoet, euweuh deui gawe teh, ngan goejang djeung papanasan. Geura marandi kaditoe geus burit.”

6. OETJING ROESDI[édit]

“Ĕmang! Geus ningali oetjing koering?”

“Atjan,” djawab pamanna

“Geura oerang tjaloekan, Meng, meng, tjing, tjing, tjing.”

“Misněm, kamana si Pintjang?”

“Naha, ‘Djang, aloes teuing ngaran oetjing teh, bět si Pintjang?”

“Da eta soekoena pintjang, ěmang! Bareto katinggang soeloeh. Mana ajeuna oetjingna, Misněm?”

“Eta sugan, noe brag-brig-broeg di para.”

Tjoeit, tjoeit, tjoeit; tjit, tjit, tjit………..

“Euleuh keur newak beurit meureun!” Toeh geuning, da enja! Beuritna koe si Pintjang dibawa ka Roesdi.

“Toeh ‘mang, si Pintjang mah, ari meunang beurit teh sok ditembongkeun ka koering! Pangabisana si Pintjang rea pisan, naek,

loentjat, disada, djeung ngodjaj.”

“Wah, moal ěnja aja utjing bisa ngodjaj!”

“Ih! Bisaeun, ‘mang geura tingalikeun.” Si Pintjang di děpakeun koe Roesdi, bari diasoj-asoj, kawas noe ngodjaj, boentoetna

ditarik.

“Toeh, ‘mang, ngodjaj ari kitoe teh!”

“Edas! Ĕnja bae,” Tjeuk paman Roesdi.

Oetjingna rada keuheul ka Roesdi, pek malikan, ngoet kana beungeutna, toeloej loempat ka leuit. Roesdi amběkeun pisan ka si

Pintjang.

“Toeh oetjingna asoep ka leuit, ‘Di!” omong pamanna.

“Da oenggal poe oge sok di leuit bae, noenggoean pare, bisi koe beurit. Lamoen parena beak, ti mana koering nja dahar, atoeh

moal lintoeh,” tjeuk Roesdi.

“Hih! Sia mah ngan barang hakan bae kabeuki teh. Koemaha ‘moen beuteung sia kemboeng teuing, Toeloej ngapoeng kawas balon?”

7. TJILAKA DOEANANA[édit]

Roesdi ngomong ka adina: “Misněm ! oerang ngangon domba hajoe, geus beurang!”

Eta doea Boedak laloempatan, paheula-heula ka kandang domba. Roesdi noe pangheulana, Toeloej mukakeun pantona.

Si Djaloe ditalian, Toeloej ditoengtoen kaloear. Geus diloear, henteu boeroe-boeroe diangon Koe Roesdi, tapi dibawa oelin

heula. Ditoempakan, didepakeun djeung diotjonan. Ari koe Misněm ditarik tjeulina, dibetot boentoetna djeung dibaboekan.

Domba ngamběk, Toeloej nangtoeng, gěpoek neunggar beuteung Roesdi. Hadena bae teu tarik neunggarna. Roesdi ngan oekoer laboeh

djeung ceurik wawaw-wiwiw meueusan.

Tjeuk Misněm: “Oelah tjeurik ‘Oedi! adatna lalaki mah; djeung bongan sia ongkoh, naha atoeh si Djaloe diheureujan?”

Dombana loempat ka saoeng lisoeng. Toeloej diaroedag.

“Keun bae, Roesdi, entong dioedag, da toeloej ka kěbon geuning! Oerang noetoe bae ajeuna mah, keur parab hajam,” Tjeuk

Misněm.

“Wah ! moal ěnja sia bisa noetoe, apan beurat haloena!”

“Pirakoe teu bisa noetoe mah, apan aing teh awewe, geura tendjokeun!” Si Misněm Toeloej njokot haloe leutik.

Gědoeg! Gědoeg! Gědoeg! Si Misněm noetoe.

“Edas! Ĕnja bae sia geus bisa noetoe.”

Si Misněm atoheun nakěr dipoeji teh, njěkělna haloe lalawora, bari loeak-lieuk. Haloena kalesotan, gědak ninggang tarangna

pisan.

Si Misněm tjeurik aloek-aloekan. Roesdi gěgěroan: “Toeloeng! toeloeng! toeloeng! si Misněm paeh, katinggang haloe!”

Kolotna karageteun, laloempatan njampeurkeun. Si Misněm ngadjongkeng, tarangna bantjoenoer. Koe indoengna dipangkoe ka imah,

Toeloej dioebaran Koe beas djeung tjikoer.

“Wah, si Misněm, kitoe-kitoe bae tjeurik; geuning aing tadi ditoebroek domba teu tjeurik.” Tjeuk Roesdi.

“Na’ iraha sia ditoebroek domba?” Tjeuk pamanna.

“Kapan tadi, ‘mang ! basa keur diangon.”

“Adatna ari barudak balangor mah sok tjilaka,” tembal pamanna.

8. TUKANG GAMBAR[édit]

Sabada isa indoeng bapa Roesdi djeung pamanna ngawarangkong di tengah imah. Ari noe dicaritakeun taja lian, ngan kabangoran

Roesdi djeung Misněm. Eta doea Boedak ngan hahah-heheh bae seuseurian. Si Roesdi gagambaran koe apu dina panto. Ari si Misněm

milang doedoeitan siki asěm toekangeun indoengna.

Kira-kira poekoel salapan baroedak teh laloempatan ka ěnggon, Toeloej harees.

Gagambaran Roesdi dina panto katendjo koe pamanna.

“Aeh-aeh si Roesdi teh koetan bisa ngagambar! Naha sok laladjo wajang? Geuning itoe geus bisa ngagambar wajang!”

Tembal bapa Roesdi: “Kapan kamari koe akang tas di bawa ti noe kariaan, ari di dinja nanggap wajang.”

“Paingan atoeh ari kitoe mah,” Tjeuk pamanna Roesdi.

“Rasa koering ieu boedak pipintěreun, da tapakna geus tembong. Geura sakolakeun bae atoeh, kang !”

“Har, kapan ěnggeus dibawa ka sakola desa, tapi saoer Goeroe, atjan tjoekoep oemoerna, koedoe ěngke taoen hareup,” tembal ‘Pa

Roesdi.

Neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng !

“Euleuh ! geuning geus peuting; Hajoe oerang marondok, bisi isoek kabeurangan ka sawah.”

Indoeng Roesdi toeloej merenkeun oeroetna ngaropi. Sanggeus kitoe, Toeloej doeg sarare, talibra pisan. Harita di imah

djěmpling tiiseun, kawas gaang katintjak bae. Noe kadenge sora beurit tingtjaroeit, tingkoeroetak, nareangan kahakanan.

9. WANGKONGAN PAMAN ROESDI[édit]

Isoek-isoek bari ngaropi, Pa Roesdi djeung pamanna tea ngawarangkong bae di dapoer, bari ngadagoan boeboej sampeu djeung sangraj soeoek.

“Sampeu djeung soeoek teh di pilemboeran mah ngan dipake deungeun ngopi bae, nja kang?” tjeuk paman Roesdi. “Ari di dajeuh mah rea rea deuipigaweeunana.”

Boelan toekang koering tas njaba ti Bandoeng,ti sobat koering, tangkoelak sampeu djeung soeoek. Di Bandoeng mah aja hargana ieu anoe di boeboej djeung di sangraj teh, malah sok radjeun mahal.”

Babakoena sampeu digiling di arah atjina, ari soeoek dikampa diarah minjakna.

Harita koering djangdji ka sobat koering, sarta sanggoep mang njiarkeun sampeu djeung soeoek, Lamoen kira – kira gĕde oentoengna mah. Barang koe koering ditimbang timbang harga meuli djeung ngadjoeal teh, bĕt nikĕl hasilna. Koe sabab eta ajeuna koering sakalian bae rek balangsiar.”

“Ih, akang oge boga sampeu sampeu bae mah,”tembal ‘Pa Roesdi ” di Pasirlangoe sampeuna aja opat baoe, di Pasirmoencang soeoek aja tiloe baoe. Kira-kira mahal hargana mah, noe akang ‘ge rek didjoeal, geura hajoe oerang ilikan ka kebon.”

Bral Pa Roesdi djeung adina, malah si Roesdi djeung Misnĕm oge mariloe.Sajalan-jalan teu eureun eureun njarita hal sampeu djeung soeoek.

” Bapa, bapa! Sampeu koering mah moal didjoeal. Lamoen teu pajoe satangkal sapeser mah,” Tjeuk baroedak teh. “Djeung oelah didjoeal kabeh atoeh, bisi euweuh boeboejeun keur oerang.”

10. DI KĔBON ‘PA ROESDI[édit]

”Aeh-aeh! koetan kang Loerah Pareman teh beunghar, kebon sampeu mani satoengtoeng deuleu, kebon soeoek pirang loewoek. Ieu, lamoen didoeitkeun teh aja ratoes perakna, kang!:” Tjeuk paman Roesdi.

“Ajeuna,keun bae koe koering oerang djoeal, asal poegoeh hasilna bae, akang tampi laladangna.”

“Ih soekoer ari sanggoep kitoe mah,” tembal pak Roesdi ka adina. Hajoe oerang badami bari ngioehan di saoeng.

Tjik Roesdi ngaraboet sampeu satangkal pek boeboej, Toeh diditoe dina doeroekan.”

Bari ngioehan di saoeng, paman Roesdi njaritakeun deui panggilingan sampeu djeung ngampa soeoek.

Kieu tjaritaannana:

“Sampeu teh saanggeusna digiling atawa diparoed pek digalĕjan sarta ditjaian sameudjeuhna. Ti dinja toeloej dipĕrĕs bari disaring, ari geus beunang njaring ditampĕrkeun dina sababaraha bak, diarah atjina. Ari hampasna atawa onggokna,eta oge didjoealkeun. Di Bandoeng onggok toehoer pajoe lima welas kĕtip sapikoel. Dĕmi atjina dikirimkeun ka nagara nagara sabrang sarta hargana mahal.

Prak-prakanana di panggilingan, koering hĕnteu pati tĕrang bĕnĕr, da geuning rea nakĕr parabotna teh. Mangga ĕngke bae ari sĕnang sĕnang, oerang angkat kaditoe, ambeh oeninga atoeranana ongkoh. Oepami soeoek dikampa, diarah minjakna, babakoena koe oerang Tjiateul di kota Bandoeng. Ieu oge, prak-prakannana njieun minjak kawas moal pati tĕrang ditjaritakeun koe koering oetoeh, Langkoeng sae ĕngke bae ari ka Bandoengtea. Oerang sakalian ka pangampaan soeoek. Ari moelih ti pangampaan oerang ngagaleuh gĕblég sarĕng ontjom.”

“Gĕblégna keur parab laoek dibalong oerang.” Tjeuk Misnĕm.

”Heueuh Nĕm, tapi ontjomna mahkeur aing!”

Keur waktoe baroedak ngaromong kitoe,geus mĕndoeng pihoedjaneun.

”Hajoe!” tjeuk pamanna, ”Oerangbaralik, bisi hoedjan.”

11. GĔLAP[édit]

Kira – kira wantji bĕdoeg, noe ti karebon tea geus daratang ka lemboer, barang gek pisan di tĕpas imahna, coer bae hoedjan, gĕlap dor-dar taja eureunna.

Baroedak laloempatan ka imah, njoempoet bari njotjokan tjeuli sarta gĕgĕroan ” Sieun gĕlap! Sieun gĕlap! “

Hoedjanna teu lila raat, ngankari ngĕproel kawas iboen, tapi gĕlap mah anggĕr, dor-dar matak kĕtir keneh bae.

”Leuh! Hadean bae oerang geus nĕpi ka imah, tjoba lamoen diditoe keneh mah, keueung tĕmĕn kainggis teh bĕlĕdag dibentar gĕlap,” omong Pa Roesdi.

Barang keur ngomong kitoe, boerinjaj, boerinjaj, bĕlĕdag, djĕlĕgér, deukeut pisan sorana teh. “Moal salah tangtoe aja noe dibĕntar gĕlap, euj! Tah geuning aja anoe djĕdjĕritan, gĕgĕroan”.

Barang toeroen, katarendjoeun, djelĕma rame tinggarĕro “kahoeroean! kahoeroean! kahoeroean!”

Pa Roesdi djeung adina laloempatan,rek miloe mareuman seuneu.

Si Roesdi djeung si Misnĕm gĕgĕroan ka indoengna, ” Toeloeng! Toeloeng! ” bari tjeurik rawah riwih, ” koering sieun kabeuleum! Sieun dibentar gĕlap!”

Ari si Misnĕm loeloempatan, Toeloej njoempoet ka kolong.

“Ka darieu baroedak! Montong sieun-sieun, kapan aja ĕma didieu,” Omong indoengna. Tapi si Misnĕm tjitjing bae di kolong, ari Roesdi ngadĕdĕmpĕs di para.

12. KAHOEROEAN[édit]

Barang Pa Roesdi djeung adina nĕpi kanoe kahoeroean tea, djĕlĕma noe noeloengan tatjan pati loba, seuneuna keur meudjeuhna moentab-moentab tingbalĕlĕtok, tingbalĕlĕdoeg sora awi anoe bararitoe.

Noe tjeurik rawah-riwih, awewe patingdjerewet bari ngariringkik, baroedak laloempatan ngaler ngidul, aki-aki nini-nini digarandong koe anak intjoena, njaringkahan seuneu hoeroeng.

Jĕlĕma-jĕlĕma naroeloenganana teu poegoeh tjabak, lantaran kasima koe seuneu sakitoe gĕdena. Silalatoe tingbĕlĕwĕr,tingbĕlĕsat kawas aja noe ngaloeng-ngaloengkeun bae. Malah tepi deui ka imah sedjen, atoeh beuki nambah gĕde bae seuneuna teh.

Jĕlĕma-jelĕma, aja noe ngĕprakan koe gantar, ngaloeng-ngaloengkeun gĕbog kana seuneu djeung ngabandjoeran koe tjai tina lodong.

Di soehoenan-soehoenan imah reuteum noe marawa eunteung djeung kĕris, ditodjokeun kana seuneu. Anoe sawareh deui toembak diatjoeng-atjoengkeun. Pokna jelĕma jelĕma eta teh panjinglar seuneu.

Keur sakitoe riboetna kabĕnĕran gĕr deui hoedjan lewih gĕde batan tadi.

Seuneu noe ngoentab tea ngadakngadak pĕs pareum. Noe naroeloengan toeloej baralik ka saimah-imahna.

Anoe taringgal di dinja ngan kari noe boga imah djeung tatangga-tatangga noe dareukeut, marantoean meres-mereskeun barang noe teu kahoeroean.

Tjik, baroedak, mana noe panghadena baris mareuman kahoeroean teh, koe tjai, atawa koe eunteung, atawa koe kĕris djeung panjinglar noe sedjen?

13. OELIN[édit]

Isoek-isoek keneh Bakri djeung Djahri geus tingkoeroemoej handapeun tangkal limoes moeloengan boeah noe ragrag atawa oeroet kalong. Barang geus mareunang boeah, toeloej aroelin.

“Oerang njampeur Oedjang Roesdi heula, joe! Soegan aja keneh di imahna,” omong noe saoerang.

Ti kajauhan keneh eta baroedak geus gĕgĕroan, njaloekan Roesdi.

” Djang Oedi….! Djang Oedi…! Kamana Djang Roesdi teh?”

” Soegan geus njaba, euj!” Tjeuk noe saoerang deui.

” Tjik tjaloekan sakali deui, Kri!”

” Djang Roesdi…..! Djang Gembroe….!”

” Eueueueuj ieu euj dewek teh,” tembal Roesdi.

” Keur naon, djang di hawoe?”

” Keur sidoeroe, euj. Tiris, bari noenggoean boeboej sampeu. Ke oerang djait heula sampeuna nja! Moeboejna opat sagĕde gĕde leungeun silaing. Hajang Kri?”

” Poegoeh bae, Djang, hajang mah.”

” Kop tah hidji. Sapotong sewang djeung Djahri. Ieu noe tiloe keur dewek sorangan.”

“ Aeh-aeh, na beak tiloe londjor koe sorangan?: Tjeuk Djahri.

” Poegoeh bae, malah koerang keneh sakieu mah,” tembal Roesdi.

” Na, ari silaing gemboel teuing, Di?”

“ Iih, lain gemboel, euj. Beuki barang hakan ari kitoe mah.”

” Paingan sakitoe gembroena,”omong Bakri.

Roesdi nembal ka batoerna ” Na,mĕnding mana, bĕgang kawas silaing djeung gĕmbroe kawas dewek?”

” Nja, teuing atoeh,” tembal Bakri ” Hajoe euj, djeung tjitjing bae di hawoe mah mĕnding aroelin. Da sidoeroe teh matak rea pare, tjeuk kolot oge. Ka mana oelinna, euj?” jawab Roesdi ” Oerang kokoletjeran, joe! Meungpeung gĕde anginna.”

” Koemaha dewek mah teu boga koletjerna,” tembal Bakri.

” Dewek ge teu boga,” omong Djahri

” Ka mana ateuh oelinna, euj?”

“ Oerang titimploekan bae hajoe, sisi Tjigĕde, meungpeung rea keusik keur gogorolonganana,” Tjeuk Roesdi.

” Hajoe atoeh.”

Barang Baroedak lalaki keur ngomong kitoe, kadengeeun koe si Misnĕm. Misnĕm loempat njampeurkeun bari gĕgĕroan ” Koering miloe,Kaka Roesdi!”

” Ah, montong sia mah awewe,”tembal Roesdi. Misnĕm njĕntak ka Roesdi, “Na ari awewe oelah oelin?”

“ Pek rek miloe mah, tapi ngadjak batoer sia heula, awewe deui!” Tjeuk Roesdi. Broel baroedak teh, awewe lalaki ngaleut ka sisi tjai.

14. TITIMPLOEKAN[édit]

Barang geus deukeut ka sisi waloengan, baroedak laloempatan, paheula-heula datang ka sisi tjai. Baroedak awewe katinggaleun, tingdjarĕrit menta didagoan.

Roesdi gĕgĕroan ” Kop djurig tjai, pĕgat boedak awewe!” Baroedak awewe beuki tarik galĕgĕroanana. ” Toeloeng! Lalaki, Toeloeng! Aja noe ngoedag pandeuri!”

” Kop bae, lĕbok,” tjeuk boedak lalaki teh. Teu lila baroedak geus nĕpi ka sisi tjai.

” Oerang mandi heula,” Tjeuk Bakri.

” Ah, ĕngke bae tas oelin!” omong noe saoerang deui.

“ Oelin naon, tadi teh Roesdi?” Tjeuk Djahri.

” Apan titimploekan, euj!” tembal Roesdi.

” Koemaha titimploekan teh? Ngaranna ge kakara ngadenge dewek mah. Oelin model mana eta?”

“ Model dewek bae,” Tjeuk Roesdi. ”Bareto nendjo baroedak oerang lemboer Tjigentur, aroelinna kitoe.”

” Na Koemaha pĕtana, Di?”

” Heug ĕngke koe dewek dipapatahan.”

” Lĕbah dieu silaing njieun goegoenoengan koe keusik, sing loehoer, lebah ditoe silaing njieun hidji deui. Dewek rek njieun bobolaanana,adoekeuneun.”

Si Roesdi Njieun bobolaan koe keusik sagĕde-gĕde hoeloe. Bakri djeung Djahri njarieun goegoenoengan.

Misnĕm djeung baroedak awewe noe sedjen maroeloengan harĕmis, keur doedoeitan.

Tjeuk Roesdi, ”Hajoe oerang titimploekan teh, tah bolana hidji sewang, meunang mangnjieunan dewek.

Barawa koe silaing hidji sewang, ka loehoer goegoenoengan. Ti loehoer, koe sarilaing gorolongkeun, sina diadoe, saha-saha noe peuraj bolana, eta noe eleh.

Dewek noe njaksian dihandap, ĕngke saha-saha noe peuraj bolana, eta noe giliran jadi saksi. Kaharti?”

” Poegoeh bae euj, Hajoe atoeh!”

Pek baroedak teh aroelin, pilih gĕnti noe naraek djeung noe jadi saksi.

Baroedak awewe laladjo bari njoerakan noe peuraj bolana.

Barang keur rame-rame aroelin, ger tjaah gĕde nakĕr teu kanjahoan lĕbna. Baroedak laloempatan, paheula-heula ka darat. Goegoenoengan pasir tea beak kabawa tjaah.

” Hajoe oerang baralik, bisi ditjarekan koe ĕma.” Broel baroedak teh baralik, ajang ajang goeng, bari kakawihan, kieu kawihna:

Ajang – ajang goeng, goeng,

Goeng goongna rame, me,

Menak Ki Mas Tanoe, noe

Noe djadi wadana, na

Naha mana kitoe, toe

Toekang olo olo, lo

Loba anoe giroek,roek

Roeket djeung kompeni, ni

Niat djadi pangkat, kat

Katon kagorengan, ngan

Ngantos kandjeng dalĕm, lĕm

Lĕmpa, lĕmpi, lĕmpong!

Ngadoe pipi djeung noe ompong.

15. DONGENG PAMAN[édit]

Roesdi, Misnĕm djeung pamanna, sanggeus daladaharan sore,gek darioek di tĕpas hareup. “Koemaha dongeng boehaja teh, mang?” Tjeuk Roesdi.”Tjing mangga geura tjarioskeun, koering hajang tĕrang!”

“Jeuh, kieu geura” Tjeuk pamanna, “pek darengekeun!”

Roesdi djeung Misnĕm beuki dareukeutan bae darioeknaka pamanna, malah Misnĕm mah nĕpi ka menta dilahoen.

“Taoen katoekang ĕmang njaba ka pakidoelan tanah Priangan, waktoe njiar barang dagangan. Dina hidji poe nĕpi ka sisi waloengan noe rea boehajana. Sawareh ngadarakom marojan dina keusik. Sawareh aja noe teuteuleuman, ngan katembong goebar-geborna bae. Harita ĕmang teu wani deukeut ka sisi tjai, da sieun koe sakadang-sakadang noe sakitoe gĕdena, nĕpi ka rek nintjak sasak oge teu wani, da sieun dioedag.

Keur waktoe ĕmang leumpang, di beulah girang aja awewe ngelek boboko kasisi tjai. Koe ĕmang teu di geureuh-geureuh, da mana kitoe oge biasana, teu sieun koe boehaja. Eta awewe tea gog nagog dina batoe bari ngisikan. Sihoreng gigireun batoe aja boehaja gĕde pisan, keur galasar goeloesoer mojan. Koe eta awewe tea roepa-roepana teu kanjahoan. Noe ngisikan tea ongkoh-ongkoh bae. Boehaja tea ti toekangeunana ngadodoho newak soekoena. Barang gĕp digegel, awewe teh gĕgĕroan menta toeloeng. Kabĕnĕran aja boedak noe njahoeun, Toeloej manehna loempat bebedja kakolot-kolot di lemboer eta. djĕlĕma-jĕlĕma ti lemboer ngabroel sapakarangna, rek noeloengan eta awewe tea. Tapi daratangna ĕlat teuing, awewe teh geus teu aja, digusur boehaja ka djero leuwi, ngan kari beasna bae awoer-awoeran loehoereun batoe.

Jĕlĕma noe rek naroeloengan, roepa-roepana geus teu sieun deui koe boehaja teh, broes bae taloetoeroeboen kana leuwi. Lĕp manehna nareangan awewe tea. Tapi weleh hĕnteu kapanggih, taksiran geus digoesoer ka leuwi sedjen. Boehaja noe aja dina eta leuwi kawasna ngan hidji-hidjina, daboektina teu tembong deui noe sedjen.”

“Koemaha ari ĕmang miloe mantoean neangan?” Tjeuk Roesdi.

“Atoeh poegoeh bae!” tembal pamanna “Sieun oge ngawajahnakeun maneh bae, da kolot boedak oerang oerang dinja geuning tjrab tjroeb alantjroeb ka leuwi.

Djĕlĕma kabeh geus harandjat ti waloengan toeloej baralik, malah sawareh mah aja noe tjeurik aloek-aloekan, taksiran baraja-barajana djeung anak-anakna”

“Lah matak karoĕnja nja, mang” Tjeuk Misnĕm, bari baragadag birigidig ngomongna.

“Hadean bae di lemboer oerang mah euweuh sato kitoe, nja mang!” omong Roesdi.”Meureun oeing moal wani oelin djaoeh, da sieun dihakan boehaja”.

16. BOEHAJA[édit]

“Mang!” Tjeuk Roesdi, “siga naon ari boehaja teh, tjara goerame tjetjepetan?”

“Hih, lain” jawab pamanna, ieu mah boentoetna pandjang djeung reregean. Ari roepana siga bajawak, tapi gĕde”

“Bajawak?” Tjeuk Roesdi, noe sok ngahakanan laoek di balong oerang?”

“Ĕnja!” Djawab pamanna, “malah lamoen gĕde mah meh tjeples, teu kapitjeun sasieur-sieur atjan.”

Ari tjitjingna biasana ngaboeboehan dimoeara-moeara waloengan, sabab di dinja sok loba kahakanan noe kabawa palid. Kakapeungan maranehannana oenggah oge ka darat, ngadon mojan atawa ngĕndog. Ari ngĕndogna teu noengtoet hidji-hidji seperti hajam, ieu mah disakalikeun bae dina logak, reana doea poeloeh nĕpi ka saratoes siki”

“Ngeunah ari ĕndog boehaja, mang?” Tjeuk Roesdi.

Ah teu njaho” dijawab pamanna, da tatjan ngasaan. Tjeuk noe beukieun mah,meureun ngeunah.”

“Naha eta boehaja teh tara eungapeun, salawasna tjitjing di jero tjai bae,mang?” omong Misnĕm, ongkoh lain laoek eta mah”

“Hĕnteu, da geus toeman” djawab pamanna, djeung deui oepama manehna teuleum, iroengna djeung tjeulina di pĕpĕtan koe lamad, soepaja oelah kaasoepan tjai. Oepama njeunghap, kakara eta lamad teh diboeka deui.”

“Mang!, Tjeuk Roesdi, naon sababna djĕlĕma sok aja noe diseboetboehaja?”

“Euh. Eta djĕlĕma noe kitoe kalakoeanana tjara boehaja tea, njaeta djĕlĕma djahat.Geuning boehaja sakitoe ngaroeksakna ka djĕlĕma.”

“Koemaha, mang koelit boehaja teh leueur tjara bĕloet?” Tjeuk Roesdi.

“Hih, hĕnteu. Ieu mah karadak sarta kandĕl”

“Na ĕnja tjimata boehaja sok dipake djimat, mang? Tjeuk Roesdi.

“Ih, oelah pertjaja” djawab pamanna, eta kaomongan djĕlĕma bae, da saĕnjana mah hĕnteu. Geura ĕmang rek njaritakeun lalampahan hidji boedak, ngaranna Sardjan.

Manehna sakolana geus doea tahun, tapi kakara kelas hidji,sabab ngĕdoel tara daek ngapalkeun. Koe hal eta, koe goeroe-goeroena sok rĕmĕn diseuseul, malah sakapeung mah disĕtrap. Eta boedak geus ngadenge bedja, jen bapana boga djimat, tjimata boehaja, khasiatna matak diasih koe sagala djĕlĕma. Isoek-isoek, waktoe bapana ka tjai djeung indoengna keur ngisikan, karajap manehna ka ĕnggon bapana, bari tjoengas tjingeus, rek njokot djimat.

Sanggeus kapanggih, djoet toeroen ti imah, los ka iskola sarta ngomong di djero atina: “Ah, sageuj, djuragan goeroe teh teu asiheun ajeuna mah ka aing”.

Saĕntasna ditongtrongan, boes asoep ka iskola sarta gek dioek dina bangkoe tĕmpatna. Leungeunna teu reureuh roempoe rampa kana soekoena, da sieun djimatna leungit. “Sardjan!”, Tjeuk goeroena, “Koemaha raraban teh, apal?”

Sardjan ngabĕtĕm bae, teu lemek teu njarek da geus roemasa teu ngapalkeun. Goeroena bĕndoe, sarta Sardjan waktoe bĕrĕnti teu meunang bidjil. Manehna ngomong di djero atina “Beh na mah djimat teh euweuh gawean da ditjarekan mah teu boeroeng.”

Ti waktoe harita kakara eta boedak teh gĕtol sarta teu mangkoek saminggoe katjida nakĕr dipikanjaah koe goeroena.”

17. BOEDAK RAGRAG[édit]

Batoer Roesdi noe galĕde ngaranna si Djahir djeung si Kadir. Dina hidji poe eta doea boedak njalampeur oelin ka Roesdi, ngajak ngala sajang tikoekoer dina tangkal tangkil. Roesdi atoheun nakĕr, da “ĕngke rek dibere anakna” Tjeuk si Kadir.

Barang nĕpi ka handapeun tangkal noe aja sajang manoekan tea, si Kadir terekel naek. Roesdi djeung Djahir ngadaragoan handapeunana. Kadir ngarangsod naek kana deukeut poetjoekna pisan, da eta sajang tea ajana di poentjak. Baroedak noe doea, noe aja di handap, arongkoh-ongkoh bae aroelin bari ngadagoan anak manoek.

Geus sadjongdjongan lilana, kadenge koe Roesdi, di loehoer aja noe ngadarokdok. Barang ditanggahan, dahan noe ditintjak koe si Kadir tea peunggas. Si Kadir teu kaboeroe moentang, koleang ragrag, gĕdeboet ninggang batoe. Lila pisan si Kadir ngoedoepoeng teu oesik teu malik, ngan kadenge sorana bae gegeroengan.

Roesdi djeung Djahir gĕgĕroan, menta toeloeng. Teu lila broel baroedak noe sedjen daratang. Aja noe ngabandjoer, aja noe ngaroengkoepan koe dangdaoenan bari galageroan ” Tjareuh, tjareuh, tjareuh!”

Sanggeus hantĕm ditaroeloengan koe batoeranna, koelisik-koelisik Kadir usik, tapi adoeh-adoehan keneh bae bari gĕgĕroan, teu bisaeun nangtoeng-nangtoeng atjan. Koe baroedak batoer-batoerna digarotong di bawa ka imahna.

Barang katendjo koe indoeng bapana, katjida pisan maranehanana karagetanana, bari nanja naon sababna pang ragrag. Koe si Roesdi djeung koe si Djahir dibedjakeun ti mimitina nĕpi ka ragragna. Si Kadir koe indoengna dibaloeran koe beas djeung tjikoer, bari djeung ditjeungtjeurikan.

Sanggeus katendjo Kadir rada tjageur, Roesdi djeung Djahir bebedja rek baralik.

Datang-datang ka imahna, Roesdi tjarita ka bapana, jen si Kadir ragrag, sarta koe manehna ditjaritakeun asal-asalna, seperti njarita ka bapa Kadir tea.

“Tah kitoe, Oedjang, toengtoengna boedak sok tataekan teh, ” Tjeuk bapana ” noe matak peupeudjeuh, sia mah oelah sok nalaktak, bisi tjilaka kawas si Kadir. Manoekna teu beunang, batina potong soekoe atawa potong leungeun.

18. TJAAH[édit]

Oenggal-oenggal taoen tangtoe oerang manggih waktoe ngidjih. Lemboer-lemboer noe sisi waloengan, Lamoen ngidjihna tea, sok radjeun katjaahan. Lamoen tjaahna gĕde, tjaina sok radjeun limpas ka darat.

Ari lemboer Roesdi pernahna di sisi waloengan. Dina hidji poe, basa hoedjan gĕde, kabeh waloengan-waloengan, soesoekan-soesoekan tjaraah. Sawah-sawah, balong-balong kakeueum, malah rea pisan sasak-sasak noe paralid.

Tjaina waloengan-waloengan wani leber, rea nakĕr tatangkalan noe galede paralid kabawa tjaah. Hateup eurih wani meh mĕndĕt dina waloengan kawas-kawasna aja imah atawa saoeng kabawa palid. Toekangeun eta ngaboegigag bangke ĕmbe djeung bangke moending, ari bangke hajam mah teu kabilang deui, tina bawaning koe rea.

Tjaahna teu lila orot, tatangkalan njarangsang sisi waloengan. Kolot-kolot pahiboet ngaradekan rangrang keur soeloeh. Sawareh tingkalatjeboer nararikan kai ti tengah tjai, da noe di darat mah beakeun koe batoer.

Roesdi djeung batoer-batoerna oge aja di dinja. Tapi ngan narendjokeun ti kadjaoehan bae, da sarieuneun kabawa palid. Ti soesoekan leutik maranehannana manggih laoek, taksiran bae anoe kalimpaskeun koe tjaah tea.

Barang geus beak alaeunana, ngabroel baralik ti tjai, ngaleut marawa beubeunangannana. Sapandjang jalan rame noe saleuseurian saloesoerakan tina rea babawaanana.

Eta djĕlĕma ngomong kieu ” Lah, hajang teh oenggal poe tjaah kawas tadi, ambeh teu soesah koe laoek djeung teu soesah koe soeloeh”

Tembal batoerna noe sedjen :”Ih, oentoeng soteh oerang, da ari batoer mah roegi katjaahan. Kebonna djeung pĕpĕlakanana leboer, imahna djeung parabotanana roeksak, malah sakapeung mah aja oge djĕlĕma paeh kabawa palid.”

19. TJARITA ‘PA ROESDI[édit]

Barang datang ka imah, Roesdi nanja ka bapana, “Bapa! Remen tjaah kawas kitoe téh?” Jawab bapana, “Poegoeh éta mah, Oedjang, atoeh lain tjaah gedé. Baheula, keur waktoe sia leutik kénéh, imah téh kapan lain di dieu, di ditoe, deukeut pisan ka waloengan.

Ieu, noe ieu mah anjar, da noe heubeul mah kapan beak, kabawa tjai.

Harita, waktoe tjaah gedé téa lantaran goenoeng Papandajan bitoe, euleuh, aja riboet! Bapa ngagandong sia, ĕma ngagandong si Misnĕm, loempat ti imah satakĕr tanaga. Hadéna baé, barang geus nĕpi ka Pasirmoencang, tjaina kakara lĕb ka imah. Teu lila imah roentoeh, djeung kabawa palid. Kandang-kandang moending kabéh kabawa, sasatoan teu hidji-hidji atjan noe kapoeloek.

Bapa, ĕma, sia djeung si Misnĕm meunang doea poé doea peuting tjitjing di pasir, ngarĕrĕb di saoeng leutik.

Barang tjaah geus saat, kakara toeroen deui ka lemboer; ari njampak, geus teu imah, teu naon, teu naon-naon da kabéh kabawa tjaah. Balong kabéh barĕdah, papakéan teu satjiwit-ciwit atjan; baranghakan sapanggihna, héés saloengkar-salingkĕr di saoeng batoer. Waktoe tjaah harita, lain imah oerang baé noe palid téh, Nadjan kabéh imah batoer ogé paralid. Saboelan ti sanggeus tjaah, ramé ngaradĕgkeun deui imah, rada béh pasir noe djauh ti sisi waloengan.

Tah imah ieu noe anjar diadegkeun téh, meunang koekoempoel djoedjoealan pare djeung barang noe di pihapékeun di aki sia, di goenoeng. Hadéna baé tjaah ayeuna mah teu gedé tjara baheula.

Lamoen tjaah gedé, sia rék kamana nja loempat?”

Témbal Roesdi: “Ah, rék ménta digandong baé koe bapa, da bapa mah djangkoeng, moal ĕnja katjaahan. Bapa kabawa palid kadjeun, da koering mah digandong. Si Misnĕm meureun diais koe ĕma, imah oerang moal ĕnja kabawa palid, da gedé.

Tapi ari hadena mah oelah tjaah deui da koering sok reuwas.”

20. PILEULEUJAN[édit]

Geus meunang doea minggu Moerdiam ngandjang di kolot Roesdi. Oenggal-oenggal poé njaba néndjoan kebon-kebon djeung palawidja oerang lemboer. Di dinja manéhna meulian sampeu djeung soeoek,djoealeun deui di dajeuh. Malah Pa Roesdi ogé ngadjoeal ti kebonna. Tapi boeboejeun Roesdi djeung Misnĕm mah teu koerang, aja kénéh doea tiloe baoe deui mah.

Sakali mangsa, barang Roesdi djeung Misnĕm haroedang, isoek-isoek, di boeroean geus aja koeda meunang njelaan, toempakaneun pamanna sabab rék moelang.

“Mang, naha bĕt geus rék balik?”tjék Roesdi, “kapan kakara ogé sakeudeung di dieu téh. Meureun nineung tĕmĕn, ‘mang, koering engké, djeung moal aja noe mangdongéngkeun ka koering .”

“Hih, Oedi, moal lila ogé ĕmang balik deui. Doakeun baé sing salamet, ambéh oerang bisa oelin deui kawas baréto.

Ajeuna ĕmang kapan geus opat welas poé di dieu téh, Koemaha da mĕlang koe embina di lemboer.”

Misnĕm gawéna tjitjing baé, teu lémék teu njarék, diuk gigireun pamanna, sĕmoe ngoejoeng.

“Ah, oelah dipaké ngoejoeng, Inem,” cék pamanna. “Engké moen ĕmang balik deui, rék barang kirim. Tjing hajang dikirim naon?”

“Mang, koering mah hajang roti koekoedaan, sisir pinti, djeung saboen seungit,” tjék Misnĕm.

“Heug, engké koe ĕmang dikirim. Ĕmang ajeuna rek bébérés heula.”

Teu lila geus bérés Toeloej dalahar. Sabot dahar, Roesdi mah teu miloe njarita, ngan ngahantĕm nĕtĕg beuteung baé, da bisi béakeun koe si Misnĕm.

Sanggeus réngsé daladaharanana, Toeloej taroeroen. Roesdi djeung Misnĕm maroentang kana leungeun pamanna, sabeoelah séwang. Tjlak paman Roesdi mantjal koeda. Koedana nereleng.

“Wah, mamang mah moal ragrag, da geus toeman,” tjék Roesdi.

Toeloej indit.

“Pileuleujan baé ‘mang,” tjék Roesdi,”djeung roti keur Misnĕm téa, oelah poho, nja!”

21. KAKARIAANAN[édit]

Indoeng bapa Roesdi saméméh arindit ka pasar, ngomong ka anakna: “Baroedak, sia montong mariloe ka pasar, da ĕma ogé moal lila. Ĕngké ti pasar dikirim kahakanan djeung tjotjooan. Tjaritjing baé sia di dieu, toenggoean imah.”

“Heug!” témbal baroedak téh.

Indoeng bapana djoeng arindit kapasar.

Roesdi djeung Misnĕm aroelin di tĕpas.

Teu lila djol batoer oelinna, siRamlan djeung si Iti.

“Keur naraon, euj?” tjeuk Iti.

“Keur oelin baé,” témbal si Misnĕm.

“‘Nĕm! Oerang oelin hajoe, kasawah,” tjeuk Iti.

“Ah emboeng,” témbal si Misnĕm.”da aing mah dititah toenggoe imah koe ĕma.”

“Na ka mana indoeng sia, ‘Nĕm?”

“Keur ka pasar, ‘ti, malah djeungbapa ka pasarna. Di dieu baé atoeh oelinna Iti! Ĕngké ari koe ĕma dikirim naon-naon tipasar, sia dibéré koe aing.”

“Seug!” témbal si Iti.

“Oerang kakariaanan hajoe,” tjeuksi Misnĕm.

“Pék, ke aing ngala daoen nangkana, keur sigĕr djeung beubeurna,” omong Roesdi. “Si Ramlan sina njieun papadjanganana koe dangdaoenan.”

Si Roesdi njieun sigĕr geus anggeus, make rarawis koe kĕkĕmbangan.

“Tah deuleu, baroedak, geus anggeus sigĕr téh; pék sia panganténna, Misnĕm.”

Si Misnĕm geus didangdanan, disigĕrandaoen nangka, beubeurna daoen nangka, didjieun kawas panganten, ari kongkorongna kĕkĕmbangan.

Beunang ngadangdanan, toeloej broel diiring-iringkeun. Tatabeuhanana batok, kaléng djeung awi ditakolan. Baroedak tatanggana daratang ngariloe oelin. Atoeh ramé baé aroelinna saloesoerakan.

Sanggeus iring-iringan ngoerilingan imah, gék panganténna didioekkeun dina papadjangan téa.

Keur ramé-ramé aroelin, djol indoengbapa Roesdi daratang ti pasar.

“Tah geuning baroedak téh balageur,” tjeuk indoeng Roesdi. “Top ieu kahakanan geura saridĕkah.”

Baroedak ngarioeng, baranghakan.

Sanggeus barang hakan, toeloej baralik ka saimah-imahna.

22. KA ONDANGAN[édit]

Di pipir imah Roesdi ngagoendoek sababaraha tanggoengan soeloeh. Tjaoe asak ngagantoeng sababaraha toeroej.

“Bapa! Tjaoe djeung soeloeh keurka mana éta téh, réa-réa teuing?” tjeuk Roesdi.

“Kapan keur njamboengan ka djoeragan Tjamat, rék kariaan njepitan poetrana. Na’ sia teu njaho? Bapa djeung ĕma isoekan rék ka ondangan ka katjamatan,” témbal bapana. “Sia djeung si Misnĕm mah tjaritjing baé di imah, oelah mariloe da djaoeh.”

“Wah, teu oemoem baé baroedak ditinggalkeun di imah!” omong indoeng Roesdi.

Si Roesdi atoheun pisan ngadéngéomong indoengna kitoe.

Isoekna djĕlĕma-djĕlĕma noe pinanggoengeun keur njamboengan téa geus ngagimboeng di pipir. Aja noe nanggoeng soeloeh, nanggoeng tjaoe, nanggoeng soemboel, nanggoeng daoen djeung doea tiloen oe noengtoen ĕmbé.

Barang geus sadia, broel aleutan tanggoengan téa diiringkeun koe Roesdi, toempak koeda ngadoea djeung bapana. Si Misnĕm djeung indoengna ditandoe.

Kira-kira wantji bedoeg aleutan bapa Roesdi nĕpi ka katja-katja Katjamatan. Di dinja Roesdi katjida pisan kagéteunana néndjo jalma ratoes-ratoes, balawiri ka dieu ka ditoe. Babakoena noe keur arakoet-akoet djeung balébérés di balandongan.

Roesdi djeung Misnĕm silih toél, sagala ditoendjoek, sagala ditanjakeun ka bapana. Roepa-roepana Saoemoer kakara néndjo noe aranéh-anéh soemawonna barang nĕpi ka pipir balandongan mah, beuki roendag-randeg baé leumpangna. Matana baroedak teu ngitjeup-ngitjeup.

Indoeng bapa Roesdi toeloej ngahatoerkeun panjamboenganana ka djoeragan istri. Sanggeus disoegoehan dahar leueut, toeloej aroendjoekan, rék mihapékeun heula baroedak ka pondokna.

Barang datang ka pamondokan, Roesdi nanja ka bapana: “Bapa, keur naon saoeng noe gedé tadi téh, naha dibalaan koe daoen tjaringin?”

Témbal bapana: ”Éta ngaranna balandongan, kapan keur ĕngké sore rék pésta di dinja. Hajoe, ĕngké oerang laladjo djeung si Misnĕm ka ditoe, nja! Tapi ajeuna tjaritjing baé didieu, toeh aroelin djeung baroedak. Bapa djeung ĕma rék digawé heula di katjamatan.”

23. PA ROESDI DI KATJAMATAN[édit]

Bapa Roesdi djeung ĕmana gek darioek, tjong njarembah, ngadeuheusan ka Djoeragan Tjamat istri.

“Tah geuning bapa Roesdi djeung ĕma?! Wantji koemaha daratang?” Saoer Djoeragan istri.

“Soemoehoen timbalan, nĕmbe dongkap bieu pisan, kaoelan,” pioendjoek ‘Pa Roesdi.

“Beh darieu atoeh tjaralikna,” saoer Tjamat istri,” oelah deukeut teuing panto, eta kalalar kaliwat koe noe barang bawa.”

“Teu sawios kaoelan!”

“Eh, oelah kitoe, beh dieu, da koelasono ongkoh.”

“Gamparan,” tjeuk amboe Roesdi,”abdi teh moeng soemedja ngadeuheusan bae, teu barang bantoen nanaon, moeng hatoer loemajan bae, doemeudeul koe tjongo rema, beas sakoelak, tjaoe sasikat sareng soeloeh sateukteuk.”

“Beu, noehoen atoeh, ĕma, sakieu oge asa ditambahan toelang tonggong bae koela teh. Djeung saĕnjana mah ĕma djeung bapa teh henteu diarĕp-arĕp kikirimanana mah ngan nĕda dikokolotanan bae dina perkara aras-oeroes hadjat, da moal saha deui atoeh, katjonggah koela teh, ngan ka bapa djeung ĕma.”

“Sewoe-sewoe kasoehoen,” wangsoelan bapa Roesdi, bari tjong njembah, “djisim abdi rawoeh abdi gamparan, poen bodjo, diloemajankeun koe lingging gamparan, da mĕnggah katiasa mah teu aja pisan, kaoelanoen.”

Keur Djoeragan Tjamat istri njarios djeung bapa Loerah pareman, sarta djeung ĕma Loerahna, djol Djoeragan pamĕgĕt soemping ka dinja.

“Tah geuning bapa djeung ĕma geus di darieu. Geus lila bapa?”

“Soemoehoen parantos, kaoelanoen,”pioendjoek ‘Pa Roesdi.

Djoeragan pamĕgĕt gek linggih bari papariksa ka ‘Pa Roesdi. “Bapa, katjida pisan koela teh nja boengah, doemeh bapa boeroe-boeroe datang ka dieu. Ti waktoe ieu koela njerenkeun ka bapa sakoer kaajaan balandongan hade gorengna, beres henteuna, koela teu ngaborongkeun bapa. Noe pinoeloengeun noe pibantoeeun mah teu koerang, ngan atjan aja anoe djadi kokolotna bae.”

“Sewoe noehoen, oepami djisim abdi diloemajankeun dianggo nja kabodoan mah, kaoelan!”

“Ĕma,” saoer djoeragan istri,”ari koela njerenkeun sagala kaajaan di oebroeg, eta kabeh koela teu ngaborongkeun ĕma.”

“Gamparan, atoeh abdi mah teu tiasa naon-naon, katiasa moeng saoekoer ngasoer ngasoer seuneu, kaoelan. Namoeng sakitoe deui, oepami dianggo kabodoan djisim abdi mah, soemedja ngeureujeuh bae kaoelan.”

“Ĕma, Bapa,” saoer Djoeragan Tjamat bari noendjoek kana pamasangan, “geura ngaleueut heula atoeh. Rek ka dinja sing warĕg, bisi koerang tambahan deui.”

“Soemoehoen parantos tjekap pisan, ti tadi barang tĕda bae. Manawi kawidian, bade ningal ningal pipadamelaneun tea, kaoelan,” tjeuk ‘Pa Roesdi.

Djoeng ‘Pa Roesdi djeung pamajikana taroeroen ti pasamoan, ngaloris naon noe bakal djadi kabeubeurat maranehanana, sarta prak digarawe sakaperloean-kaperloeanana.

24. PESTA[édit]

Wantji asar indoeng bapa Roesdi maroedang ti pagaweanana ka pondok. Roesdi djeung Misnĕm kasampak aroelin keneh.

“Oedi! Inĕm! Geura marandi, geus boerit. Kapan rek laladjo pesta. Sanggeus marandi toeloej darangdan.”

Doer magrib, djĕlĕma geus heurinoesik di aloen aloen, noe laladjo djeung noe daragang. Lampoe-lampoe di balandongan raang, tjaang kawas ti beurang bae. Ondangan-ondangan geus ngaberes, tatabeuhan geus gang-ging-goeng.

Kira-kira pukoel dalapan, beledoeng, borobot, pepetasan diseungeut hareupan balandongan, ditoemboe koe kembang api. Roesdi djeung Misnĕm olohok bae bari moentang ka indoeng bapana. Maranehna karageteun, nendjo aja seuneu roepa-roepa, hejo, koneng, djeung beureum, tingbelewer di loehoer, tingberebĕt, tingbeledog kawas noe kahoeroean bae.

Barang kembang api geus beak,bring ngamimitian pesta, ngibingkeun panganten sepitaneun tea. Kapeutingnakeun ditoemboe koe menak-menak djeung ondangan-ondangan noe sedjen, ngabring. Bapa Roesdi oge miloe kana najoeban. Roesdi djeung Misnĕm andeprok darioek deukeut panajagan.

Ti sore tepi ka isoek taja eureunna soesoerakan, agĕr-agĕran noe seuseurian. Djĕlĕma-djĕlĕma noe laladjo beuki peuting, beuki pinoeh bae. Kolot boedak, awewe lalaki, heurin sakoeriling-koerilingbalandongan.

Wantji soeboeh djĕlĕma-djĕlĕma noelaladjo geus baralik, tapi ĕngkena, dimana geus beurang taksiran baralik deuika aloen-aloen, sabab rek raramean deui maen reboetan, nanggap ogel djeung roepa-roepadeui pamaenan lian ti eta.

25. PESTA TI BEURANG[édit]

Karasmenan keur pesta ti beurang, di aloen-aloengeus dialoer tangkal djambe beunang ngabaloer koe gadjih. Di loehoerna digantoenganroepa-roepa kahakanan. Djadjangkoengan, maen tjolok, ngadoe domba, maen tjaloeng, djeung tatabeuhan geus ngadjadjar: ogel, badoed, kĕndang pĕnca djeung boentjis.

Noe laladjo geus ngabroel deui.

Si Roesdi djeung Misnĕm koebapana dipĕrnahkeun di kolong papanggoengan menak-menak, ditoenggoean koe indoengna, da bapa Roesdi mah miloe tjakah-tjikih, ngoeroeskeun karesmenan.

Barang menak-menak geus koempoeldi papanggoengan, gĕr pamaenan ngamimitian, noe naekan tangkal djambe beunangngabaluran koe gadjih tea geus ngarangsĕk, sorodot deui ragrag, naek deui,sorodot deui. Kitoe bae lila nakĕr. Sanggeus gadjihna dina tangkal tea roeroed, kakara nĕpi naekna ka loehoer. Kahakanan noe digantoeng-gantoĕngkeun di loehoer ditjokotan, dikandoengan dina samping.

Geus beak kahakananana, toeloej njorodotkeun maneh, atoeh gampangeun pisan toeroenna teh, henteu kawas basa keur naek tea.

Sora hoeloe domba noe diadoe tinggĕlĕdoek malak rieut noe laladjo. Noe bogana ngabobotohan dombana.

Balap djadjangkoengan tingkĕdĕpoek noe lalaboeh. Hadena bae euweuh noe tjilaka.

Ogel, badoed djeung boentjis noeroengtoenggeus teu poegoeh dengekeunana.

Djĕlĕma-djĕlĕma noe laladjo ear-earan, saleuseurian rame pisan.

Kira-kira wantji bĕdoeg pamaenan tea geus eureun kabeh. Tataboehan geus dibereskeun, djĕlĕma-djĕlĕma ngabroel baralik da pestana geus lĕkasan.

Pasosore ‘Pa Roesdi oendjoekan kaDjoeragan Tjamat istri pamĕgĕt, amitan rek moelang.

26. LAIS[édit]

Karasmenan noe di aloen-aloen, kadjaba noe geus diseboetkeun tadi, aja saroepa deui, lais noe tatjan ditjaritakeun teh.

Di tengah aloen-aloen aja doea leundjeur gombong beunang nantjĕbkeun. Laloehoer pisan: tjongona ditalian koe tambang, toeloej talina dipantĕng kana tjongo noe hidji deui. Handapeun eta awi tatabeuhanana ngagĕmbroeng, dogdogna, noeroengtoeng djeung tarompet neretet. Teulila terekel aja djĕlĕma naekan gombong noe saleunjeur rangsod-rangsod nĕpikana tjongona noe ditalian koe tambang tea. Dina tjongo gombong tea gek manehna dioek bari awina dipĕlĕndong-pĕlĕndongkeun.

Lah, aja koe matak pikareuwaseun, Lamoen noe kakara laladjo mah meureun sieun awina roentoeh atawa peunggas. Lamoen roentoeh teh moal salah deui djĕlĕmana noe naek tea meureun rikĕs awakna tina sakitoe loehoerna.

Bari dioek dina tjongo gombong, ber manehna moekakeun pajoeng, dipajoeng bari aleu-aleuan kakawihan djeung igĕl-igĕlan.

Roesdi djeung Misnĕm laladjona mololot bae teu ngitjeup-ngitjeup, tanggah ka lais tea. Bari moentang kana leungeun indoengna. Ari bapana harita teu aja di dinja da kabagian tanggoengan oeroeskeuneun di katjamatan.

“Euleuh itoe!” tjeuk Roesdi, “na koemaha moal ragrag eta djĕlĕma teh, na bĕt gagabah teuing. Hayoh! Bĕt njoekang dina tambang tina tjongo gombong kana tjongo gombong noe hidji deui.”

“Enja bae,” tembal Misnĕm,”gagabah pisan eta djĕlĕma teh, teu sieun-sieuneun ragrag.”

“Ah, moal daekeun ragrag atoeh,”tembal indoengna, “da lais mah boga elmu monjet, Lamoen teu make djampe mah tadi oge tangtoe geus ragrag.”

“Naon, ĕma, djampe monjet?” tjeuk Roesdi. “Heueuh”, tembal ĕmana, “geuning monjet mah, nadjan tataekan koemaha oge tara ragrag, da bogaeun djampe naek. Tah lais oge pang bisa kitoe, make djampe monjet”

“Paingan atoeh ari kitoe mah”tjeuk Roesdi. Bari ngomong kitoe, matana Roesdi mah molotot bae, nendjokeun tingkahna eta lais tea. Tambangna diajoen-ajoen bari ngawih djeung ngigĕl barinangkarak.

Anoe karageteun kana sapolah-polahna eta lais, lain Roesdi djeung Misnĕm bae. Tapi meh sakabeh noe laladjo, tingaredas, tingaradoeh, heran koe pangabisana.

“Edas! Edas! Itoeh sila toetoeg dina tambang bari mĕsek kalapa djeung toeloej dibeulah,” tjeuk noe laladjo.

“ah, soegan lain djĕlĕma eta mah,” tjeuk noe saoerang deui. “da djĕlĕma mah moal nĕpi ka kitoe pangabisana.”

“Iih,” tjeuk noe saoerang deui. “pirakoe lain djĕlĕma mah, kapan itoe sidik pisan hoeloena, awakna, leungeunna, teu beda ti oerang.”

Anoe laladjo tina sagala karasmenan meh kabeh karoempoel kana lais bae, da tina koe sakitoe anehna.

Ngan rada handjakal ngalaisna teulila, da kaboeroe dipiwarang ĕnggeusan.

Noe laladjo toeloej maroelang, tataboehan djeung karasmenan-karasmenan geus dibereskeun, sabab menak-menakna geus maroelih ka katjamatan.

Naha enja, baroedak? Lais boga djampe monjet?

27. ROESDI DJEUNG KOLOTNA BARALIK[édit]

Barang braj beurang, ‘Pa Roesdi djeung sabatoerna geus arindit ti pamondokan. Geus rada djaoeh, gok djeung aleutan Loerah-Loerah noe sedjen poe pada rek maroelang ka lemboer-lemboerna.Teu lila, aleutan noe sedjen aja noe mengkol ngaler, mengkol ngidoel, sadjalan-djalanna.

Geus rada panas meueusan, brek sabatoerna areureun handapeun tangkal tjaringin bari maroeka bebekelan, tingtjalebek barang hakan.

Di loehoer tjaringin noe dipake ngioehan tea, tingtjalekroh, tingkaroek monjet djeung loetoeng pirang-pirang, kawas noe hajang mariloe barang hakan.

Si Roesdi njemplek tjaoe tina sikatan, toeloej dialoengkeun, ditewak koe monjet rada gede; djol monjet djeung loetoeng noe sedjen ngareboet. Sorana di loehoer kai rame mareboetkeun tjaoe pamere si Roesdi tea, loeng koe si Misnĕm dialoĕngkeun deui, nja kitoe keneh bae pareboet kawas tadi.

“Monjet !naha sia atoeh henteu miloe ka ondangan ka noe kariaan kawas aing,” tjek Roesdi. “Moen sia miloe mah meureun seubeuh koe berekat.”

“Wah,” tjeksi Misnĕm, “moal enja monjet miloe ka ondangan, atoeh meureun ditarewak koe noe laladjo.”

‘Pa Roesdi djeung sabatoerna broel deui maroedoen ti handapeun kai. Barang geus rada djaoeh dilieuk, monjet ti loehoereun kai tea taroeroen, tingkaroreh nareangan kahakanan dina oeroet djalma ngarioehan tea.

Sadjalan-djalan rea pisan sasatoan noe kapanggih, tjareuh, ganggarangan, bagong mah poegoeh deui, tinggoeloekgoek di noe bala, da enggonna. Malah di pasir noe djarauh ti djalan,aja oge oentjal djeung mentjek katendjo keur njaratoean.

“Leuh ! itoe oentjal” tjek ‘Pa Roesdi; “Lamoen teu tjape djeung toendoeh mah moro heula”

“Ah, keun bae Djoeragan, boroeun pageto,” tjek pananggoengna, “keun ajeuna mah sina lalintoeh heula.”

“toeh geuning lemboer oerang, nja bapa?”

“Mana, Roesdi?” tjek si Misnĕm.

“Kapan itoe ngaroenggoenoek, toeh geuning imah oerang,” tembal Roesdi.

Wantji bedoeg ‘Pa Roesdi geus nĕpika lemboerna.

28. SOESOEMPIT[édit]

Sabada soeboeh ‘Pa Roesdi geus tjandoetroeng di tĕpas hareup, keur meresihan soempit djeung njieunan paser.Manehna rek soesoempit bari ngalongok sawah.

Neng, neng,neng…….poekoel genep. Roesdi djeung Misnĕm kakara baridjil ti enggonna.

Barang djol ka tĕpas hareup, nendjo bapana keur njieun paser, Roesdi njampeurkeun bari koekoelinian djeung heuaj, omongna: “Rek soesoempit kamana bapa ?”

“Ka sawah, bari ngalongok piboeateun !” tembal bapana.

“Koering miloe bapa !” omong Roesdi.

“Mana soempitna keur koering?”

“Ah sia mah montong nyoempit, ngundangan manoekna bae,” djawab bapana.

“Keur koering kabeh manoekna, nja ‘Pa ? Rek dikoeroengan!”

“Ih ! moal enja manoek meunang njoempit dikoeroengan,” tembal bapana.

“Hajoe rek miloe mah, kamana si Misnĕm ?”

“Rek miloe sia ?”

“Ah, moal koering mah ‘Pa, rek miloe ka pasar djeung ĕma,” tjek Misnĕm.

Bral ‘Pa Roesdi ka sawah. Di sawah njampak pirang-pirang boedak angon keur moro beurit.

Roesdi ngomong ka bapana: “Pa, koering rek miloe moro beurit heula nja keur panggangeun,”

“Ih ! teu oemoem, aja beurit dipanggang, apan sia mah rek ngoendangan manoek,” tembal bapana.

“Bapa ! itoe tikoekoer mani tiloe !”

“Tjitjing atoeh ! oelah tjektjok, bisi hiber !” tjek bapana

Tjeplok ! gĕrepek! gĕrepek !

“Hoerih !hoerih ! beunang ! beunang ! Baroedak kadarieu, aing meunang manoek !”

Baroedak angon laloempatan, njalampeurkeun ka Roesdi.

“Euleuh, geus meunang rea nja ‘Jang.” omong baroedak angon teh.

“Ah, tatjanrea euj, kakara meunang lima.” djawab Roesdi


29. TOELOEJNA[édit]

Roesdi dirioeng koe baroedak angon tea, bari manoekna ditjarabakan djeung diarilikan.

Tjek boedak angon noe saoerang: “Euleuh ! karoenja temen, eta manoek sakieu aloesna bĕt disoempitan.”

“Wah, naha make karoenja !” tembal Roesdi, “bongan da sok njisilan bae pare. Na koemaha Lamoen ĕngke parena beak ?”

Keur baroedak angon ngomong kitoe, Roesdi nendjo noe ojag-ojagan di tengah sawah.

Roesdi loempat njampeurkeun bapana bari ngomong lalaoenan: “Bapa, bapa, itoe naon anoe ojag-ojagan di tengah sawah ?”

Bapana njampeurkeun ka Roesdi. Barang diilikan geuning oraj sanca keur noempi.

“Baroedak, sia njalingkir ka saoeng, itoe djĕlĕma anoe keur njieun saoeng, sina kadieu, oerang moro oraj kitoeh !” tjek ‘Pa Roesdi.

Baroedak laloempatan, paheula-heula ka saoeng; si Roesdi pangpandeurina loempatna, da beurateun koe beuteoeng.

Djĕlĕma-djĕlĕma broel njalampeurkeun ka ‘Pa Roesdi. Aja noe mawa paneunggeul, aja noe mawa bedog djeung salian ti eta.

“Mana orajna, Djoeragan ?” omong djĕlĕma-djĕlĕma teh.

“Kapan ieu ngaringkoek,” tembal ‘Pa Roesdi.

“Euleuh-euleuh geuning mani sagede goeloengan kasoer,” omong djĕlĕma-djĕlĕma teh, ting harewos djeung pada batoerna. ” Keun bae atoeh Djoeragan entong diheureujan ! Teu wani koering mah sieun dilegleg,”

“Wah ! Naha sieun! Da oraj teu matih, gede oge,” tjek ‘Pa Roesdi, “oerang arah koelitna, djoealeun.”

“Moal enja teu matih Djoeragan,” omong djĕlĕma teh.

“Ih teu matih euj ! Geura ĕngke koe dewek di dongĕngkeun, dongeng pang teu matih,”djawab ‘Pa Roesdi.

“Pek bae geura paregat, bari marawa paneunggeul, tapi kahade oelah ngaroeksak pare.”

Teu lila gĕrsoerak kolot-kolot teh, orajna geus beunang, toeloej digotong ka saoeng.

Baroedak noedi saoeng ngadarĕdĕmpĕs bari ngaromong tingharewos djeung batoerna: “Meureun moal beunang euj, da oraj mah leuwih gancang ngaleorna batan djĕlĕma loempat.”

Omong Roesdi ka batoerna: “Wah, moal datang ka teu beunang euj, da bapa dewek mah toekangna kana njerek oraj teh”

“Toeh geuningnaon itoe digotong,” Roesdi noendjoek bari nangtoeng.

Baroedak bengong, narendjo oraj noe sakitoe gedena, maranehna ngarioeng ti kadjaoehan bae bari tingtaroendjoek, teu waranieun njalampeurkeun deukeut kana bangke oraj tea.

30. ‘PA ROESDI BALIK TI SAWAH[édit]

Pasosore ‘Pa Roesdi balik ti sawah. Barang nĕpi ka lemboer, golongan oraj noe diiringkeun tea disina digolerkeun deukeut kandang embe. Si djalu olohok bae, nendjokeun bangke oraj ngadjepat. Pamikir manehna; “Saoemoer hiroep tatjan manggih tjatjing noe sakitoe gedena.”

Harita Misnĕm keur aja di tĕpas. Barang katendjo Roesdi datang, manehna loempat njampeurkeun bari walahwah-weuleuhweuh kageteun koe oraj sakitoe matak gilana.

“Oraj timana eta teh, ‘kang ?” tjek Misnĕm.

Koe Roesdi ditjaritakeun ka Misnĕm ti mimitina pisan nĕpi ka beunangna eta oraj tea.

“Naha sia teu miloe ka sawah ‘Nĕm !” tjek Roesdi.

Tembal Misnĕm:”Kapan koering mah miloe ka pasar djeung ĕma, ‘kang!

Di pasar, ĕma barang beuli rea pisan; lauk, ontjom, tjabe djeung deungeun-deungeun sangu noe sedjen.

Balik tipasar, ĕma ngais boboko gede, pinoeh koe beunang barang beuli tea. Ari koering njoehoen tjetjeling, dieusi lauk djeung sambeleun.”

“Naha rek naon, ‘Nĕm, balanja rea-rea ?” omong Roesdi

“Maneh teu njaho?” tjek Misnĕm, “kapan isoekan teh rek njalin. Tadi koering mantuan ĕma olah-olah keur soesoeguh noe digarawe.”

Bari ngaromong, boentoet oraj tea koe Roesdi ditarik-tarik dileor-leorkeun.

“Ih, oelah diheureujan, Oedi !” tjek Misnĕm, “bisi matjok.”

“Wah, moal enja!” tembal Roesdi, “kapan geus paeh ieu teh. Geura ĕngke oge koe bapa koelitna disisit, ari laoekna rek diasakan, keur njoegoehan noe dibaroeat tea.”

Omong Misnĕm:”teu oemoem Roesdi, laoek oraj dihakan.”

Indoeng baroedak gegĕroan ti imah: “Roesdi ! Misnĕm ! geura kadarieu, sareupna, geura njaratoe.Geus njaratoe, doeg geura harees, bisi isoekan kabeurangan, oerang ka sawah.”

31. KA SAWAH[édit]

Soeboeh-soeboeh indoeng Roesdi geus sadia sakoer bawaeun ka sawah. Geus rada beurang,anak-anakna diharoedangkeun. Misnĕm geus hoedang, ari Roesdi gasak-gisik keneh,koeliat djeung heuaj.

Omong indoengna: “Rek mariloe sia ka sawah ? Hajoh geura haroedang, toeh panonpoe geus bijil,ari sia harees keneh bae. Tah ieu teko bawa koe sia, Roesdi, ari eta kendi koe Misnĕm.”

Joeng indoeng Roesdi indit ti imahna,diiringkeun koe anak-anakna djeung koe boedjang-boedjangna. Teu lila geus daratang ka saoeng sawah.

“Euleuh, geuning rea pisan noe dibaroeat teh,” tjeuk Roesdi. “Geura meunang deui oraj santja tjara kamari.”

“Soekoer ‘ge meunang hidji deui, ambeh hidji sewang djeung kami,” tjeuk Misnĕm, “Hajoe ah! oerang mariloe diboeat!”

"Wah! sia kawas bisa, Misnĕm.”

"Atoeh rek diadjar bae, kang Roesdi.”

"Tah etem sia, Di! Tah etem sia, Nĕm!” tjeuk indoengna. Eta doea boedak raresepeun nakĕr diboeat bari karakawihan.

Parebeubeunangan diboeat geus ngagaroendoek satoeroet-toeroet galeng, toeloej diarakoetan ka saoeng.

Geus rada beurang, brak daladaharan.

Roesdi, Misnĕm ngarioeng, dadaharanana djeung indoeng bapana. Tas dadaharan, pek deui sagawe-gawena.

Pak Roesdi ngamandoran noe diboeat, ari ĕmana ngoeroes pare noe di saoeng.

Baroedak noe doea laloempatan deui ka sawah, dialadjar diboeat.

Barang geus rada boerit, djĕlĕma noe darerep tea karoempoel di saoeng. Koe indoeng bapa Roesdi toeloej dibagianan pare.

“Naha parena dibikeunan, bapa ?” tjek Roesdi. “Atoeh moal pinoeh leuit oerang.”

“Har ari si Oedjang! Atoeh moal daraekeun diboeat ari teu diboeroehan mah.”

Sanggeus sarerea kabagian pare, joeng arindit, toeloej baralik.

“Euleuh-euleuh,mani ngabroel itoe! Ari geus dibere pare mah, bĕt baralik, nja bapa ?”

“Atoeh poegoeh bae, Djang,” tembal bapana.

Pa Roesdi, indoengna djeung boedjang-boedjangna toeloej meres-mereskeun pare beunang diboeat tea.

“Na enggeus diboeatna, bapa ?” tjeuk Roesdi.

“Isoekan deui,” tembal bapana.

Indoeng Roesdi entep-entep wawadahan, djoeng disoehoen, ngiringkeun anak-anakna baralik ka lemboer.

32. ROESDI GĔRING[édit]

Barang datang ka imah, ĕma Roesdi toeloej beberes di dapoer djeung di imahna, dibantoean koe si Misnĕm. Ari Roesdi toeloej asoep ka imah, bloeg ngĕdĕng bari gĕgĕroengan.

Indoengna katjida kageteunana, nendjo si Roesdi geus ngalehleh, awakna panas kawas seuneu bae.

“Koe naon, oedjang ?” tjeuk indoengna.

Roesdi gegeroan : “Ema toeloeng! bapa toeloeng! hoeloe koering njĕri pisan!”

Indoengna geus teu poegoeh polah, nendjo anakna goegoelingan. Harita keneh toeloej loempat ka sawah, bebedja ka salakina. Salakina kageteun pisan, sot pare, tjoel saoeng, leumpang gagantjangan ka imah, bari gĕgĕlĕndĕng ka pamadjikanana. “Naha atoeh si Roesdi tadi di sawah, di sina papanasan”. Ari djol ka imahna, teu kira-kira pa Roesdi reuwaseunana nendjo anakna geus ĕmpes-ĕmpes bae.

Doea tiloe poe ti harita Roesdi katendjo koe kolot-kolotna rada tjageur.

Tjeuk Misnĕm : “Ka Roesdi geura tjageur atoeh, koering euweuh batoer oelin; embe djeung domba sok disarada bae, nanjakeun : “Ka mana djang Roesdi ?” Si Pintjang sok eong-eongan bae, neangan djang Roesdi”.

Roesdi geus bisa ngomong : “Misnĕm! isoekan oge aing tjageur, da ajeuna hoeloe geus teu njeri djeung sok hajang barang hakan”.

“Soekoer atoeh ari tereh tjageur mah, kaka”, tjeuk si Misnĕm.

Isoekna Roesdi geus bisa dioek, leuleumpangan di djero imah.

“Ema ! Ema ! dikamanakeun beuteung koering”, tjeuk Roesdi, “geuning ajeuna mah djadi kempleng, henteu njemploe kawas bareto”.

“Keun bae, oedjang”, tembal indoengna, “moal lila oge lintoeh deui; geura beuki deui bae barang hakanna”.

Indoeng bapana aratoheun pisan, nendjo anakna geus tjageur deui kawas sasari.

33.GEUS TJAGEUR[édit]

Isoek-isoek Roesdi djeung Misnĕm darioek di tepas toekang.

Roesdi ngomong ka Misnĕm, pokna "Misnĕm! hajoe oelin deui".

"Ah, oedjang, oelah papanasan oelinna, bisi gĕring deui", tjeuk indoengna.

“Moal, ema, da ioeh! Koering teh geus hajang papanggih djeung si djaloe, lila pisan koe koering tara ditjoo.”

Barang gok djeung embena, embena teu nendjo-nendjo atjan; ari sasarina mah embe-embean bari ndjampeurkeun. Ari harita ngan depa bae teu ngalieuk-lieuk atjan ka Roesdi.

Koe Roesdi ditjaloekan : “Djaloe, sia teh poho deui ka aing, pedah aing begang ?”

Roesdi koe si Djaloe diawas-awas. Lila-lila manehna ndjampeurkeun bari koetap-ketap, disada embe-embean. Moen djelema mah meureun kieu pokna : “Aeh-aeh! koetan eta teh oedjang Roesdi ? Bagea oedjang! geus damang ? Geuning ajeuna mah begang teu lintoeh kawas baheula ?”

Meureun kitoe piomongeun dombana teh, lain ?

Di pipir imah, oetjingna keur dĕpa; eta oge koe Roesdi disampeurkeun. Biasana sok eong-eongan bari koepat-kepot boentoetna, tapi harita mah ngahĕrĕngan, toeloej loempat naek kana tangkal djamboe.

“Pintjang kadieu,” tjeuk si Misnĕm, “sia teh poho deui ka oedjang Roesdi?”

Oetjing disada : “Eong-eong-eong!”

Lamoen omong djalma mah kieu : “Ih, lain oedjang Roesdi eta mah, da bĕgang, da ari oedjang Roesdi mah lintoeh.”

“Apan tas gĕring,” tjeuk Misnĕm.

Koe si Pintjang ditendjo bae beungeutna, lila-lila ingĕteun deui ka roepana Roesdi.

oetjing toeroen tina tangkal, ndjampeurkeun ka Roesdi bari disada : “oeang-eong, oeang-eong.” Meureun soendana mah : “Geuning ĕnja oedjang Roesdi, djoeragan aing tea.”

Ti poe eta mimiti si Roesdi oelin deui djeung tjotjoanana, saperti biasa katoekang-toekang.

34. DILONGOK KOE AKINA[édit]

Dina hidji poe aki djeung ninina Roesdi daratang, maksoedna rek ngalongok ka Roesdi. Barang djol njampak noe gĕringna geus tjageur.

"Tah geuning geus oelin deui. Dimana ari bapa, oedjang?" tjeuk akina.

"Teu aja, di sawah, kapan keur panen di dieu mah aki.", tembal si Roesdi .

Kabĕnĕran pa Roesdi ti sawah datang.

"Iraha soemping bapa?" omong pa Roesdi. "Bieu", tembal aki Roesdi. "Ka dieu teh rek ngalongok noe gĕring, maksoed tea mah; tapi ari djol, geus kasampak keur oelin di boeroean."

"Lailah, bapa! Kapan gĕring katjida pisan si oedjang teh, nepi ka teu daek barang hakan-hakan atjan; tah geuning, mani bĕgang kawas kitoe."

Barang geus lila sosonoanana, baroedak toeloej aroelin deui. Ma Roesdi njadiakeun dadahareun, pa Roesdi ngala laoek ka balong.

Sanggeus sadia dahareunana, brak ngarioeng dadaharan. Tas dadaharan, toeloej ngawarangkong nepi ka peuting.

Isoekna bral ka sarawah. Si Roesdi didjaga pisan koe kolotna, teu meunang papanasan deui bisi gĕring kawas bareto.

Pasosore aki Roesdi, ninina djeung kolot-kolotna baralik ka lĕmboer.

Aki djeung nini Roesdi meunang saminggoe ngarandjang di kolot Roesdi. Barang kadalapan poena, aki Roesdi rek balik ka lemboerna, djeung Roesdi diamitkeun ka bapana, disina ngandjang ka akina.

"Sae si oedjang rek ditjandak mah, ngan oelah lila teuing djeung diditoena peupeudjeuh mihape, bisi oelin teu poegoeh, maloem boedak bangor." tjeuk pa Roesdi.

Tembal aki Roesdi: "Oelah melang, koe bapa tangtoe dioeroes pisan, da kandjaah bapa oge moal beda ti indoeng bapana."

Geus kitoe, pek koe aki Roesdi ditangtoekeun poena piinditeun, nja eta dina poe Ahad, minggoe hareup.

35. PASINI[édit]

Oenggal poe, waktoe aki Roesdi aja di anak intjoena, dihormat-hormat bae, roepa-roepa kadaharan noe ngareunah dipoepoedjoehkeun.

Sabada saralat Isa, aki Roesdi dirioeng di tengah imah koe baroedak noe doeaan.

“Amboe Roesdi! Bapa mah koe hajang leumeung kĕtan anjar,” tjeuk aki.

“Endja bae, Ma, moen isoekan ngaleuemeung di sawah. Heg, mawa bakakakna noe gadjih," tjek Roesdi.

“Angot ieu mah si Boesang, aja djalan komo meuntas," tjek emana.

“His, kapan ngahormat aki, koering mah ngan rek ngabantoean daharna bae," tjek Roesdi.

“Heg atoeh, tapi ajeuna sia koedoe mangnembangkeun aki,” tembal emana.

Toeloej Roesdi tembang lagoe poetjoeng, kieu pokna:

Iroeng mantjoeng dieunteupan laleur tiloe;
ditepak teu beunang;
eunteup kana biwir djebleh;
hoentoe tonggar dieunteupan bango boetak.

"Aaaaah!" tjek Misnĕm.

“Euleuh-euleuh koetan si oedjang teh geus bisa tembang,” tjek aki.

“Hih, aja keneh, aki, hidji deui. Geura koe aki dengekeun.”

Peujeum sampeu dagangan ti Rantjapoeroet.
Didjoeal doea sadoeit,
Diboengkoesan daoen waroe,
ditoeroeban daoen djati,
katoeangan anoe ompong.

"Geus tawĕkal si oedjang mah, geus bisa makajakeun ka kolot teh,” tjek aki.

“Toeloes isoekan ngaleuemeung teh, nja ema, da enggeus tĕmbangna mah," tjek Roesdi.

“Heg,” tembal indoengna. "ajeuna mah geura sarare bae, bisi tinggaleun ngaloeloeh taneuh."

Toeloej baroedak ka arĕnggon.

36. MAJOR[édit]

Isoekna, soeboeh-soeboeh, Ma Roesdi geus ngagigihan leuemeungeun. Kalapana, doewĕgan santri, geus dikoekoem. Sanggeus sadia kabeh, toeloej indit ka sawah; si Roesdi manggoel iteuk akina, ari si Misnĕm ngais leuemeungeun.

Barang datang ka sawah, ndjampak geus rea djelema noe ngimeutan gogorontong. Bapa Roesdi toeloej nitahan boedjangna, ngala awi tali noe ngora keneh saleundjeur keur ngaleuemeung. Geus kitoe, toeloej dikelengan saroeas-saroeas. Ari amboe Roesdi ngagalokeun gigih, kalapa djeung oejah.

Sanggeus kitoe, pek dieusikeun kana roeas sarta toeloej ditanggeuh-tanggeuhkeun kana paranggongna, noe beunang ngadadak njieun harita, pek diseuneuan ti handapna.

Kabeneran aja roeas hidji, teu kaeusian. Si Misnĕm toeloej ngala daoen taleus, pek dilelegkeun kana roeas tea. Heg ditjaian saeutik sarta diasoepan oejah, koentji, tjabe, bawang djeung katoembar djintĕn. Sok diteundeun deukeut roeas-roeas leuemeung. Sanggeus ngagolak tjaina, toeloej dirodjok koe awi soepaja djadi lempoer djeung rata asakna.

Kira-kira wantji pĕtjat sawed, leuemeung djeung loto papasakan si Misnĕm tea asak. Lotona ditamplokkeun kana djadjambaran, ari leuemeungna pek dibeulahan.

“Leuh, na aja seungit, nja Ĕma !”, tjek Roesdi.

“Ieu mah leuemeung noe saroeas keur koering bae sorangan, lotona sing rea kana batok, laoek hajamna pingpingna, ambeh seubeuh, nja Ma ?”

“Heg, dapon geura lintoeh deui bae,” tjek indoengna.

Toeloej baroedak dahar, balaketjrakan, soekan-soekan rioeng moengpoeloeng.

Pasosore toeloej maroelang deui ka lemboer.