Kaca:Baduj.pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Nanging upami ku urang eta anu uninga ngedalkeun ketjap Buda tea diseser ku pananja; kumaha eta agamana teh? ..... Tah anggoeun nalangan anu kedah ngawalon eta, perlu urang dadar kumaha agemanana Baduj ajeuna.

Urang Baduj gaduh sahadat sorangan panjangtjang imanna. Maranehanana pertjanten jen hirup sareng lara-bagdjana teh, kapurba ku anu wisesa, nja eta daja anu teu kahontal ku netra. Sugri anu kumelip teu aja anu ingkar tina kawasana maha wisesa tea. Nja ieu anu ku urang Baduj dipudja disembah-sembah, ilaharna di dinja digelar Batara Tunggal, ngandung hartos Pangeran anu teu dua teu tilu, murba di rat djagat wawajangan.

Harti, tumerapna rasa kana eta sesembahan, teu bina ti bangsa sanes, sapatotos teu bénten, malah ku sapalih urang Islam dihaminan, iman Baduj ka Pangeran, njata teu mi-Allah dua.

Nanging .......... nadjan poko anu djadi harti maranehanana kitu, enja pada njakseni jen eta anu Kawasa teh sanes maudjud anu nembres djunggerengna, ngan kumandang dina tjipta, jen njata wisesa tea, kawasa ngamudi hirup sareng hurip, n.urba sugri anu gumelar; nanging tah sanadjan kitu ...... da lumbrah harti da kedah guru bukti tea, mugguh ku anu miboga tea agem-ageman, ladjeng bae diwudjudkeun, dianggap bungkeuleuk aja ragaan, tjara kahanan manusa.

Ku margi ka dinja dilojogkeunana, pagah Batara Tunggal teh djelema, aja katjua kasuka, malah antekna mah make katerap ku djurig kuris sagala, ladjeng bae digarugu ditariru, embung ditjatjaran da Batara Tunggal ge henteu, tjenah.

Tina anggapan ieu, nja ngarundaj kana adat patjaduan, naon-naon anu tara, sareng henteu karandapan ku Batara Tunggal, mungguh di Badujna djadi bujut, tumerap dina kapertjajaan pageuh teu kenging dirobah.

10