Kaca:Baduj.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sakatuhueun boneka diteundeunan lantjah maung, sakentjaeunana diteundeunan susuh, hurang sareng keujeup. Eta sadaja diwadahan deui dina tampir (tawur) anu pinuh ku takir (sanggem urang Baduj mah teke, nja eta daun tjau dipintjukkeun, dieusi laksa tea, seueurna sadjumblahna lalaki anu parantos sawawa di sakampungna. Eta takir daun tjau dipaselangkeun sareng daun tjangkuang, dibangunkeun djedjelemaan, saseueurna awewe.

Heuleut dua dinten katiluna ti saparantos kawalu tea, bring tampir boneka teh diiring-iringankeun dibantun ka leuweung. Sok diteundeun, sareng memeh ditinggalkeun, Puun mapatkeun djampe heula, kieu pokna:

Pun-pun, pun! ngaturkeun putri geulis lalandjar endah, parawan entang-entangan, basana njanda njurangga kana emas galigiran ngaturkeun ka susuguhan, rorongeng, mangka tjukul sing barang haturan meunangan sing barang witjara njilep ladandep songgang babaja mangka djauh ka balai.

Sakuriling tampir, ditantjeban tutumbakan njere, seueurna saseueurna lalaki nu aja harita. Mung palih kidul dikolowongkeun, nja eta pidjalaneun Batara Tunggal, sareng disajagikeun ruas awi tilu, dieusi waju (bangsa tuak, matak mabok), tjai sareng tjeungtjeum (angeun) didjagi ku langgir hirup.

Brul sarerea mah marulang, mung kantun kokolot bae saurang, tunggu ngintip di sisi leuweung sakedap.

Engke kokolot teh ngagero sataker tanaga, sing kadenge ka lembur, sareng ger ditembalan ku tatabeuhan, naon bae anu kenging ditakol mah ditabeuh, dugi ka ngaguruh, atuh awewe-awewena ger tutunggulan.

Barudak sadaja sina ngadedempes di rorompok. Dupi ngarak boneka teh minangka babakti istri ka Batara Tunggal, supados nangtajungan ka maranehna.

25