Kaca:Baduj.pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kana peupeuntjitan pokna bujut, nja kitu deui kana dahar daging bagong, kuda, sapi sareng salianna, tara, da tjadu; kadjabi mentjek, peutjang sareng untjal: Kitu oge tara dipeuntjit kaluar getihna, sapaeh-paehna ku gegendir atanapi pameupeuh bae, sareng sanes sakama-kama kengingna dahar daging eta oge, aja waktosna.

Aja oge nu sok didalahar sagawajah nja eta: sigung (tjeuk urang dinja mah: sogung), lalaj (madjarkeun teh: manuk leuleus, tjenah), sareng lauk tjai.

Kumaha ari kana bohong atanapi mipit teu amit, ngala teu menta, tjuraling tjulang-tjaling sok pandjang leungeun?

Djadjauheun urang Baduj mah; teu wawuh sareng ukal-ekol pangarahan teh, ieu mah estu nilas saplasna ngadek satjekna. Upami aja nu kanjahoan tjelenan-tjelenun, parantos teu pandjang tjarios deui kedah harita keneh ditundung, ladjeng dipitjeun ka hidji tempat minangka pangbuanganana.

Kana tjalanas-tjolonos ka anu sanes hadasna, teu terang urang Baduj mah, teu aja kitu teh, estu dipangkring ku pantrangan anu kereng pisan, bisi njoledat kana lampah karinah. Tumerap dina adatna, awewe anu parantos gaduh salaki, teu kenging kulutjas-keletjis huruwas-harewos njarios sareng nu sanes.

Kasukaan ngan wungkul mantun nanging kawas sanes ria² pangberah goang, ieu mah ngawawaas ngakelar maneh, ngebrehkeun kanalangsa hate, tawis sedih peurih ati; ras ka alam Padjadjaran, waktosna nudju luhung pinundjul; njarios dibarung hariring diselang kentrung katjapi.

Radjeun sok aja nu ngangklung, nanging lian ti eta mah teu aja.

Lembur urang Baduj teh aja dua rupi, nja eta hidii anu biasa disebat kampung djero atanapi kadjeroan, tanah larangan, sareng kadua, kampung panamping, atanapi kaluaran, kampung luar.

16