Wawacan Kidung Sunda

Ti Wikipabukon

Tingkesan[édit]

Di handap ieu didadarkeun tingkesan eusi Kidung Sunda, dibagi dumasar babagian pupuhna.

Pupuh I[édit]

Hayam Wuruk, raja Majapahit hayang nyiar pibojoeun. Lajeng anjeunna ngirimkeun utusan ka sakuliah Nusantara pikeun néangan putri nu cocog. Para utusan mulang bari marawa lukisan para putri ti rupa-rupa nagara, ngan taya nu bisa ngirut atina. Lajeng Hayam Wuruk ngadéngé béja kegeulisan putri Sunda, geuwat baé anjeunna ngirim juru lukis ka Sunda. Nalika juru lukis balik deui bari mawa lukisan putri Sunda, kabeneran harita keur aya pamanna raja Kahuripan jeung Daha nu miharep sangkan Hayam Wuruk geura meunang jodo. Hayam Wuruk nu kataji ku lukisan putri Sunda, lajeng anjeunna ngutus mantri Madhu pikeun ngalamar ka karajaan Sunda.

Madhu nepi ka tatar Sunda sanggeus lalayaran salila genep poé, terus baé nepungan raja Sunda. Raja Sunda gumbira nampa lamaran ti raja Majapahit nu kawentar ieu, sedengkeun Putri Sundana pribadi teu loba catur.

Madhu mulang ka Majapahit bari mawa surat balesan ti raja Sunda sarta ngibérkeun rék datangna rombongan ti Sunda. Teu lila ti harita rombongan karajaan Sunda angkat diiring ku rombongan nu loba pisan: dua réwu kapal (kaasup kapal laleutik). Kapal nu dianggo ku kulawarga raja Sunda nyaéta "kapal jung Tatar (Mongol/Cina) nu ilahar dipaké satutasna perang Wijaya" (bait 1. 43a.). Ngan nalika naraék kapal, aranjeunna ningal kila-kila nu teu pihadéeun.

Kapal jung. Kamungkinan rombongan Sunda maké kapal-kapal sarupa kieu.

Majapahit sorangan sibuk nyiapkeun sambutan pikeun para tamu. Sapuluh poé ti harita, kapala désa Bubat ngalaporkeun geus datangna rombongan Sunda. Prabu Hayam Wuruk jeung paman-pamanna geus saged rék ngabagéakeun nu datang, tapi patih Gajah Mada teu panuju. Anjeunna keukeuh nyebutkeun yén Maharaja Majapahit teu pantes ngabagéakeun/nyambut raja nu statusna raja lokal (vazal) kawas raja Sunda, malah saha nu nyaho yén anjeunna téh musuh nu nyamar.

Mangka, nurutkeun pamanggih Gajah Mada, Prabu Hayam Wuruk teu jadi indit ka Bubat. Para abdi dalem karaton jeung pangagung séjénna kagét ngadéngé hal ieu, tapi maranéhna teu wani ngabantah.

Di Bubat, rombongan Sunda hawar-hawar geus ngadéngé iber ngeunaan kaayaan di Majapahit. Lajeng raja Sunda ngirimkeun utusan, patih Anepakén, indit ka Majapahit. Anjeunna angkat dibarengan ku tilu pangagung séjénna sarta tilu ratus prajurit, langsung ka palinggihan Gajah Mada. Di dinya patih Anepakén sasanggeman yén Raja Sunda rék mulang sarta nyangka yén Hayam Wuruk ingkar jangji. Aranjeunna paséa rongkah sabab Gajah Mada keukeuh mikahayang urang Sunda lumaku sakumaha patalukan Nusantara Majapahit. Di kapatihan éta ampir bantrok, ngan kaburu dipisah ku Smaranata, pandita karajaan Majapahit. Mangka utusan Sunda marulang deui kalawan ngémbarkeun yén kaputusan ahir raja Sunda bakal ditepikeun dina jangka dua poé.

Ngadangu émbaran ieu, raja Sunda teu sudi lumaku salaku patalukan. Lajeng anjeunna sasanggeman mutuskeun yén leuwih hadé gugur salaku satria. Demi méla kahormatan, leuwih hadé gugur batan hirup bari dihina urang Majapahit. Sadaya pangagung katut rombongan Sunda tumut kana kaputusan ieu sarta milu béla ka rajana.

Lajeng raja Sunda nepungan istri katut putrana, anjeunna nyaritakeun niatna lajeng miwarang kulawargana mulang, tapi aranjeunna nolak kalawan keukeuh rék ngabaturan rajana.

Pupuh II (Durma)[édit]

Dua pihak geus sariaga. Utusan Majapahit dikirim ka pakémahan Sunda kalawan mawa surat nu eusina pasaratan ti Majapahit. Pihak Sunda nolak kalawan ambek sahingga perang moal bisa dicegah deui.

Pasukan Majapahit disusun ku barisan prajurit biasa di hareup, terus tukangeunana para pangagung karaton, Gajah Mada, sarta Hayam Wuruk jeung dua pamanna pangtukangna.

Perang campuh lumangsung, ngabalukarkeun loba pisan prajurit Majapahit nu tiwas, tapi tungtungna ampir sadaya pasukan Sunda tiwas digempur bébéakan ku pasukan Majapahit. Anepakén tiwas ku Gajah Mada, sedengkeun raja Sunda tiwas ditelasan ku bésanna sorangan, raja Kahuripan jeung Daha. Hiji-hijina nu salamet nyaéta Pitar, perwira Sunda nu pura-pura tiwas di antara pasoléngkrahna mayit prajurit Sunda. Lajeng anjeunna nepungan ratu jeung putri Sunda. Aranjeunna kalintang ngarasa sedih, lajeng nelasan manéh, sedengkeun para istri perwira Sunda arangkat ka médan perang lajeng narelasan manéh hareupeun mayit para salakina.

Pupuh III (Sinom)[édit]

Prabu Hayam Wuruk ngarasa hariwang nempo perang ieu. Anjeunna lajeng angkat ka pakémahan putri Sunda, sarta mendakan putri Sunda geus tiwas. Prabu Hayam Wuruk kacida nalangsa ku hayangna ngahiji jeung putri Sunda ieu.

Satutasna ti éta, dilaksanakeun upacara pikeun ngadungakeun para arwah. Teu lila ti kajadian ieu, Hayam Wuruk mangkat ku rasa nalangsa nu kacida.

Sanggeus anjeunna dilebukeun sarta sadaya upacara geus réngsé, paman-pamanna ngayakeun sawala. Aranjeunna nyalahkeun Gajah Mada kana kajadian ieu, sarta mutuskeun rék néwak sarta nelasan Gajah Mada. Nalika aranjeunna datang ka kapatihan, Gajah Mada geus sadar yén wancina geus datang. Gajah Mada maké sagala upakara (kalengkepan) upacara lajeng milampah yoga samadi, sahingga anjeunna ngaleungit (moksa) ka (niskala).

Raja Kahuripan jeung Daha, nu sarupa jeung “Siwa jeung Buda”, mulang ka nagarana séwang-séwangan, sabab mun cicing di Majapahit teu weléh kasuat-suat ku kajadian ieu.


Tarjemah Kidung Sunda[édit]

Dangdanggula[édit]

Dangdanggula rineka mamanis/ Nutur galur sajarah baheula/ Metik tina kitab kahot/ Dirakit sekar kidung/ Gending sunda jaman kiwari/ Medar babad sesempalan/ Luluhur kapungkur/ Talapakan nu baheula/ Kangjeng prabu maharaja nu linuwih/ Karuhun tanah sunda

Kacarita Maha Sunda Aji/ ngalalakon ngantunkeun nagara/ diiring ku balad kabeh/ kersana mundut mantu/ indit sirib ka Majapait/ rek nohonan subaya/ ratu pada ratu/ angkatna ngambah lautan/ pirang-pirang kapal nu ngiring Jeng Gusti/ lengkep muatanana

Tunda heula Ratu Sunda tadi/ urang medar unggelna sajarah/ nu jadi jejer lalakon/ ngadeg Ratu pinunjul/ Ratu Agung di Majapait/ mashur jenenganana/ Ratu Hayamwuruk/ kongas binangkit binekas/ pilih tanding sakti manggulang-mangguling/ koncara binatara

Menak-kuring sami wedi asih/ hempak cepak eusi pulo Jawa/ mantep madep ka pagusten/ malah anu jarauh/ Wandan Koci Tumasik Bali/ Sawangkung Tanjung Pura/ kabeh ulun sujud/ gumusti nadah parentah/ saban taun teu towong caos upeti/ ka Ratu nu wisesa

Lulus mulus salira Narpati/ tinandingan dewa Kamajaya/ kasep anom iasa nganggo/ sampulur cahya mancur/ tedak menak wedalan Keling/ someah hade basa/ wantu tedak Ratu/ nyata wijiling patapa/ luhur agung tetasing andana warih/ pantes dipuja-puja

Najan Ratu sugih harta-harti/ wijaksana ngaheuyeuk nagara/ aya keneh cuana teh/ jinem agungna suwung/ tamansari katingal sepi/ lain kurang wilayat/ nu ngatur nu ngurus/ tapi dumeh Sang Sri Nata/ tacan mendak istri nu pantes keur padmi/ utama keur pawarang

Pirang-pirang istri nu gareulis/ putra raja ti manca nagara/ teu kamanah ku Sang Katong/ katimbang kurang surup/ teu nyumponan sakersa Gusti/ masih keneh ngotektak/ milih nu pinunjul/ pinter geulis terah Raja/ samartabat sajajar jeung sang Narpati/ cindek sami beusina

Para mantri tumenggung bupati/ soson-soson pada alihtiar/ nohonan kersana Sang Katong/ gambar putri lalucu/ beunang nekin Ki Juru Tekin/ dijajarkeun sadaya/ dipayuneun Ratu/ tapi taya nu kamanah/ Patih Madu Papatih di Majapait/ kalangkung kaewuhan

Seubeuh nungtik nyungsi unggal nagri/ malah dayeuh Palembang Madura/ putrina ditekin kabeh/ tapi manah Sang Ratu/ teu kapincut ku gambar putri/ mundut nu leuwih endah/ nu surup jeung kalbu/ kacarita hiji mangsa/ aya warta selenting bawaning angin/ yen Maha Ratu Sunda

Nuju nampi nugrahing Gusti/ gerah manah ningali putrana/ istri keur sedengna anom/ katelah Putri Galuh/ pantes lamun pangirut galih/ wanda lir dewi Sinta/ barajaning wuyung/ lain endah samanea/ matak geugeut matak teu seubeuh ningali/ gumilang cahayana

Kacarita Ratu Majapait/ teu talangke ngutus ponggawa/ ngadongdon nu kapiomong/ Juru Tekin teu kantun/ sakumaha tali paranti/ parabot samaktana/ geus salse tuluy jung/ marangkat ka palabuan/ tumpak kapal jangkarna enggeus ditarik/ kalasi beber layar

Kabeneran kapal meunang angin/ teu kacatur di lautanana/ caturkeun geus tepi bae/ ka dayeuh nu dijugjug/ Juru Tekin enggeus tarapti/ metakeun kabisana/ nekin Putri Galuh/ ceples teu aya gesehna/ jiga pisan Putri ngeunteung dina cai/ tinggaleun kalangkangna

Matak hemeng sakur nu ningali/ bubuatan Arya Prabangkara/ Juru Tekin nu kasohor/ kakasih Kangjeng Ratu/ istu putuh ti Maha Suci/ tina pasal ngagambar/ nyata unggul punjul/ henteu aya sasamana/ aneh aheng matak pahili jeung bukti/ tina alusna ngagambar

Sanggeus anggeus nekin Raja Putri/ buru-buru tumpak deui kapal/ rek mintonkeun ka Sang Katong/ tunda nu keur lumaku/ kacarita Maha Narpati/ Sang Ratu Kahuripan/ ngantunkeun Kadaton/ sareng Rai Raja Daha/ sasarengan ngajugjug ka Majapait/ sumelang ka Kang Putra

Raja sepuh tumorojog sumping/ sareng rai Sang Parabu Daha/ kaget Maha Prabu Anom/ jut lungsur ti Kadaton/ hatur bakti ka nu sarumping/ sot nguculkeun dodotna/ nu ngambay ka pungkur/ lesot ti nu nyarekelan/ Prabu Anom ngadeuheusna ngabuligir/ geus deukeut cong sembahna

Dua tamu nu nembe sarumping/ dilinggihkeun dina palinggihan/ cong nyembah deui Sang Katong/ saur Sang Raja Sepuh/ Hidep oge sumangga linggih/ di dieu babarengan/ sampoyong Sang Prabu/ memeh linggih song sembahna/ dua raja sami ngarangkul pribumi/ mesem bari ngusapan

Prabu Sepuh tuluy pok ngalahir/ naha hidep katingal ku ama/ siga kembang layu bae/ naon anu diangluh/ jeung salira bet wet rada langsip/ siga anu teu damang/ ami milu bingung/ jeung ieu rama ti Daha/ pangna bareng jeung ama ka dieu sumping/ bawaning banget melang

Panasaran hayang terang sidik/ anu jadi lantaran teu damang/ cing mangga enggal nyarios/ sang Ratu Daha nyaur/ duh kang putra mugi tingali pangna kang rama dongkap/ sareng Rama Prabu/ jabi ti lami teu tepang/ rek tumaros dumeh banget buta tuli/ marganing kasesahan

Mun diemut kirang naon deui/ kanugrahan menggah di salira/ pinter sugih anom kasep/ mashur ratu pinunjul/ kakongaskeun kamana-mana/ karaos ku kang rama/ menggah putra prabu/ lir dewa ti kayangan/ malih warni tumurun mariksa bumi/ buana panca tengah

Hanjakalna estu teu kajudi/ ku kang rama weleh teu kapendak/ bet putra teu acan hoyong/ kana rasmining hirup/ kenging oge didamel misil/ kumbang di kebon kembang/ keur ngayunkeun napsu/ meneran bulan kartika/ mangsa beukah sesekaran tamansari/ nyambung wawangina

Tapi heran wet wangining sari/ sewu warna sesekaran taman/ ngan ukur diambung bae/ teu purun nyeuseup madu/ aya kumbang aneh teh teuing/ tah kitu upamina/ pangna rama bingung/ iraha atuh mangsana/ hayang ningal babarna asih birahi/ naha putra keur tapa?

Prabu Anom ngawangsulan aris/ cong sembahna mesem pok ngandika/ ngunjukan sembah pangabaktos/ ka pangkon Rama Prabu/ mugi-mugi sami ngaksami/ sugri kaluluputan/ dupi nu saestu/ jadi marganing lantaran/ lami pisan Kang Putra teu gaduh padmi/ sanes Kang Putra tapa

Atanapi nuju ngandung sedih/ mung teu acan dugi ka mangsana/ aya keneh nu diantos/ nyaeta Putri Galuh/ kakongaskeun istri pinilih/ putri Sang Ratu Sunda/ wartosna pinunjul/ henteu aya sasamana/ malah Putra parantos ngutus jurutekin/ hayang terang gambarna

Henteu kirang gambar para putri/ putra raja ti mancanagara/ namung teu aya nu cocog/ katingal tina semu/ tina wanda martabat putri/ tacan pantes direngga/ dipayungan agung/ jadi ratuning wanita/ ngereh puri di karaton Majapait/ nu sakitu ageungna

Prabu sepuh mesem pok ngalahir/ sukur pisan mun kitu jalanna/ ama banget bungah hate/ jeung ama arek kaul/ lamun tulus kagungan padmi/ panganten duanana/ rek terus dilahun/ sabadana akad nikah/ tanda bungah lipur kasedihan ati/ gumujeng Prabu Daha

Ariya Patih ngiring bingah galih/ cong sembahna bangun hegar pisan/ sang Prabu Sepuh ngareret/ kumaha Patih, rempug?/ lamun Ratu kagungan Padmi?/ ki Patih ngawalonan/ nun Gusti Prabu/ bingah teu aya hinggana/ siang wengi neneda ka mahasuci/ mugia enggal laksana

Abdi Gusti banget nyandang sedih/ tacan mendak bae titingalan/ nu surup kanggo Pagusten/ ngajajah ngaler ngidul/ hese cape tara katampi/ malah mandar ayeuna/ hasil nu dimaksud/ nyuhunkeun hibar Nalendra/ kitu deui Kangjeng Prabu Dahanagri/ Prabu Daha ngandika

Ayeuna mah urang masing-masing/ ngadudu’a supaya laksana/ katampi Putri Galuh teh/ salse nu gunem catur/ tuluy sareng lebet ka puri/ taruang berjamaah/ pribumi tatamu/ langkung-langkung gumbirana/ sanggeus peuting nu ngadareuheus baralik/ kacarita isukna

Kinanti[édit]

Isukna deui karumpul/ para Tumenggung Bupati/ hempak bayak di mandapa/ teu lila maha Narpati/ Prabu Sepuh Prabu Daha/ kaluar ti jero puri

Anggoanana aralus/ matak serab nu ningali/ Sang Nalendra Kahuripan/ ngagem kaprabon lineuwih/ dodotna buatan sebrang/ dikembang parada rukmi

Beulitan giringsing kawung/ surup lamun ditingali/ duhungna kadipatian/ landean duhung mas adi/ ditabur mirah dalima/ sarta mutiara manik

Cahya permata harurung/ tinggalebyar adumanis/ lir cika-cika maruntang/ sanggul geyot cara Keling/ dicangklek kancana mubyar/ ditarapang inten rukmi

Direka garuda mungkur/ payus lamun ditingali/ disusumping kembang bodas/ mencenges di kanan kiri/ kilat bahu atmaraksa/ wuwuh surup Sang Narpati

Anting-anting brahma wisnu/ dipepentol mirah adi/ ngenclong herang maya-maya/ hurung euceuy katingali/ nganggo pinggel tiga warna/ kinatelon lilit hui

Pantes mun Ratu linuhung/ bahu denda nyakrawati/ sabar adil palamarta/ dipusti-pusti ku abdi/ di janggala kahuripan/ jadi papayung nagari

Sang Prabu Daha kacatur/ salira tegep raspati/ nganggo dodot sutra kembang/ diparada warna sari/ sinjang kayas ti banyumas/ wuwuh sigit katingali

Surup mungguhing di Ratu/ nganggo anu sarwa adi/ beulitan giringsing wayang/ pantes anggoan Narpati/ nyunkelang duhung pusaka/ landeanana diukir

Direksa raksasa pamuk/ bosongot mata buncelik/ barina nyekelan kembang/ kembangna hurung dumeling/ ku sorot bangsa permata/ matak giung nu ningali

Sanggulna nonjol ka pungkur/ cara sanggul menak Keling/ rambutna seungit nyambuang/ cudamani inten bumi/ kembang hejo susumpingna/ melok alus dina cepil

Katingalna wuwuh payus/ susumping Sang Daha Aji/ dirakit winalat kadga/ sarta nganggo anting-anting/ socana mirah dalima/ beureum euceuy katingali/

Dilelepen jagasatru/ kilat bahu alit manis/ tingkaretip tingkolenyay/ matak teu seubeuh ningali/ surup ka anu nganggona/ pantes terah Dahanagri

Jut lalungsur ti kadaton/ angkat nyacat ka sitihinggil/ ditampi ku purohita/ ku patih bupati mantri/ cungcong sami nyarembah/ marando payuneun Gusti

Langkung bungah manah Ratu/ duanana geus caralik/ dina korsi karajaan/ teu lila jebul ti puri/ Sang Majapait Nalendra/ kasep manis tanpa tanding

Cahayana hurung mancur/ sigit bawana ngajadi/ tegep cakep ti kudratna/ pantes pangagung nagari/ seukeut cureuleuk socana/ tawis yen seukeut panggalih

Sang Prabu Hayam Wuruk/ teu nganggo nu sarwa leuwih/ istuning basajan pisan/ dodotna henteu dicangking/ tawis yen hormat ka rama/ barang sumping ka sitinggil

Cong nyembah ka Prabu Sepuh/ Prabu Kahuripan nagri/ bingah ningali kang putra/ disambat dicandak calik/ Sang Majapait Nalendra/ nyembah deui tuluy linggih

Anggang ti Parabu Sepuh/ lain dina korsi gading/ dina hiji panglinggihan/ henteu nyamian Ramaji/ sakur nu kempel di dinya/ kayungyun ningali Gusti

Langkung bungah Prabu Sepuh/ ningali putra Narpati/ nu agung murba wisesa/ di nagara Majapait/ hese nyiar sasamana/ kasep binangkit berbudi

Sang Prabu Sepuh nyaur/ ka ki Patih Majapait/ patih kumaha bejana/ perkara Ki Juru Tekin/ geuning tacan bae datang/ nyanggakeun gambar Nyi Putri

Ratu geus teu sabar nunggu/ panasaraneun ku warti/ boa halanganharungan/ di laut teu meunang angin/ arya Patih cong sembahna/ henteu lepat dawuh Gusti

Kawantos nu ngambah laut/ numutkeun nebakna angin/ benten sareng di daratan/ kawuwuh seueur kainggis/ Gusti nu langkung uninga/ rerepit nu ngambah cai

Sang Prabu sepuh ingguk/ tawis cocog jeung ki Patih/ Ku hal eta praponggawa/ suka bungah tanpa tanding/ marengkeun Asmaranata/ nyembah unjukan ka Gusti

Nun Gusti Maha Prabu/ abdi Gusti neda widi/ Pun Puruhita Sang Nata/ rek ngunjukeun nu kakuping/ cariosan urang kapal/ nu darongkap kamari

Perkawis utusan Ratu/ berkah hibaring Jeng Gusti/ parantos wangsul sadaya/ lebah Terung kapal nyisi/ rek ngala cai ka darat/ nu dijugjug ka Mahibit

Kinten ka Bubat geus cunduk/ ku emutan abdi Gusti/ upami taya pamengan/ kinten ieu juru Tekin/ tiasa mintonkeun gambar/ ka payuneun dampal Gusti

Mesem Sang Prabu Sepuh/ Prabu Daha kitu deui/ ngadangu Ki Puruhita/ dumeh kenging warta sidik/ sugri nu magelaran/ sami muntang ka Yang Widi

Neneda mugi dikabul/ hasil maksud juru Tekin/ sarta masing tereh datang/ tur kamanah ku Jeng Gusti/ tacan tutas nu unjukan/ jebul datang Juru Tekin

Jung Ki Patih gura-giru/ ngadeuheuskeun Juru Tekin/ ka payuneun Kangjeng Raja/ mimiti anu ningali/ bubuatan juru gambar/ Ratu Kahuripan nagri

Langkung bingah Ratu Sepuh/ ningali gambar Nyi Putri/ istu panuju manahna/ pantes dijenengkeun Padmi/ ngabawah para wanita/ di karaton Majapait

Prabu Daha pon nya kitu/ barang breh oge ningali/ gambar Putri Ratu Sunda/ margi kageulisan putri/ saurna taya tandingna/ menggah di jaman kiwari

Suka pisan mulung mantu/ teu perlu neangan deui/ sanggeus wareg ningalian/ Sang Prabu Sepuh ngalahir/ ieu hidep geura candak/ gambar beunang juru tekin

Ratu Agung Hayam Wuruk/ barang breh oge ningali/ gambar Putri Ratu Sunda/ muji salebeting galih/ ngaraos nembean pisan/ ningali dedegan Putri

Nu sampulur cara kitu/ matak pahili jeung ipri/ beuki lami diteuteupna/ beuki kapincut ku Putri/ jagat raya ilang musna/ nu aya ngan putri geulis

Eulis mah ratuning lucu/ estuning putrining putri/ moal mendak sasamana/ salira lir Dewi Ratih/ boa lain samanea/ boa ipri nyiliwuri

Atawa dewi keur nyamur/ dewi sagala wawangi/ sesekaran patamanan/ atawa caringin asih/ pohaci ti kayangan/ ngadoja nu keur prihatin

Asmarandana[édit]

Sang Prabu bingah galih/ Raja Daha ngiring suka/ enggeus kamanah kahartos/ yen gambar teh katarima/ Prabu Sepuh gumbira/ gumujeng barina ingguk/ enggalna tuluy ngandika

Ka Patih jeung para Mantri/ anu sami ngadeuheusan/ supaya bubaran bae/ gancangna ponggawa budal/ Raja tiluanana/ sami lebet ka karaton/ lalenggah dimade soka

Kamar paranti badami/ sang ratu sepuh ngandika/ ka sang Majapit Katong/ kumaha hidep ayeuna/ ama menta putusan/ pasal eta Putri Galuh/ putri Maha Ratu sunda Cong sembahna Sang Narpati/ berkah hibar Kangjeng Rama/ miwah Rama Daha Katong/ perkawis Nyi Putri Sunda/ emutan cekappisan/ surup dipayungan agung/ pantes didamel pawarang

Dalah upami Nyi Putri/ aya nu ngahalang-halang/ supados putri teu cios/ diangkir jadi pawarang/ nu ngahalangan tea/ molepat dianggap musuh/ jadi satru kabuyutan

Enggalna nyaur Papatih/ teu lila papatih geus datang/ mando payuneun Pagusten/ tuluy Patih ditimbalan/ sadia keur ngalamar/ mundut Nyai Putri Galuh/ ka ramana Ratu Sunda

Patih Madu gancang pamit/ bawaning banget bungahna/ tampi dawuhan Sang Katong/ geus kaluar ti mandapa/ ngumpulkeun wadyabalad/ milih mantri jeung tumenggung/ nu pantes diajak miang

Enggalna enggeus tarapti/ serat katut babawaan/ kocapkeun geus indit bae/ ngajugjug ka palabuan/ tuluy tarumpak kapal/ kalasi sibuk pakepuk/ jait jangkar beber layar

Kabeneran meunang angin/ kapal melenong layarna/ nyoloyong ka tebeh kulon/ geus jauh ti palabuan/ salamet di jalanna/ kacarita geus balabuh/ palebah basisir Sunda

Patih Madu geus caringcing/ ngatur sakur babawaan/ ngajugjug ka dayeuh bae/ ngadeuheus ka kapatihan/ ki Anepakeun reuwas/ gura-giru nampi tamu/ tuluy ngadeuheus ka Raja

Nguningakeun aya Patih/ utusan ti Wilatika/ dawuhanana Sang Katong/ sina ngaso bae heula/ sadiakeun tempatna/ isukan urang karumpul/ jeung deuheuskeun tamu tea

Ki Anepaken Papatih/ mundur ti payuneun Raja/ tuluy miwarang beberes/ nyadiakeun sapantesna/ kumaha adat biasa/ jeung ngembarkeun dawuh Ratu/ yen isuk kudu kumpulan

Kacatur isukna deui/ geus hempak magelaran/ para mantri geus ngaredes/ diuk satempatna satempatna/ teu lila kangjeng Raja/ medak ti lebet kadaton/ nganggo anu sarwa endah

Makuta hurung rinukmi/ matak serab anu ningali/ pepentolnainten obyor/ dironyok ku mutiara/ widuri panghapitna/ surup numpang kana sanggul/ disanggulna mayang sekar

Wuwuh manis katingali/ nganggo kembang anggrek bulan/ sieup pantes kanu nganggo/ antingna ku mutiara/ nganggo dodot sanebab/ panjang alus wuwuh payus/ dibatik parada mubyar

Jeung nganggo beulitan batik/ giringsing pandawajaya/ surup pantes di Sang Katong/ narimbang kana salira/ salira bangbang awak/ bebed buatan Tinggulun/ pinggelna kana bantala

Landean kerisna gading/ direka gambar raksasa/ bosongot nyekelan layon/ gumilang selutna emas/ ditaretes sosoca/ surup mungguhing di Ratu/ matak serab nu ningali

Nu jadi ciptaning galih/ medar darmaning satria/ nyepeng hak wajibing katong/ ngeker kertaning nagara/ ngaraksa karaharjaan/ para abdi leutik agung/ sakuliah jagat sunda

Geus medal Ratu ti puri/ brul ngagimbung pangiringna/ bangsa ponggawa karaton/ enggalna Sang Ratu lenggah/ dina bale witana/ dideuheusan ku pangagung/ pandita para brahmana

Jaksa perdata Mangguri/ calik satempat-tempatna/ hempak marando mendeko/ Ki Anepaken sadia/ ngadeuheuskeun utusan/ kapayuneun Kangjeng Ratu/ nyanggakeun serat panglamar

Arya Patih Majapait/ langkung hormat panatana/ sujud payuneun Sang Katong/ tuluy sor nyanggakeun serat/ kana sampean Raja/ serat dicandak ku Ratu/ diilo kieu unggelna

Konjuk hing pangersa Gusti/ Ratu agung Wijaksana/ anu linuhung marabon/ nyakrawati bahudenda/ misesa Tanah Sunda/ kulanun Gusti pukulun/ hawioseng ieu serat

Neda sih widi Jeng Gusti/ mugi Gusti luntur manah/ putra dalem nu cumadong/ bade tumut ngangken rama/ ka pangkon Sri Nalendra/ ngunjukeun sewu panuhun/ manawi bahan katampi

Anging hibar Rama Aji/ anu kasuhun kateda/ minangka panawa hate/ putra dalemnu sungkawa/ dina danget ayeuna/ saibarat manuk cuhcur/sumambat poekeun bulan

Atanapi heulang rawing/ ngalayang di awang-awang/ gumelik di mega hejo/ hanaangeun nangtang hujan/ dina mangsa katiga/ putra gusti neda baju/ mugi dipasihan jiad

Neda sih lunturing galih/ nyuhunkeun Sang Ayu Retna/ puputon jimat karaton/ mustika kaputren Sunda/ Putri Galuh nu mulya/ sumeja dijungjung lungguh/ diangkat jadi pawarang

Di karaton Majapait/ ngabawah para wanita/ sugri wilayat karaton/ ngantos pigustieunana/ jimat sanggar pamujan/ sareng ieu Patih Madu/ jabi ti nyanggakeun serat

Ku putra dalem diperedih/ nadah sugri pamariksa/ piunjuk ka Rama Katong/ sanggeus tamat maos serat/ ngahuleng Ratu Sunda/ bangethawatosing kalbu/ ngadangu unggeling serat

Ngiring sedihpeurih galih/ raos ngarakacak manah/ bawaning banget hawatos/ sanggeus tutas di manahna/mesem barina cengkat/ ngandika ka Patih Madu/ cing arya patih nyarita

Kaayaan Majapait/ naha enya Sri Nalendra/ nu sakitu pinterna teh/ keuna ku pasawat manah/ na kumaha asalna/ teu ngarti nu matak kitu/ kapanjeung putri can tepang

Boa pahili ngagalih/ atawa salah ciciptan/ heroy kabongroy ku omong/ perbawa bawaning beja/ beja anu henteu nyata/ asalti dieu satunjuk/ nepi ka ditu sadeupa

Cong sembahna arya patih/ nun Gusti Maha Nalendra/ abdi Gusti anu bodo/ sumejahatur uninga/ ngunjukeun kaayaan/ Putra Dalem nu linuhung/ estu pisan kaleleban

Ku emutan taya deui/ menggah pilandongeunana/ mung kedah laksana bae/ sapamundut dina serat/ sareng jabi ti eta/ raka dalem Maha Prabu/ Ratu besan Kahuripan

Tetap tigin kana jangji/ kasaksi ku Prabu Daha/ saderekna Maha Katong/ upami pareng laksana/ dina sabada nikah/ Ratu besan bade kaul/ rek mangkon panganten anyar

Tawis banget bingah galih/ jeung tawis nyaahna bapa/ mesem Maha Sunda Katong/ sukur upama kitu mah/ kula ngarasa bungah/ ngadenge besan dek kaul/ ciciren banget rempugna

Meureun ngama’lum ka putri/ tina kabudakanana/ anyaran pisah ti kolot/ kurang harti kurang luang/ muga ku nu Kawasa/ dipasihan lulus banglus/ beres roes cumarita

Langkung bingah manah Gusti/ enggalna tuluy nimbalan/ demang pagawe karaton/ narima barang panglamar/ emas inten anggoan/ babawaan Patih Madu/ rupa barang nu marahal

Sanggeus tarapti diroris/ diampihan ku Ki Demang/ seratna ku Maha Katong/ disimpen dina tampekan/ tampekan gading kembang/beunang ngukir jeung ngabubut/ diukir direka-reka

Sanggeus kitu Sang Narpati/ ngandika ka para ponggawa/ miwarang bubaran bae/ utusan geus didawuhan/ mulang ka pasanggrahan/ nunggu pangankirna Ratu/ kacarita Kangjeng Raja

Geus lebet ka jero puri/ bareng sareng pawarang/ tuluy angkat ka kaputren/ kersana nepangan putra/ kocapkeun Sang Kusumah/ anu geulis Putri Galuh/ bade kasumpingan Rama

Geus tata-tata sayagi/ nyayagikeun panglinggihan/ emban dariuk ngaredes/ teu lila jebul Sri Nata/ sumping sareng ibuna/ bungah manahna Retnayu/ ningali ibu jeung rama

Enggalna ku prameswari/ dicandak pananganana/ dirangkul bangun nu sono/ diambung lebah taarna/ kitu deui ku raja/ kalangkung dipikalucu/ disambut diajak lenggah

Sang Ratu mesem ngalahir/ ama teh ngarasa bungah/ dumeh boga anak enok/ maneh nu jadi pupujan/ puputon ati ama/ pupunjungan ati ibu/ memenur jimat nagara

Najan lamun diri elis/ boga jodo raja lian/ puguh anak ama keneh/ mo beak kanyaah ama/ angger mo pegat-pegat/ masing geus jauh ti sepuh/ ulah boga hate bingbang

Ku ama tangtu dijaring/dihibaran ku pangdoa/ ku ibu pon kitu keneh/ mo kendat ditapakuran/ neda ka nu Kawasa/ sangkan salamet rahayu/ lulus runtut cumarita

Jeung teu kudu elis sedih/ malah kudu sabalikna/ nganuhunkeun ka Yang Manon/ dumeh geus tampi nugraha/ aya nu rek migarwa/ ratu nu agung linuhung/ koncara tur binatara

Kasep anom sugih mukti/ teu acan kagungan garwa/ ama ibu banget cocog/ lamun tulus dipigarwa/ ku Sri Maha Nalendra/ Kangjeng Ratu Hayamwuruk

Ratu agung Majapait/ ngereh tujuh karajaan/ para ratu nu galede/ teu aya nu teu serab/ kana kaluhungan ratu/ najan anom keneh pisan

Sinom[édit]

Mun elis jadi pawarang/ di karaton Majapait/ sok tada teuing agemna/ ngabawah saeusi puri/ katut ais pangampih/ sarta dipayungan agung/ nenggang ti anu rea/ jadi pohacining putri/ luhur agung disujudan ku sajagat

Bisi elis tacan terang/ untungna nu jadi Padmi/ dipigarwa ku Sri Nata/ jaba senang sugih mukti/ meunangkeun menak Keling/ nu estu turunan luhung/ terahing Kahuripan/ tetesing andanawarih/ pantes pisan diarah pencaranana

Pikeun manjangkeun rundayan/ nitis neteskeun rah adi/ jaba eta Sri Nalendra/ geus jangji mo salah deui/ lamun tulus ka elis/ geus tangtu saumur-umur/ moal kersa ngadua/ kahoneng katresnan galih/ ditamplokeun ka elis bae sorangan

Sanggeus Sang Prabu miwejang/ diganti ku Prameswari/ malar putri tambah bungah/ kersaeun jumeneng padmi/ elis ulah rek lali/ saha nu nurut ka sepuh/ eta mulyaning anak/ kapan nyata geus kauni/ dina kitab Wulang Putri Wulang Putra

Anak bakti ka sepuh/ tara mungpang sapilahir/ tara bahula basangkal/ tara boga langkah sisip/ upama nincak sisip/ nu matak raheut ka sepuh/ gancang bae ditunda/ contona geuning Madhawi/ gede bagja da tara mungpang ka sepah

Ari mungguh ceuk ibu mah/ istuning bagjaning elis/ bet kapilih ku Sang raja/ rek dijungjung prameswari/ tur ibu estu yakin/ yen elis tinangtu nurut/ kana kitab Purana/ wawaton lampah sajati/ sok piraku elis ngamaha ugeran

Salian dina Purana/ kapan elis oge ngarti/ natrat na Silokantara/ geuning di dinya kauni/ korban saratus kali/ ganjaranana mo nyusul/ ka nu bakti ka sepuh/ sarta mangpaatna deui/ indung bapa kabawa meunang nugraha

Jeung elis nohonan darma/ manjangkeun lalakon diri/ mencarkeun turunan raja/ cing kumaha pikir elis/ purun atawa nampik/ geura wakcakeun ka ibu/ tapi masing balaka/ ulah dipandang dipinding/ Putri Galuh tungkul alum sajongjongan

Lir bulan kalingan mega/ alumna pasemon Putri/ matak kayungyun nu ningal/ nu geulis keur sumpeg galih/ seunggah pabaur isin/ bade balaka ka ibu/ jiga macan keur nahnay/ andeprok emok teu usik/ rema bentik dianggo ngome amparan

Sulam amparan aludar/ kembang alketip barusik/ diciwitan didudutan/ ku Retnayu Citraresmi/ sajongjongan nyi Putri/ ngegel lambey bari tungkul/ ngiceup peupeureundeuyan/ jeung jiga cape teh teuing/ kangkalungna obah kabawa rumenghap

Ngolenyay cahya sosoca/ numpang kana tenggek Putri/ sieup lir golek kancana/ matak uruy nu ningali/ emban pating kecewis/ silih toel pada batur/ Ken Bayan, Ken Pasiran/ Ken Paguneman, Ken Sangit/ panasaran sami ngadago walonan

Henteu lila cong sembahna/ nu lucu Retnayu Putri/ ngawalon bari dareuda/ Sang Ratu jeung Prameswari/ sami masangkeun cepil/ sieun nyi Putri teu purun/ alon putri nyaurna/ nun ama ibu sakalih/ menggah abdi seja ngambangkeun sakersa

Mung hibar pangdua sepuh/ nu diantos siang wengi/ istu pasrah raga nyawa/ ulah pon didamel padmi/ najan jadi pangatik/ upami pangjurung sepuh/ sumeja dilakonan/ iklas rela lahir batin/ dawuh ama disangga ku tangan dua

Gumujeng Sang Ratu Sunda/ kitu deui prameswari/ bingah teu aya hinggana/ ngadangu saur nyi putri/ Sang Ratu nyaur aris/ bari ngusapan Retnayu/ eh elis jimat Ama/ama banget bungah ati/ muga-muga sing salamet di ahirna

Satutas mariksa putra/ sang Ratu jeung Prameswari/ pasemon bungah gumbira/ sareng lalebet ka puri/ kocapisukna deui/ ibur guyur salelembur/ obyag satanah Sunda/ mareunang beja yen Gusti/ bade angkat balayar sagarwa putra

Nyandak balad dunya brana/ ka nagara Majapait/ rek ngarendengkeun putra/ nyi Putri jumeneng padmi/ sakabeh menakkuring/ngiring bingah puji sukur/ dumeh putri ti Sunda/ kapilih keur Prameswari/ tawis punjul mungguh di jaman harita

Kacaritakeun isukna/ para mantri kumpul deui/ kumaha adat biasa/ Sang Ratu sunda ngalahir/ he kabeh para mantri/ meureun geus pada maraphum/ yen panglamar Sang Raja/ Nalendra di Majapait/ saayeunaku kula geus ditarima

Sarta paniatan kula/ rek ngajajapkeun Nyi Putri/ hayang nyaksian sorangan/ dijenengkeunana padmi/ kabeh ponggawa mantri/ anu perlu kudu milu/ kudu geuwat sadia/ keur miang ka Majapait/ samakta mawa bekel jeung pakarang

Jeung rupa-rupa tongtonan/ ulah aya nu kari/ kaanehan tanah Sunda/ cindek kudu dikerid peuti/ kapal kudu beresih/ papaesan masing alus/ kaneh para ponggawa/ nu ngaruping dawuh Gusti/ sararuka harayang geura jung miang

Geus kacipta ti awalna/ karamean ngangkat padmi/ sugri pangagung Pasundan/ rek kaul ngahormat Putri/ ti dinya Sri Narpati/ miwarang nyaur Ki Madu/ patih utusan tea/ Ki Anepaken Papatih/ gura-giru ngadeuheusan Ki Utusan

Sanggeus Ki utusan dongkap/ mando payuneun Gusti/ Sang Ratu Sunda ngandika/ he Ki patih Majapait/ surat bawa Ki Patih/ katut sakabeh kikintun/ panglamar Sri Nalendra/ Ratu Agung Majapait/ poe ieu dilisankeun ditarima

Ayeuna pamenta kula/ Patih kudu geuwat balik/ unjukeun bakti jeung hormat/ ka Sang Kahuripan Aji/ caritakeun ku Patih/ yen banget gumbira kalbu/ dumeh Sang Ratu besan/ rek kaul mangkon Nyi Putri/ jeung Sang Nata dina sabadana nikah

Ari ka Maha Nalendra/ Ratu agung Majapait/ unjukan yen moal lepat/ kula reujeung prameswari/ rek ngajajapkeun Putri/bareng jeung kabeh pangagung/ rengrengan karajaan/ kabeh sumeja nyakseni/ dina lebah hajat rendengan Sang Raja

Jeung perkara surat tea/ anu dibawa ku Patih/ ku kula teu diwalonan/ sabab rek datang pribadi/ malah sakabeh mantri/ ayeuna eukeur barempug/ sadia pakeun miang/ sasalsena terus indit/ tah sakitu wekas kula Sang Nata

Cong sembahna Ki Utusan/ kaulanun dawuh Gusti/ menggah sadaya timbalan/ nu pakeun ka Putra Gusti/ sareng ka Raka Gusti/ sadaya wande kaunjuk/ kajabina ti eta/ mugi aya widi Gusti/ abdi Gusti katimbalan enggal mulang

Enya bener saur raja/ kudu buru-buru indit/ tangtu Prabu Kahuripan/ jeung Sang Ratu Majapait/ teu kendat nganti-nganti/ enggalna tuluy Sang Ratu/ nimbalan Patih sunda/ nyanguan anu rek indit/ samaktana kadaharan jeung inuman

Kawantu dawuhan Raja/ henteu lila geus sayagi/ cindek teu aya kakurang/ panghormat Patih Pribumi/ kacarita geus indit/ Ki Patih Madu sabatur/ teu kocap di jalanna/ tebih hamo burung nepi/ urang tunda lampah nu mentas ngalamar

Kacarita Ratu Sunda/ anu keur asik badami/ ngatur sugri kaanehan/ candakeun ka Majapait/ enggalna geus tarapti/ meh kabeh para pangagung/ ngiring sareng garwana/ geus puguh priyayi leutik/ mani siga Raja rek pindah nagara

Kira dua ratus kapal/ meunang mapajangan resmi/ sarta parahu Madura/ jumlah jeung parahu leutik/ beres sisi basisir/ kurang leuwih dua rewu/ kabeh enggeus sadia/ kacarita sang Narpati/ geus arangkat ti puri jeung garwa putra

Diiring ku para emban/ jeung sakabeh eusi puri/ ngajugjug ka palabuan/ ti pungkur gimbung nu ngiring/ Patih jeung para mantri/ demang rangga jeung tumenggung/ ngaleut joli jampana/ diaping ku para jurit/ kacarita geus sumping ka palabuan

Sang Prabu hemeng manah/ ningali sisi basisir/ siga getih lalambaran/ jeung ruhay luhureun cai/ beh deui katingali/ ngabrul gagak puluh-puluh/ disadatingkoreak/ barina nyemburkeun getih/ tingkalayang haliber sisi sagara

Kangjeng Raja ngusap soca/ bari negeskeun ningali/ sanggeus nyata gara-gara/ alamat ka Sri Narpati/ ciciren Kangjeng Gusti/ kawas-kawas tereh pupus/ ila-ila cilaka/ rek balayar mapag pati/ tuluy Ratu ngajanteng ngamanah-manah

Sakedap teu sasauran/ ngagalih takdiring diri/ kadar nu bakal kasorang/ ku salira Kangjeng gusti/ sanggeus asak digalih/ tuluy cengkat ganti semu/ bangun bingah gumbira/ inggis katangen ku Putri/ jeung ku kabeh menak nu keur suka-suka

Ras deui Sang Ratu Sunda/ emut kana bagja Putri/ bakal jumeneng pawarang/ di karaton Majapait/ raos untung teh teuing/ kagungan mantu linuhung/ kasedih Kangjeng Raja/ harita les bae leungit/ kabangbrangkeun ku bagja salira putra

Tambah manahna Sang Nata/ asa ku piraku teuing/ teu dicioskeun balayar/ sakitu geus asak jangji/ laip mungguh di Gusti/ nista mungguhing di Ratu/ cidra kana subaya/ wondening bahya jeung pati/ nu uninga anging Gusti Anu Kawasa

Enggalna geus nitih sampan/ Raja sareng Prameswari/ Putri sarta emban-emban/ henteu aya nu kari/ geus kitu para mantri/ jeung kabeh para pangagung/ ngabrul paheula-heula/ tarumpak parahu leutik/ ngiring Raja ararunggah kana kapal

Sanggeus narepi kana kapal/ tuluy diatur diloris/ satempatna-satempatna/ Ki Anepaken Papatih/ tandang ngurus perjurit/ aleutan kapal diatur/ nu pangheulana pisan/ kapal para senapati/ jeung perjurit ditema kapal titihan

Geus kitu kapal ponggawa/ bangsa priyayi laleutik/ tukangeun eta ngajajar/ puluh-puluh kapal deui/ anu pepek dieusi/ ku cacandakan Sang Ratu/ sarupaning titihan/ gajah kuda tandu joli/ jeung bandera rawe rontek tatabeuhan

Nu bangkit maen pakarang/ sarta rupa-rupa deui/ karesmen karaton Sunda/ teu ditetek hiji-hiji/ sanggeus kabeh diloris/ aleutanana diatur/ Patih mere tangara/ nandakeun yen geus tarapti/ tuluy bareng jait jangkar beber layar

Breng sakabeh tatabeuhan/ disada asa kaindit/ kapal lalaunan nengah/ kabeneran meunang angin/ sakabeh para mantri/ rangga demang jeung tumenggung/ ngangin di luhur kapal/ naringali ka basisir/ wararaas asa rek pindah nagara

Tambah ku sora gamelan/ ngungkung di tengah jaladri/ wadya balad susurakan/ ku bawaning suka ati/ jauh tina karisi/ kawantu sagala cukup/ teu kurang sandang pangan/ teu inggis manggih balai/ boga rasa loba anu bakal bela

Kapal melenong layarna/ nyoloyong katebak angin/ siga soang ngirab jangjang/ ngojay di tengah jaladri/ komo kapal Narpati/ gede luhur sarta alus/ nenggang ti anu rea/ kawantu titihan Gusti/ Jong Sasanga kapal layar karajaan

Lir kapal buatan Tartar/ jaman Sriwijaya sakti/ Ratu agung anu kongas/ waktu angin ngagempur Kediri/ matak waas nu ningali/ kaagrengan kapal Ratu/ tohaga tur rohaka/ diaping diiring-iring/ siga Dewa Baruna ngalih ka Jawa

Tunda nu keur lalayaran/ kocap Patih Majapait/ geus nepi ka palabuan/ rek ngadeuheus ka Narpati/ sanggeus dangdan jung indit/ kabeneran Maha Prabu/ Kahuripan jeung Daha/ sarta Ratu Majapait/ nuju kempel tiluan keur sasauran

Magatru[édit]

Eukeur guntreng nyaurkeun ki Patih Madu/ asa lila-lila teuing/ boa mendakan pakewuh/ lantaran maksud teu hasil/ henteu aya bae wartos

Eukeur kitu jebul sumping Patih Madu/ ngadeuheus ka Sang Narpati/ bungah manah Maha Prabu/ bari neuteup ka ki Patih/ mesem ningali pasemon

Tuluy nyaur ser kadieu Patih Madu/ kumaha maksud teh hasil/ kula mani kesel nunggu/ hayang geura meunang warti/ pasal Maha Sunda Katong

Cong sembahna ki utusan Patih Madu/ kaulanun hibar Gusti/ serat sinareng kikintun/ sadaya parantos katampi/ ku rai dalem Sang Katong

Patih Madu galantang tuluy miunjuk/ pamendakna ti mimiti/ sarambut henteu kalarung/ bingah manah Sang Narpati/ gumujeng Sang Daha Katong

Tuluy nyaur ka Sang Prabu Hayamwuruk/ ama milu bungah ati/ muga masing lulus banglus/ waras badan waras ati/ tetep tumetep marabon

Ayeuna mah geus aya panglipur kalbu/ nu sumanding beurang peuting/ ajar sakti dukun lepus/ keur nambaan rudet galih/ nyaeta Nyi Putri Anom

Mesem leleb Maha Ratu Hayamwuruk/ cong sembahna pok ngalahir/ hibar pangdunga kasuhun/ sing lulus suka basuki/ tampi nugraha Yang Manon

Langkung bingah manah eta tilu Ratu/ damelna teu aya deui/ ti sajolna Patih Madu/ ngan tata-tata sayagi/ bari mapaes karaton

Abdi-abdi kabeh pakepuk tagiwur/ nu ka leuweung nu ka cai/ ngalasan uncal jeung lembu/ anu lintar nu ngajaring/ anu ngabedahkeun balong

Munding lembu keur sayagian tatamu/ geus sadia kari meuncit/ kitu deui bangsa lauk/ anu gede anu leutik/ pinuh situ pinuh balong

Geunjleung dayeuh ibur guyur salelembur/ ku beja Putri rek sumping/ pipadmieun Kangjeng Ratu/ sakabeh pangagung nagri/ ngiring bingah ka Sang Katong

Unggal poe merul nu bakti ka Ratu/ utusan ti unggal nagri/ nyandak barang nu aralus/ keur Ratu jeung Rajaputri/nu pangreana panganggo

Ki Syahbandar ripuh nguruskeunkikintun/ kapal jol deui jol deui/ paheula-heula balabuh/ mani nakleuk di basisir/ ku semah jeung ku nu nongton

Ku bawaning lega jajahan Sang Ratu/ ngabawah opat jaladri/ tanah nu lendo nu makmur/ dina lebah hajat Gusti/ matak olohok nu nenjo

Kapal sampan jeung rupa-rupa parahu/ nu babakti ka Narpati/ pateep mangrewu-rewu/ mani teu katenjo cai/ lir kayu apu di balong

Tambah poe tambah pakepuk tagiwur/ urang dayeuh urang sisi/ riab nu mager nu nyapu/ nagri kudu resik resmi/ komo di jero karaton

Hurung mendung papajangan jinem agung/ diatur diadu manis/ tina bisana nu ngatur/ rarawis disulang seling/ matak sedep nu nenjo

Bingah manah Kangjeng Ratu Hayamwuruk/ ningali papaes puri/ pintonkeuneun ka Retnayu/ kembang soca buah ati/ anu keur diantos-antos

Tunda heula anu keur ibur tagiwur/ eusi nagri Majapait/ nu rek kasumpingan tamu/kocap nu dianti-anti/ nyaeta Sang Sunda Katong

Nu keur ngalun sukan-sukan tengah laut/ ngan heuleut sapuluh peuting/ ti sajolna Patih Madu/ ka nagara Majapait/ aleutan kapal geus anjog

Anepaken geus ngadeuheus ka Sang Ratu/ nguningakeun tereh sumping/ malah kapal nu ti payun/ keur tata-tata sayagi/ moal lami deui mengkol

Saur Ratu dimana urang geus asup/ ka bangsawan Majapait/ leuwih hade urang nunggu/ pamapagna Sri Narpati/ neangan tempat keur ngaso

Milih bae tempat anu rada iuh/ engke oge sugan manggih/ gancangna Patih geus mundur/ ngemban dawuhan Narpati/ henteu lila kapal mengkol

Geus badami Patih jeung para pangagung/ ti muhara terus mudik/ ngaleut lalaunan maju/ kacarita anggeus nepi/ ka Bubat kapal geus anjog

Urang Bubat tagiwur lalajo tamu/ heurin usik sisi cai/ nongton kapal ratus-ratus/ Ki Kuwu Bubat caringcing/ gancang lapor ka Sang Katong

Kabeneran Prabu Daha Prabu Sepuh/ sareng Ratu Majapait/ nuju lalinggih ngariung/ gendu raos bab Nyi Putri/ anu keur diantos-antos

Tilu Ratu barang ngadangu Ki Kuwu/ geus aya di Pancaniti/ rek lapor perkara tamu/ enggal disaur ku Gusti/ dipariksa aya naon?

Kinanti[édit]

Dawuh Gusti kaulanun/ mugi aya widi Gusti/ bade ngunjukeun pamendak/ reh tatamu parantos sumping/ nyandak ratus-ratus kapal/ di bangawan heurin usik

Sumpingna Sang Sunda Prabu/ nyata sareng Rajaputri/ baladna tanpa wilangan/ pangkat agung pangkat alit/ dicandak katut garwana/ dikerid peuti sanagri

Ibur guyur sisi laut/ heurin usik di basisir/ muhara pinuh ku kapal/ sampan parahu pabeulit/ sumpingna aleut-aleutan/ ti enjing dugi ka burit Parahu paburu-buru/ milih tempat sisi cai/ ditingal ti katebihan/ ngabrul lir siraru jadi/ sapalih layar ka girang/ ku bawaning hayang nyisi

Parantos dugi ka Canggu/ aleutan parahu alit/ ngajajar sisi walungan/ dupi kapal Sri Narpati/ bareng kapal para menak/ lebah Bubat parantos nyisi

Teras ngadamel tatarub/ pasanggrahan sisi cai/ unggal menak sewang-sewang/ diatur dibaris-baris/ teu tebih ti pasanggrahan/ palinggihan Sri Narpati

Ngemplong mun ningal ka kidul/ awas ka nu tebih-tebih/ sakuriling pasanggrahan/ pinuh ku parabot jurit/ tumbak binang teu kabilang/ bedil naranggeuh ngabaris

Ki Kuwu gemet miunjuk/ kaayaan di basisir/ teu aya anu kaliwat/ malah pasal para istri/ cacandakan Ratu Sunda/ diunjukeun ka Narpati

Yen gareulis tur lalucu/ tinglalenghoy di basisir/ lir wanita kahyangan/ tarurun ti luhur langit/ rek sariram di sagara/ ameng ngabeberah galih

Kangjeng Ratu bingah kalbu/ ngadangu tatamu sumping/ jeung sakitu tetelana/ laporan Ki Kuwu tadi/ tuluy barempag tiluan/ rek mapag nu nembe sumping

Patih kudu buru-buru/ kumpulkeun kabeh perjurit/ joli jampana kareta/ nu ditabur emas manik/ dikeput sutra dewangga/ papayonna kajang resmi

Besan kula enggeus cunduk/ di Bubat keur nganti-nganti/ datangna pamapa urang/ kula geus hayang papanggih/ jeung piminantueun kula/ jeung besan pon kitu deui

Jeung hayang ngayunkeun Ratu/ hoyongeun teapang jeung Putri/ pek gancang geura sadia/ para mantri suka ati/ mirengkeun timbalan Raja/ sami unjukan ka Gusti

Laksa bingah sewu nuhun/ abdi Gusti seja ngiring/ mapag Kangjeng Ratu besan/ bawiraos abdi Gusti/ estuning upami pisan/ menggahing keresa Gusti

Ngagem pituturing sepuh/ nu asih dipulang asih/ nu keras dipulang heuras/ ayeuna Sang Sunda Aji/ sumping nohonan subaya/ sae dipapag dipusti

Tangtos Maha Sunda Ratu/ moal benten sareng Gusti/ palayeun enggal patepang/ nyakseni pangangken Gusti/ sareng Sri Maha Nalendra/ anu mangkon Majapait

Kangjeng Ratu Hayamwuruk/ mesem ngadangu pramantri/ arunjukan ka ramana/ bangun gumbira teh teuing/ prabu Sepuh Prabu Daha/ arimut lucu ningali

Langkung bingah lebet kalbu/ raos saniat sapikir/ sakasuka sakaduka/ anjeuna jeung abdi-abdi/ cindekna mangsa harita/ nuju raos suka seuri

Kocapkeun hiji pangagung/ Patih agung Majapait/ katelahna Gajah Mada/ tameng dada Sri Narpati/ patarosan sadayana/ minangka tutunggul nagri

Banget milu teu panuju/ kana kersa Sang Narpati/ teu cocog jeung kahayangna/ henteu rujuk teu sapikir/ pageuh keukeuh Gajah Mada/ salia jeung kersa Gusti

Patih Gajah Mada kerung/ tungkul di payuneun Gusti/ kabeh nu keur galumbira/ para mantri jeung bupati/ nenjo ulat Gajah Mada/ bangun nu salia pikir

Balakrama kangjeng Ratu/ gulang-gulang kitu deui/ ngintip ti carangcang kawat/ tapi taya nu kaciri/ ngan nenjo ku juru mata/ reret deui reret deui

Nu geus nyahoeun tarungkul/ barina teu kendat mikir/ heran ku Ki Gajah Mada/ naha salia pamanggih/ beda pisan ti nu rea/ naon sabab teu kaharti

Para bupati tumenggung/ nu calikna rada tebih/ silih toel jeung baturna/ nganaha-naha Ki Patih/ bet siga nu teu mupakat/ boa aya pasal muskil

Jep jempe nu keur karumpul/ nenjo patih ngeser calik/ cong sembahna Gajah Mada/ unjukan ka Sri Narpati/ nun Gusti Maha Nalendra/ mugi aya widi Gusti

Sumeja nyundul pihatur/ sanes pisan abdi Gusti/ teu tuhu kana dawuhan/ teu ngiring bingah ka Gusti/ namung awon teu unjukan

Nyembahkeun sewu bebendu/ hal perkawis Kangjeng Gusti/ ngersakeun angkat ka Bubat/ mapag Sang Sunda Narpati/ sae kasarehkeun heula/ reh emutan abdi Gusti

Kersa Ratu sunda Agung/ tina perkawis Sang Putri/ matak sesah sadaya/ reh ngamaha tata-titi/ ngarempak tata nagara/ pulitikna Majapait

Sewu bebendu kasuhun/ upami sarjuking galih/ sae antosan heula/ wangkid opat lima wengi/ Jeng Gusti lintang uninga/ menggah mapag tamu Gusti

Hartosna Gusti mupunjung/ nyatana Gusti mupusti/ ku emutan matak cambal/ ka salira dampal Gusti/ matak pupul kaagungan/ matak surem Majapait

Sareng upami diemut/ kaagungan dampal Gusti/ disembah ku para raja/ Palembang Wandan Tumasik/ Koci Sawangkung Madura/ Tanjung Pura jeung Bali

Tangtos manah para Ratu/ sugri nu sujud ka Gusti/ babakti dunya barana/ anu ngadeuheus buligir/ diboboreh atal punar/ sadaya sami nyungkelit

Margi benten ti kapungkur/ menggahing panampi Gusti/ sanes mapalangan kersa/ nyembahkeun agung aksami/ sumerah sadaya-daya/ kumambang ka kersa Gusti

Jadi Patih teh timburu?/ kaulanun dawuh Gusti/ timburu sok mawa salah/ jeung hal kaagungan kami/ jembar pinuh jagat raya/ moal leungit ku kaciwit

Pok deui Ki Patih matur/ duh Gusti panutan abdi/ yaktos rupina mokaha/ raos teu matak balai/ namung karisi karempan/ menggahing di abdi Gusti

Wuwuh lami wuwuh nyusun/ inggis batan maut hinis/ awit karaos misobat/ nanging keukeuh dina ati/ moal lana misobatna/ engke ge tangtos katawis

Robahna Sang Ratu sunda/ jalaran dipundi-pundi/ dipapag dihormat-hormat/ tangtos miconggah ka Gusti/ wantun mapadani harkat/ abdina nya kitu deui

Jalaran ningali Ratu/ taya kainggis kagimir/ antukna taya bentenna/ musna kaagungan Gusti/ suda komara nagara/ turun harkat Majapait

Kangjeng Ratu Hayamwuruk/ kairut ku saur Patih/ kawas geus kitu kuduna/ takdir anu Maha Suci/ gara-gara aya perang/ pupucuking banjir getih

Sagala nu dipiunjuk/ ku Gajah Mada Papatih/ lebet kana manah Raja/ ku Ratu geus teu kagalih/ menggah kasalahanana/ alpukahna eta Patih

Beubeunangan Patih Madu/ hese cape beurang peuting/ jeung panghormat Ratu Sunda/ ka utusan Majapait/ musna teu aya gunana/ mungkur tina manah Gusti

Pangkur[édit]

Malah ti waktu harita/ kangjeng Ratu ngalarang para mentri/ teu meunang arekpupundut/ ka tamu Ratu sunda/ para mantri bupati tumenggung/ sakabeh anu kumpulan/ kaget mireng dawuh Gusti

Teu sangka sacongo rema/ kangjeng Ratu kapincut ku Ki Patih/ nepi ka nimbalan kitu/ asa tibalik pisan/ jauh-jauh tamu ti Sunda ngajugjug/ ari datang dibenduan/ nu asih dipulang sengit

Kabeh ponggawa ngarupat/ ngan teu wani unjukan ka Narpati/ tungkul sami ngandung bingung/ rek baha taya peta/ sabab jalma kana sumpah kudu tuhu/ jeung sieun ku Gajah Mada/ papatih pamuking jurit

Kocap nu keur masanggrahan/ Ratu Sunda di Bubat jeung pramantri/ ngantosan pamapag Ratu/ unggal poe sadia/ geus diatur pipetaeun waktuna jung/ iring-iringan ti Bubat/ ka karaton Majapait

Tapi sakitu lilana/ taya bae pamapag Sri Narpati/ enggalna Ratu ngadangu/ warta ti kaluaran/ yen pribumi kagungan manah timburu/ lantaran ti Gajah Mada/ Ratu Sunda hemeng galih

Teras ngumpulkeun ponggawa/ rek barempag jeung kabeh para mantri/sanggeus pangagung karumpul/ tuluy pok Ratu sunda/ ngadawuhkeun sagala anu kadangu/ piunjukna Gajah Mada/ ka Sang Ratu Majapait

Pirempag para ponggawa/ langkung sae tegeskeun masing sidik/ bilih eta wartos palsu/ enggalna Kangjeng raja/ geus nimbalan mantri ponggawa gegedug/ keur ngapingan Ki Utusan/ ngadeuheus ka Majapait

Harita nu baris miang/ Anepaken tameng dada Sri Narpati/ demang Caho pamuk pupuh/ katut panghulu Borang/ Patih Pitar papatih Sang Ratu Galuh/ reujeung tilu ratus balad/ nu karosen beunang milih

Sami marangkat ti Bubat/ terus ngidul henteu ngaraso deui/ ngajugjug mayura agung/ terus ka Palawean/ terus ngetan bras jalan nu ngidul/ nepi ka Pabalantikan/ ngajugjug bumi Ki Patih

Barang geus nepi ka dinya/ Anepaken geus teu tatanya deui/ jeung pangiringna arasup/ teu menta idin heula/ tuluy eureun di ancak narunggu/ handapeun tangkal asoka/ alum mesum bangun pusing

Harita Ki Gajah Mada/ nuju aya keur nyarios jeung mantri/ mantri werda nu geus sepuh/ nu geus legok tapakna/ nyarioskeun sumpingna Sang Sunda Prabu/ lain peta sawajarna/ tawisna henteu babakti

Jalanna kawas misobat/ tapi lamun dipikir dibulak-balik/ tetela lampahna palsu/ terus Ki Gajah Mada/ nyariosna henteu tolih ka nu cunduk/ luareun carangcang kawat/ jongjonngupatna ngabuih

Sababaraha lilana/ Ki utusan diantep ku pribumi/ keuheul sakabeh tatamu/ maraju babarengan/ sup ka regol terus ngambreg mani ngabrul/ ka lebah manguntur sela/ tempat seba para mantri

Menta idin ngadeuheusan/ tapi weleh teu pisan dipiduli/ bolampar ngaku dirawu/ malah anu jaraga/ nenjo ulat dunungan milu merengut/ ngabalieur bangun ngewa/ utusan Sunda badami

Tumenggung Panghulu Borang/ sasauran ka Anepaken Patih/ mun urang teu wani asup/ liwat carangcang kawat/ siga naon kapan ngemban dawuh Ratu/ urang keur jadi utusan/ hade goreng kudu bukti

Ti batan jeung dihina mah/ ku emutan utama miceun pati/ batur mawa tilu ratus/ asa meujeuhna pisan/ lamun urang mangsa ieu kudu tarung/ ngetoh pati jiwa raga/ parepeh keur bela bumi

Demang Caho geus mupakat/ tuluy geblus arasup jeung Ki Patih/ sanggeus utusan arasup/ Gajah Mada curinghak/ bari nyaur dina salebeting kalbu/ tah geuning pangagung Sunda/ Ki Anepaken Papatih

Pok Gajah Mada mariksa/ aeh-aeh geuning nu ti basisir/ geus lila kakara muncul/ bagea Urang Sunda/ pangkat naon ieu anu cararunduk/ kaula mah tacan terang/ pangkat anjeun hiji-hiji

Anepaken ngawalonan/ sareh pisan, sim kuring pangkat Patih/ utusan Sri Maha Ratu/ sareng ieu Ki Demang/ Demang Caho ari itu nu beh ditu/ Tumenggung Panghulu Borang/ eta nu saurang deui

Katelahna Patih Pitar/ Patih Putri Retnayu Citraresmi/ jujuluk Nyi Putri Galuh/ mesem Ki Gajah Mada/ bari nyaur ngagumujengkeun tatamu/ kutan kabeh oge menak/ naha atuh dusun teuing

Patih teu nyaho di tata/ tumorojog teu permisi deui/ naha biasana kitu?/ Ki Anepekaen jawab/ aeh-aeh ulah waka nyebut dusun/ rasa kuring sawangsulna/ anjeun kurang tata-titi

Kuring sakitu lilana/ nunggu-nunggu anu mapag ti nagri/ tapi henteu aya cunduk/ nu matak kuring datang/ ditimbalan ngadongdon ku Kangjeng Ratu/ dumeh teu aya timbalan/ ti Sang Raja Majapait

Kersana Sang Ratu Sunda/ mun geus beres moal dilami-lami/ bade enggal-enggal ngutus/ nimbalan tata-tata/ sakabehna abdi-abdinu di Canggu/ kitu deuinu lian/ nu aya di Ampel Gading

Jeung nu di Geresik pisan/ kapal-kapal kudu ngumpul ngahiji/ arek gancang disalaur/ jeung kabeh somah-somah/ urang Lasem nu baris nyuhun jeung nanggung/ mawa cacandakan Raja/ pikeun Ratu Majapait

Rupa barang anu arendah/ Ratu Sunda kitu ngutus ka kuring/ sangkan geura lulus banglus/ laksana nu diseja/ hayang geura ningali putra jeung mantu/ palebah rendenganana/ kitu kersa Kangjeng Gusti

Mesem Patih Gajah Mada/ Anepaken anjeun teh pangkat Patih/ tapi patih oge dusun/ teu terang diurusan/ henteu pernah anjeun make peta kitu/ henteu terang kana adat/ teu meujeuhna jadi Patih

Anjeun teu boga kawasa/ enya oge anjeun teh jadi Patih/ na turunan naon kitu/ aneh teuing nya peta/ lamun anjeun paham tata reujeung hukum/ papagon ngeuyeuk nagara/ piraku sonagar sisi

Bisi anjeun tacan terang/ para Ratu nu sarumping ka nagri/ rekngadeuheus ka Sang Ratu/ Tumasik Tanjungpura/ Sampit Wandan Koci Bali jeung Sawangkun/ kabeh sumujud sumembah/ kana dampal Sri Narpati

Jeung nyanggakeun rupa-rupa/ barang-barang nu araneh arawis/ babakti ka Ratu Agung/ tah kitu biasana/ alus pisan lamun ku anjeun ditiru/ da bejana geus sadia/ arek bakti Raja Putri

Iraha rek dicandakna/ Raja Putri disanggakeun ka Gusti/ atuh mending buru-buru/ sabab kitu tatana/ engke kula nu ngunjukeun ka sang Ratu Tangtu Sri Maha Nalendra/ ngempelkeun pangagung nagri

Pangagung jeung jaksa-jaksa/ para sadu tangtu kabeh nyakseni/ baris narima tatamu/ meureun pinuh paseban/ cing kumaha mupakat upama kitu/ Pudigdig ngambek utusan/ ngadangu saur Ki Patih

Rarayna lir cabe asak/ cepil panas raraosan disebit/ ngagidir tuluy pok nyaur/ He Patih Gajah Mada/ nyata anjeun adigung jeung lungsur saur/ ngahina ngahampas jalma/ wani miwarang babakti

Siga ka bawahanana/disamikeun ka Ratu Wandan, Koci/ naha anjeun teh kaliru/ atawa dihaja/ Ratu Sunda teu kudu sumujud kitu/ da lain bawahanana/ na iraha eleh jurit

Sunda tacan eleh perang/ rebut jiwa jeung urang Majapait/ sumawon ngarasa taluk/ malah lamun teu salah/ jeung teu lali anjeun basa perang pupuh/ nyandak balad pirang-pirang/ ngagempur lembur laleutik

Ngaranjah di pakampungan/ urang sunda mubus ka mana mendi/ balad Jipang ngangseg maju/ barang jol Patih Sunda/ maju jurit balad anjeun kalalabur/ mantri anjeun duanana/ teu kuat ngayonan jurit

Mantri les tepi ka mangsa/ Ki Beleteng oge nemahan pati/ prajurit anjeun malabur/ dihantem dibuburak/ sawreh mah paraehna siga lutung/ tingjumpalik kana jurang/ nu harirup serah diri

Ku sabab eta ayeuna/ ku kahayang ulah kaliwat teuing/ adigung jeung langsur saur/ teu hade balukarna/ rasa anjeun aturan anjeun teh alus/ tapi saenya-enyana/ nyasabkeun nu bersih ati

Lamun keukeuh goreng niat/ julig dengki ka nu bersih ati/ sing emut hukum Yang Agung/ jadi parab naraka/ Gajah Mada ngadegdeg bawaning napsu/ mani beureum pameunteuna/ nyaur bari ngagidir

Surup temen ka patutna/ urang Sunda teu boga titi surti/ majar maneh Patih Madu/ geus asak subayana/ diparake tutur catur pangna nyusul/ asa heueuh dipienya/ jalma henteu boga pikir

Ieu perkara ku kula/ rek diatur jeung moal lila deui/ diunjukeun ka Sang Ratu/lamun geus kawidian/ tangtu pisan Kangjeng Ratu engke ngutus/ tungguan bae di Bubat/ putusanana Jeng Gusti

Lamun Ratu teu mupakat/ kana ngutus ponggawa ka basisir/ Bubat alamat dikepung/ unjukeun ka Sang Raja/ Ratu Sunda sina ngantos ulah mundur/ sadia masing sayaga/ tata balad taki-taki

Kuma kersa Raja Sunda/ sukur pisan lamun kersaeun ngiring/ kana kahoyong Sang Ratu/ Ratu di Wilwatikta/ tapi lamun anjeuna mungkir teu purun/ tangtu dirajah dicacag/ ditumpes dibabad pacing

Dijieun balay di Bubat/ rek dipake parab gagak dibasmi/ tah ayeuna anjeun maphum/ kana kersa Nalendra/ pek pikiran masing asak masing lembut/ ngambek Ki Papatih Sunda/ He Gajah Mada nu julig

Ngucap teu diungang-ungang/ sanes adat panata Senapati/ sanes tata menak luhur/ nurutkeun kitab mana/ tata kitu jauh ti tata pangagung/ estu lampah jalma jahat/ tukang julig tukang dengki

Tumenggung Panghulu Borang/ ambek nyedek kumerot jeung ngagidir/ singkil barina pok nyaur/ He Patih Gajah Mada/ eukeur naon loba-loba teuing saur/ teu perlu dilila-lila/ Urang Sunda geura siksik

Kuring tameng dada Raja/ moal miris ku pati jeung ku getih/ jeung niat bela ka Ratu/ anjeun neangan wadal/ geus sadia aya balad tilu ratus/ hayoh ayeuna kaluar/ candak sadaya prajurit

Geura kepung urang Sunda/ urang ngitung tatu jeung naker getih/ mun kuring kabeh geus tumpur/ anjeun tangtu sugema/ sabab nu nyesa ngan para istri jeung Ratu/ anjeun senang nya ngarajah/ kitu tata Majapait

Mundelik Ki Gajah Mada/ raray beureum cepil raosna rawing/ ngadegdeg tuluy jung nangtung/ perjurit nu jaraga/ cekcok ngomong saringkil ngantosan dawuh/ rek ngaronom urang Sunda/ hayangeun ngababad pacing

Sinom[édit]

Pandita Asmaranatha/ ningali ulat Ki Patih/ enggal nyaur sareh pisan/ hih ulah kitu anaking/ mending sina repeh rapih/ henteu sae ngumbar napsu/ reujeung ieu utusan/ ulah pada nyeri ati/ engke heula dangukeun omongan ama

Ulah ngalumbar amarah/ mending sing rapih badami/ da maksudna Sri Nalendra/ istuning sae teh teuing/ dimana Sri Narpati/ jeung kabeh para Tumenggung/ geus barempag mupakat/ meureun moal robah deui/ tangtos pisan tuhu kana perjangjian

Kaunggel dina Purana/ riwayat anu bihari/ yen nu goreng laku lampah/ nu sok hasud hiri dengki/ geus moal salah deui/ tampi adiling Yang agung/ calon eusi naraka/ ku sabab eta anaking/ ulah gugup nyarios sing lungsur-langsar

Kapan kersa Ratu sunda/ tetep nepi ka kiwari/ rek ngarendengkeun putra/ ka Sang ratu Majapait/ ayeuna dua Patih/ di dieu eukeur barempug/ kumaha diaturna/ rendengan Putri jeung Gusti/ tacan berse keur nuju ditimbang-timbang

Kitu saur Sang Pandita/ kalawan pasemon manis/ Anepaken ngawalonan/ Duh Jeng Rama Maha Resi/ piasur anu tadi/ langkung kateda kasuhun/ raos sareng merenah/ nyerep kana sanubari/ karaosna mandi cikahuripan

Estu yaktos Ratu Sunda/ sumpinga putih beresih/ teu aya manah rangkepan/ mung bade nohonan jangji/ ngajajapkeun Nyi Putri/ nepangkeun ka Parabu mantu/ ngalaksanakeun kersa/ namun paniatan tadi/ dikiruhan ku Ki Patih Gajah Mada

Diruksak ku peta badag/ dirurujit ku nu dengki/ dugi ka kieu jadina/ seep kasabaran abdi/ leungit panata Patih/ kaduruk ku ahli hasud/ Ki Gajah Mada cengkat/ molotot pasemon bengis/ bari ngancam ngamang-ngamangkeun curukna

Aeh-aeh Patih Sunda/ patih dusun ti paminggir/ na kumaha hartina/ omongan kaula tadi/ ngaku bae papatih/ pangartina kawas kunyuk/ make euweuh eureunna/ ti tatadi nuding dengki/ ngawiwirang nurustunjung ka patutna

Anepaken deui cengkat/ males nunjuk estu wani/ ieu manusa teh nyata/ lain hampuraeun deui/ kudu dilawan bengis/ make wani nyebut kunyuk/ he Patih Gajah Mada/ kunyuk rawun Majapait/ geura wakca naon ciciren andika

Ageman di pangperangan/ tanda senapati jurit/ Gajah Mada gancang jawab/ bisi hayang nyaho ciri/ pamuking Majapait/ nu dina kareta agung/ payungna sutra mubyar/ make tanda menak leuwih/ banderana disulam ku benang emas

Direkakeun gajah meta/ sarta diaping diiring/ ku perjurit pirang-pirang/ tah engke lamun ningali/ anjeun ulah gimir/ maju lamunna kauntup/ walon Ki Patih Sunda/ engke mun ajeun ningali/ menak Sunda nu dongkapna nitih kuda

Kudana gede tur gagah/ hideung meles beunang milih/ selana dilakop emas/ pedangna nya kitu deui/ dipontrang emas manik/ make baju saten wungu/ disuat udat emas/ sabukna hurung dumeling/ ditaretes ku sosoca mancawarna

Warna payung jeung bandera/ hideung mulus wisnuwarni/ pepentol payungna emas/ tamengna pon kitu deui/ dilakop emas manik/ ditaretes inten murub/ bari nyekelan tumbak/ beusi malela lineuwih/ gagang tumbak diceplok-ceplok ku emas

Make siger tanda menak/ pangagung anu pinilih/ pamanggul perjurit Sunda/ jeung make calana pangsi/ tanda papatih nagri/ batikna giringsing kawung/ tah engke lamun mendak/ nu ngagem ciciren tadi/ ulah mundur tangtu eta Patih Sunda

Nu kongas ahli perang/ matak gimir nu ningali/ sae ku anjeun tepangan/ bisi rek ngadu pasini/ meuereunan manggih tanding/ tepung pamuk pada pamuk/ silih tatuan awak/ saha nu liat kulit/ hayang nyaho saha anu teuas awak

Pandita Asmaranatha/ nyaur deui ririh rintih/ nyapih Patih nu patelak/ hih ulah kitu anaking/ naha bet pada lali/ pada kalangsu nya nyaur/ cing atuh ayeuna mah/ urang nyareat saeutik/ liren heula ngarah tiis mamanahan

Ari emutan ama mah/ lamun sapuk sareng galih/ para utusan Pasundan/ ayeuna sae mulih/ da moal lepat/ Maha Prabu tangtos ngutus/ cek bule cek hideungna/ engke tangtos katingali/ antos we watara dua dinten mah

Caralik bae di Bubat/ ambeh lempar heula galih/ muga-muga Sri Nalendra/ kersaeun nohonan jangji/ engke lamun geus bukti/ moal lepat Patih Madu/ nu baris diutusna/ ngemban dawuhan Narpati/ cing kumaha emutan para utusan?

Para utusan Pasundan/ sanggeus ngadangu Sang Resi/ kitu kasauranana/ teu panjang galih deui/ tuluy pamit rek mulih/ Sang Pandita muji sukur/ enggalna geus barudal/ ngabrul ti pakuwon Patih/ gagancangan marulih deui ka Bubat

Dangdanggula[édit]

Kacarita Anepaken Patih/ sakancana geus nepi ka Bubat/ teras ngadareuheus bae/ ka pasanggrahan Ratu/ para tanda jeung para mantri/ geus caralik ngajajar/ marando tarungkul/ ari prajurit diukna/ hempak bayak dina handapeun caringin/ Anepaken cong nyembah

Kaulanun Sang Nara Dipati/ abdi Gusti sadaya utusan/ parantos cekap ngadongdon/ malah parantos tepung/ sareng Patih ti Majapait/ pun Gajah Mada tea/ tameng dada Ratu/nu ngandung hate curiga/ tetep nyangka pangGusti ka dieu sumping/ sanes nepangkeun Putra

Namung ngandung pulitik nu buni/ nyata pisan saunggeling warta/ nu kadangu ku Pagusten/ kitu deui Sang Ratu/ Sri Nalendra di Majapait/ nu sakitu agungna/ pinunjul linuhung/ kapincut kabawa sasab/ ku alpukah Ki Gajah Mada Papatih/ mugi Gusti uninga

Cindekna mah kabingahan Gusti/ nu kacipta ti ngawitan angkat/ waktos jengkar ti karaton/ musna teu aya nu kantun/ kitu deui sadaya abdi/ nu rek nyakseni pesta/ pugag buntu laku/ kahesean kacapean/ nyayagikeun panghormat ka Raja Putri/ mubadir sadayana

Dalah ieu sadayana abdi/ untung keneh tiasa marulang/ ngadeuheusan ka Pagusten/ awtna bade ngamuk/ tetekadan narohkeun pati/ ku jalaran dihina/ ku Ki Patih Majapait/ galantang Ki Patih Sunda/ nyarioskeun lampahna