Kaca:Baduj.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ari ieu kokolot ngagero tadi sareng rame tutunggulan sagala rupi tea, eta tawis numbas. (Geuning di urang oge aja keneh adat numbas ku njeungeut bedil atanapi mariem).

Saparantos salse, ladjeng marandi deui di walungan, sareng ger lalaki ngariung di bale, dupi awewe-awewe ngariung di rorompok Girang Seurat dahar balaketjrakan, lalawuhna lauk mentjek, peutjang, buut sareng peusing, anu kenging moro tea. Memeh prak dahar ajeuna mah didoaan heula ku Puun.


Urang Baduj langkung djarangkung ti urang Banten, sapantar sareng urang Priangan, Warugana sareseg sareng karuat; langkung tiasa leumpang di nu nandjak-mudun tinimbang di nu datar.

Pakulitanana semu koneng, teu aja nu hideung, paromanana sae, meh teu aja nu goreng patut pisan, sumawonten awewena mah. Anu tanpa daksa teu aja, berseka, marandi sadinten dua kali.


Upami urang gek sareng urang Baduj, ku sabrehan oge urang tiasa ngaduga sipat atina anu parantos kamara kasaeanana sakumaha anu parantos kaaruninga, sok ditjarioskeun dina buku-buku.

Atra tetela dina beungeut urang Baduj mah, gambar sipat kadjembaran hatena, sanes nu kalangkung luak-leok, ngolembar babari gedag. Mungguh di urang Baduj mah, teu aja pajangkad-pojongkod kajap-kejep, balaham-belehen teh, ieu mah teteg antjeg panger teger, nadjan njanghareup ka saha bae. Budi gambar balaka, taja karempan, pertjanten kana dirina, teu riuk ku gebrag deungeun, dina beungeut urang Baduj kenging dibatja ku sadaja. Sawangsulna ti tatangga nu sanes, anu memeh hol

djelemana kapan pojongkod, ngabantun seber ati,

26