Kaca:Baduj.pdf/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Di lebet rorompok mulek ku haseup, pararoëk, da mung aja lolongok bae hidji dina bilik pengker, bangunna pasagi disarigsig ku awi, anu minangka djandelana teh.

Dina bilik kedah bae aja keris sareng gobang. Dina pamidanganana (galar) sok aja eunteung alit nu alihan tea, paranti awewe upami ngaluis.

Rorompok Puun oge nja sapertos kitu bae, mung langkung ageng.

Dupi eta bale tea pandjang, rubakna 5 meter langgongna 3 meter damelna paragi kumpulan, riungan, mantun (sukan-sukan minangkana), paranti hahadjatan, mutus perkara sareng sadjabi ti eta. Pantona dua kiwa-tengen. Panto anu kahidji langkung luhur batan anu hidji deui, nja ieu paragi lebet Puun; di lebetna oge nganggo dua hambal sapotong luhur sapotong handap, kinten-kinten 3 dm. umpakanana; dina bilik pengker aja lolongok pasagi minangka djandelana.


PUUN

Pangkat Puun teh turun-tumurun sapertos bupati didjaman Pamarentahan Walanda sareng anu digadang- gadang pipuuneun kedah parantos ditangtukeun ku Puun keurna hirup keneh.

Puun gaduhna bodjo satiasa-tiasa kedah ka anak Puun deui ti lembur sanes; sareng salamina kedah gaduh bodjo, upami bodjona maot kedah liren tina djadi Puun, margi gaduh bodjo mindo mah, tara, nadjan eta mah sanes bujut, nanging parantos djadi adat, tara tjruktjrek sapertos urang; eta sadaja urang Baduj mah kitu, sanes mung Puun na bae; teu aja nu gaduh popotongan, maru atanapi basa tere teh.

Puun nu djadi bupatina, ngaheujeuk nagara ngarangkep djadi kapala agama, anu nanggung beubeurat djiwa sabawahanana.

19