Kaca:Baduj.pdf/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sok aja Baduj anu darongkap ka Serang, dimana aja pepestaan Pangagung.

Dupi palungguhanana eta para Hijang teh teu tebih ti dinja, ajana di tjaket sirah walungan Tjiudjung sareng Tjisimeut (Tjiparahijang) anu wastana parantos kawentar disebat: Artja-Domas tea.

Artja-Domas teh dianggap ku urang Baduj mah tempat sutji, anu beh dituna sutji, anu dipundjung dipusti-pusti.

Aja naon di Artja-Domas teh, sareng kumaha kaajaanana di dinja teh?

Eta Artja-Domas teh hidji tempat di tengah leuweung luwang-liwung, meh teu beunang disaba ku djelema, dalah urang Baduj oge sanes dina waktuna mah teu kenging darongkap ka dinja, mung sakali sataun dina sasih ka 5 ka dinjana teh, bade ngaberesihan eta tempat, kitu oge kedah bari memendekan.

Dina sasih Djuli tanggal 5 taun 1864 tuan Koorders parantos sumping ka Artja-Domas, sareng njarioskeun pamendakna kinten-kinten kieu:

Djalan ka Artja-Domas, mapaj lebak njukang djungkrang anu garurawes, dugi ka kedah puntang kalong, ngalangkung

12