Kaca:Baduj.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Di urang Baduj mah teu aja pajangkad-pojongkod kajap-kejep, balaham-belehem teh. Ieu mah teteg antjeg panger teger, nadjan njanghareup ka saha bae.''


Upami aja djadjaka anu gaduh deuleu, aja landjang anu surup kana lelembutanana, lami dikantanankeunana, sareng dimana parantos aja untupan kana maradahna, sok ladjeng ngumaha, neda tulung ka kantjana anu sapapait-samamanis sareng manehna sina ngolongan ka kolot awewe. Si mitra ngiring nanggung papait, lara-wirangna kedah didjaga. Dimana parantos aja erongan, sareng djinis teu aja barebedanana, diuseupan ku sindir basa sandi sareng siloka,

28