Kaca:Baduj.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Di bale ditampi ku Girang Seurat.

Breg awewe-lalaki kabale, ladjeng brak ngariung; nanging katedaan sareng seupaheun tea mah diberekat bae henteu diteda di dinja. Ladjeng bubar.

Di rorompok Puun parantos sajagi katedaan deui, sareng sabubar anu ti bale, ieu oge dibagikeun saidangan duaaneun, ka budak-budak kabagi; nja ieu anu ditareda tea mah sanes anu ti bale tea.

Ka bale oge aja idangan anu dibantun, bilih aja nu sanes, tamu atanapi urang kampung luar, dalaharna nja di bale.

Memeh prak nareda, henteu ngadoa heula, nanging ... top njomot sangu sakeupeul, sok dina palupuh, tjong maranehanana njembah, pek sangu anu satjomot teh dikana embun-embunankeun, parantos kitu brak dalahar, Mung dina waktu ieu kengingna nareda saparantos surup panon-poë teh, sareng supados teu poëk, marake obor ku tamiang (bunar).

Duda sareng djadjaka teu warangsul, ladjeng bae suka-suka di bale marantun, ngatjapi silih genti.

Djanari djot Puun dongkap ka bale, bade ngabantun pare kekengingan ti huma-serang tea, dipasrahkeun ka awewe-awewe sina ditutu, keur ngadamel laksa.

Dupi hadjat laksa, kieu aturanana:

Samemehna Kawalu-tutug, ti anggalna keneh, Puun parantos marentah moro, kedah kenging hirupna:

Mentjek, peutjang, buut, peusing. Ari ti walungan kedah kenging, susuh, hurang sareng lauk tjenang.

Dina waktuna hadjat, parantos sadia tipung, ladjeng sapalih didamel laksa, sapalih didamel boneka.

Bonekana, beungeutna dibalur ku koneng, biwirnal diluahan tjara nu njeupah, bulu panon sareng halisna dihideungan ku haranggasu. Dupi nu kapapantjenan ngadamel boneka teh, bodjo Girang Seurat.

Saparantos boneka tea rada tuhur, sok didiukkeun dina njiru (anu didamelna daun kawung), rap didangdanan.

24