Kaca:Baduj.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Panginten parebut pada hajang kapilih djadi Puun, mun di urang mah!

Henteu, urang Baduj mah! Nadjan Puun nu djadi ratuna, pangmuljana pangkawasana, nanging seueur anu tjeurik, upami kapilih kana djadi Puun teh, tampolana aja nu minggat mitjeun maneh. (Sapertos Ki Djapar urang Baduj nu aja di kabupaten Serang). Dupi margina, nja eta tina emut kana tanggelanana, kana beubeuratna, kana papaitna anu djadi wadjibna.

Tumerap dina rasana papait nu djadi Puun, kedah djadi wawakil Batara Tunggal teh, kedah ngaraksa sareng nangtajungan djiwa sapangeusi Baduj. Sanes deui sareng di urang, kaseueuranana djelema teh mung haripeut kana mamanisna wungkul.

Puun ngadjalankeunana Pamarentahan, dibantu ku Girang Seurat anu minangka papatihna (sanes secretaris), sareng ku pangasuh kokolot.

Dina keur riungan-riungan, keur hahadjatan atanapi naon-naon bae gawe kaperluan agama. Puun teh misah ti anu seueur, dilangkungkeun ti sasari diadjenanana, ditenggangkeun kahormatanana, sareng dina waktos kitu wuwuh diagungkeun ku sesebatan; harita mah tara disarebat Puun nanging: Girang Pudja atanapi Srangenge atanapi Karolot.

Ari kenging gadjih mah Puun teh henteu, mung padjegna ka Pamarentah ku sarerea, kenging rorompok kaprabon, diadjenan dilangkungkeun ti anu sanes. Pangupadjiwana aja matjul ku maneh bae, Puun oge guar tanah sapertos anu sanes teu aja bentenna ari dina kituna mah.

Anu djadi Girang Seurat sareng Pangasuh Kokolot, diangkatna ku Puun, teu aja pisan kauntunganana, mung pangkat kahormatan bae, teu nampi pangadjenan, da anu sanes, basana ka eta pangkat teh, basa sapertos ka sasamana bae, mung wungkul kapapantjenan gawe.

20