Lompat ke isi

Wikipabukon:Sawala

Tambah jejer
Ti Wikipabukon
Komentar terbaru: 2 hari yang lalu oleh Mirani Pramitasari pada topik Konsensus untuk pemasangan spanduk
Sawala

Sawala anyar

Komunitas

Pitulung
Émbaran



Wilujeung sumping dina kaca sawala Wikisource basa Sunda! Tempat pikeun ngabahas naon waé ngeunaan ieu proyek, kawijakan jeung usulan, masalah téknis, jsb.

Mangga tambahkeun jejer anyar ka handap kaca ieu. Lamun anjen ninggalkeun komentar, ulah poho tanda tangan sareng titimangsa tulisan anjeun ku ngetik opat tilda (~~~~) dina tungtung komentar anjeun.





Pengajuan hibah rapid fund untuk transliterasi Cacarakan

[édit]

Sampurasun baraya Wikipabukon! Dina ieu kasempetan kuring baris ngabéwarakeun proposal hibah anu nuju digarap ngeunaan transliterasi jeung tarjamahan naskah cacarakan anu aya di Wikipabukon. Ieu hal didadasaran lantaran loba kénéh naskah anu teu aya vérsi laténna. Udaganana, ieu naskah-naskah bisa babari dibaca ku réréncangan sadayana lantaran aya vérsi laténna.

Proposal hibah tiasa diaksés di ieu pranala..

Kuring ngahaturkeun nuhun kanggo rojongan sareng saran ti réréncangan sadayana.

Salam Kepadalisna (obrolan) 28 April 2025 17.45 (WIB)Balas

Satuju Satuju Simkuring satuju kana ieu proyék, lantaran simkuring salah sahiji anu can bisa maca aksara cacarakan anu luyu tur bener, ku ayana proyék ieu harepan simkuring bisa maca tur paham kana eusi buku atawa naskah anu ditulis ku aksara cacarakan Pijri Paijar (obrolan) 28 April 2025 21.04 (WIB)Balas
Hatur nuhun kanggo rojongananana. Diantos kolaborasinanyaaa^^ Kepadalisna (obrolan) Kepadalisna (obrolan) 1 Juni 2025 11.22 (WIB)Balas
Satuju Satuju Simkuring ngadukung pisan kana ieu proyék, sabab ieu proyék téh bisa jadi léngkah awal supaya beuki loba jalma anu wawuh kana aksara cacarakan, hususna keur diri simkuring sorangan nu masih déét pisan élmuna ngeunaan aksara cacarakan. Harepan simkuring, ku ayana ieu proyék téh lain saukur ngenalkeun aksara cacarakan sangkan loba nu resep jeung hayang diajar leuwih jero, tapi leuwih ti éta bisa jadi conto pikeun inisiatif séjén nu tujuanana ngamumulé jeung ngamajukeun basa jeung budaya Sunda. Lany pirna (obrolan) 29 April 2025 12.41 (WIB)Balas
Mugia tiasa kolaborasi dina waktosna. Hatur nuhu kana rojonganana! Kepadalisna (obrolan) 1 Juni 2025 11.23 (WIB)Balas
Simkuring satuju kana ieu proyék, sae pisan proposalna! Transliterasi sareng tarjamahan naskah cacarakan ieu penting pisan pikeun ngajaga sarta ngamajukeun budaya Sunda. Ieu bakal ngabuka aksés anu langkung lega pikeun réréncangan sadayana, sarta ngajaga warisan literasi Sunda pikeun generasi anyar. Mugi proposal hibah ieu tiasa meunang dukungan anu diperlukeun sareng ngabawa pangaruh positif pikeun pelestarian budaya Sunda. Sukses terus! Zulaihamaryam (obrolan) 30 April 2025 13.18 (WIB)Balas
Hatur nuhun kana rojonganana^^ Hayu ngiring kolaborasi dina ieu proyek! Kepadalisna (obrolan) 1 Juni 2025 11.23 (WIB)Balas

Konsensus untuk pemasangan spanduk

[édit]

Apakah komunitas Wikisource bahasa Sunda memutuskan ingin memasang spanduk terkait pembatasan akses wiki di Indonesia? (Untuk pembahasan isu ini selengkapnya dapat disimak/berpartisipasi secara anonim di https://id.wikipedia.org/wiki/Wikipedia:Permohonan_pendapat/Pembatasan_akses_wiki_di_Indonesia_(Februari_2026)#Konsensus_untuk_isi_spanduk

Apabila mencapai konsensus, kita akan membawa hasil ini ke Meta untuk meminta supaya spanduk dipasang di situs-situs wiki bahasa-bahasa di Indonesia, untuk pembaca dari Indonesia, tanggal (tentatif) 23 Maret 2026, selama 31 hari (durasi paling lama), hingga 24 April 2026. Setelah itu, bisa diperpanjang melalui konsensus yang baru.

  1. Bennylin (obrolan) 3 Maret 2026 02.42 (WIB) sebagai inisiator.Balas
  2. Satuju Satuju Deepturquoise (obrolan) 3 Maret 2026 12.01 (WIB)Balas
  3. Satuju Satuju Mirani Pramitasari (obrolan) 5 Maret 2026 13.37 (WIB)Balas