Kaca:Baduj.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Dua djelema anu mentas digawe ku Girang Seurat dipetakeun kana njapuan djalan, ti rorompok Puun ka bale, kedah lenang pisan. Sarengsena digawe kempel deui di rorompok Puun, sareng saparantos kinten-kinten sapanjeupahan brul Puun, Girang Seurat sareng sadaja djelema tea ka walungan, leumpangna ngantaj, pada ngabarantun handjuang beureum.

Barang parantos darongkap ka sisi walungan, prak ngaralaan badju njuplak iket, tjlom handjuang dikana-tjaikeun, dianggo ngepretan sirahna. Lung handjuang teh dipalidkeun.

Tidinja nembe ngaralaan samping sarerea, brus marandi, nanging teu geruh teu kenging haliwu.

Ti walungan brul deui karorompok Puun, brak bararang dahar di tepas, ti dieu brul sararea ka bale.

Sabot lalaki keur njieun antjak di rorompok Puun, awewe-awewe digarawe di rorompok Girang Seurat, njajagikeun anggoeun sidekah tea.

Saparantos kadaharan asak, ladjeng dibarantun ka rorompok Puun, dipasrahkeun ka bodjo Puun, prak ngeusian antjak nu salapan tea.

Anu saantjak eusina seupaheun (djambe samajang, seureuh 20 beungkeut, apu 10 bungkus), ieu antjak disuhun ku anak Puun dibantun ka bale, ditampanan ku Girang Seurat, ladjeng dibagikeun.

Antjak nu sapalih deui dieusian sangu sareng lalawuhna, ngabantunna ka bale diatur.

Ngawitan anak Puun nangtung di buruan, njanghareup ngulon, sok antjak sina ditampanan kedah ditanggeuj, nembe ngesed ngaler (ngalengkah ka gigir, teu kenging malik), djol ditema ku anu sanes dina tilas nangtung anak Puun tea, sok deui sina nanggeuj antjak anu kadua; sed deui ngesed anak Puun teh, dituturkeun ku anu pandeuri, sareng saladjengna madjuna ka gigir, ngabaris dugi ka bale.

23