Kaca:Baduj.pdf/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Atra tętela dina beungeut urang Baduj mah, gambar sifat kadjembaran hatena sanes nu kalangkung luak leok, ngolembar babari gedag.

Anu disebat kampung djero, aja tilu luwuk nja eta: lembur Tjikeusik, Tjikartawana sareng Tjibeo, hidji-hidjina dikuta ku benteng tatangkalan anu biasa kapendak di kuburan. Djumlahna umpi dina ieu nu tilu lembur teu kenging langkung ti 40 kuren (eta teh sanes hidji lembur, nanging di anu tilu tea). Djiwana mah di kampung djero teh langkung ti 40 kuren, margi randa sareng barudak mah henteu kaetang. (Dina mangsa tuan Meijer sumping ka dinja, djumblahna urang kampung djero teh aja 184 djiwa).

Upami salah sahidji umpi ti anu 40 tea aja nu maot, eta kedah enggal digentosan ku anu parantos kurenan ti kampung luar, bawahan Puun nu kapapatenan tea, numutkeun pitjadangeunana.

Upami anak urang Kadjeroan aja nu kawin, djadi parantos kurenan, eta kedah aja nu enggal dikaluarkeun,

17