Kaca:Baduj.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mang-mang, sieun kasawur ku rendjag, morodjol tembong miheulaan nu gaduhna. Urang Baduj estu weuteuh, satjerewelena adat watek warisan ti Padjadjaran, tatjan kalambon ku panggoda pangropea deungeun, anu sok naratajan tepa. Nja ieu gambar watek, ati, sareng taladjak Sunda tulen anu sajaktosna mah.


Atikan kana lempengna laku, henteu dilumajankeun, nadjan aja kasukaan mantun sareng ngawih oge, sanes merean djalan kana rutjah. Barudak lalaki anu parantos disunatan teu kenging sare di rorompok kolotna, nanging sadaja kedah sarare di bale tea, nja kitu deui djadjaka anu teu atjan laki-rabi; sareng dituguran ditalingakeun diatik ku hidji kolot. Dupi siang liar kana gawe, tamba nganggur diselang mantun, teu diumbar kana ngalamun njorangan. Ti barang surup panonpoë, sadaja eusi bale teu kenging aja nu liar.

Laki-rabina sadaja lulus runtut, teu aja nu pepegatan. Upami kadjadian aja patjogregan dugi ka bade pepegatan, eta enggal dipariksa disumus marga lantaranana ku Puun sareng rengrenganana tea. Saha anu katimbang lepat, ladjeng bae dibuang salah sahidji, atanapi upami lepat duanana, nja duanana ditundung. Puun nu ngaragragkeun hukuman.

Nadjan umur 7 taun, parantos dikaluarkeun tina golongan budak, kedah nulung gawe kolot, nanging urang Baduj teu aja nu ngawinkeun budak, sapertos anu ajeuna sok kapendak di bangsa urang. Urang Baduj mah teu aja nu nikah memeh umur 15 taun, biasana langkung, nja eta upami parantos ngaraos katimbang tjekap panemuna geusan hirup laki-rabi. Saur tuan Dr. Jacobs; awewe urang Baduj, ingetanana sareng pahamna kana gaduh salaki, tjaket atanapi bade ngabanding ka awewe-awewe bangsa Eropa.

27