Kaca:Baduj.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

biasana anu parantos kolot, supados di kampung djero teu langkung ti 40 kuren.

Unggal kampung djero aja Puunna, djadi aja tilu puun sadajana.

Eta kampung djero tiluanana mandjang, ngudjur ti Kidul ka Kaler, lenang lingih bareresih.

Rorompok Puun anu pangkidulna majun ngaler atanapi panggirangna majun ngaler, teu kenging aja adegan sanes sakiduleunana, dupi rorompok urang djero anu ngadjadjar djadi dua baris, sisi Kulon sareng sisi Wetan, sabangun sapotongan saauran. Dupi di tungtung palih Kidul aja bale majun ngidul, djadi paeunteung-eunteung sareng rorompok Puun.

Sapengkereun bale palih tengah aja rorompok lisung disaungan. Unggal pengkereun rorompok aja leuit.

Rorompok-rorompokna meh sami bae sareng rorompok urang Sunda di pagunungan (pasisian), tihang kai dibilik, hateupna kiraj, wuwungna ku indjuk, kolong rorompok luhurna sameter dianggo parandje. Paranti turun unggah ka rorompok nganggo papangge. Ka pajunna nganggo tepas atanapi emper. Sisi papangge kedah bae naranggeuh lodong atanapi kele dieusi tjai.

Pantona rada pendek sareng singget (aja sapertos panto rorompok urang sisi bae) tengah rorompok ngoblog, di dinja ajana pakarang: gedogan, wuluku, patjul, papakean sareng sadjabi ti eta, raweuj biasa pabalatak. Di sisi bilik pengker palih kiwa aja parako, di sisi Kidul aja samak ngagebar sareng anggelna, (didjedjelan sanes ku kapuk, nanging ku siki kapas ditjampur kararas), nja ieu enggonna paragi sare. Salamina urang Baduj mah sararena kedah njanggirah ngidul.

Di para-seuneu kedah bae aja kusi (bangsa salipi, kaneron) ngagantung, anu didamelna daun tjangkuang dianjam, nja eta wadah ujah kabujutan.

18