Kaca:Baduj.pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Batara Tunggal tara tunggang kuda; urang Baduj bujut (tjadu) deui, komo kana tumpak kahar, mobil, kareta api mah, da Batara Tunggal teu uningaeun-uningaeun atjan. Eta margina anu mawi urang Baduj mah seueur pisan patjaduanana, teu wasa basana kana naon-naon anu dijadi pantrangan teh, sapertos kana: matja, nulis, sare dina randjang, tutumpakan, make papakean sedjen, sareng sadjabi ti eta sadaja teu wasa, tjenah.

Ku margi Batara Tunggal parantos aja dina sangka mangrupa djelema tea, ladjeng dirundajkeun apuputra-apuputra, dugi ka ragrag ka Puun.

Uun Tjikeusik harita sanggemna nembe 13 turunan ti Batara Tunggal, salsilahna:

1. Batara Tunggal apuputra Batara Patamdjala, apuputra Dalem Djanggala, ditema ku Aki Heulang Ngambang, turunan ka Puun Kaisbah, turun ka Puun Sandan, Puun Sanika, Puun Mangger, Puun Raji, Puun Dingget, Puun Waksir, Puun Tarsi, nja ana ditema ku Puun Djarmah, Puun Tjikeusik dina taun 1891, dupi Puun anu ajeuna anak atanapi intju eta.

Dupi Puun Tjibeo turunan ti Dalem Putih, putra Batara Tunggal anu istri.

Puun Tjikartawana nja turunan Batara Tunagal keneh, ti putra anu djenengan Dalem Lagundi. Djadi dina hartosna, Batara Tunggal teh anu murba saalam dunja tea, kungsi ngaraga manusa sarta dina mangsana keur djumeneng, atuh nja tuang, kulem, tani, kagungan garwa, kagungan putra, sok dagang, biasa usaha djelema bae, sareng sok teu damang katerap panjakit deui, ari tungtungna ...... pupus, mulih ka ..... Batara Tunggal keneh. Kitu dina imanna.

Kadjabi ti pertjaja ka Batara Tunggal maranehanana pertjaja ka Sang Hijang — Sang Hijang anu pada karagungan geugeuhan. Unggal lembur, unggal gunung, pada aja Sang Hijangna.

11