Wikipabukon:Naon Wikipabukon téh?

Ti Wikipabukon
Kaca ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun.

WikipabukonArsip Dokumén Bébas – nyaéta hiji proyék Yayasan Wikimedia pikeun nyiptakeun perpustakaan naskah sumber kalawan eusi bebas, ogé tarjamahan naskah sumber dina basa naon waé.

Kaca ieu ngécéskeun naon Wikipabukon téh, naon waé nu teu diwengku, jeung naon nu ngabédakeunana jeung proyék-proyék Wikimedia séjénna. Katerangan dina kaca ieu rélatip singket, ngan di handap disadiakeun pranala ka kaca kawijakan nu leuwih lengkep. "Diskusi" ngeunaan kawijakan kudu diobrolkeun dina kaca sawala kawijakan anu relevan.

Sajarah[édit]

Wikipabukon atawa Wikisource - asalna dingaranan Project Sourceberg ("pelesetan" tina kecap Project Gutenberg) - dimimitian dina 24 Nopémber 2003 dina domain sources.wikipedia.org, minagka kumpulan naskah pangrojong pikeun artikel di Wikipédia. Ngaranna dirobah jadi Wikisource dina 6 Désémber 2003. Alamatna sacara resmi dipindahkeun ka wikisource.org dina 23 Juli 2004. Éta tumuwuh gancang, ngahontal jumlahna aya 20.000 naskah dina sagala rupa basa dina 18 Méi 2005.

Dina Agustus jeung Séptémber 2005, Wikisource dipindahkeun ka subdomain masing-masing pikeun basa-basa anu béda. Wikipabukon basa Sunda mulai ngamimitian gaduh subdomain sorangan anu diluncurkeun dina 16 Agustus 2023.

Naon nu kaasup jeung teu kaasup kana lingkup Wikipabukon?[édit]

Sababaraha jinis naskah anu kalebet dina lingkup Wikipabukon nyaéta:

  1. Naskah sumber anu geus dipedalkeun ku pangarangna.
  2. Tarjamahan naskah asli.
  3. Naskah sajarah dina lingkup nasional atawa internasional.
  4. Bibliografi pangarang anu karyana dimuat dina Wikipabukon.

Sababaraha kritéria dasar pikeun naskah anu teu kaasup dina Wikipabukon nyaéta:

  1. Palanggaran hak cipta
  2. Tulisan asli atawa orisinal tina kontributor éta proyék
  3. Data, rumus, jeung tabél matematika
  4. Kode sumber (pikeun komputer)
  5. Data sumber statistik (sapertos hasil pamilihan umum)

Ieu mangrupakeun hal-hal pang dasarna, anu teu kalebet tina Wikipabukon. Bisa jadi aya hal-hal sanés anu teu kaasup ku kawijakan atawa konvénsi.


Basa jeung tarjamahan[édit]

Wikipabukon nyaéta proyék multibasa. Naskah sareng tarjamahanana dina sababaraha basa tiasa diasupkeun kana subdomain anu sesuai.

Wikipabukon ieu dipaké pikeun:

  • Naskah sumber anu maké basa Sunda.
  • Tarjamahan basa Sunda tina naskah sumber tina basa séjén.

Wikipabukon jeung proyék Wikimedia séjén[édit]

Wikipabukon jeung Wikibuku[édit]

Aya saeutik bédana antara dua proyék ieu. Wikipabukon meunang ngumpulkeun bahan-bahan anu dipedalkeun di tempat sejen, sedangkeun Wikibooks nyaéta bahan ajar anu dijieun sorangan ku kontributorna. Wikipabukon tiasa ditingali minangka perpustakaan karya boh dina domain umum atawa dilisensikeun sacara bébas.

Wikipabukon jeung Wikipédia[édit]

Lamun Wikipédia mangrupakeun énsiklopédia, mangka Wikipabukon mangrupakaun perpustakaan. Wikipédia ngandung artikel ngeunaan buku, sedengkeun Wikipabukon ngandung eusi éta buku.

Tingali ogé[édit]