Kaca:Baduj.pdf/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi


nembe si kantja tea dongkap ka kolot awewe ngabantun seupaheun bade mangnanjaankeun.

Upami seupaheun ditampi, nembe kedal tjarita nanjaan tea.

Nanging ...... kolotna nampi teh parantos asak badami sareng djinis, teu gana-gana nampi, upami djinis teu atjan puruneun, atjan panduk. Di urang Baduj teu aja kawin paksa, teu aja pangreremo kolot, kedah suka pada suka, kabarung kadoa kolot awewe.

Ti parantos ditampi panglamarna, pangterehna kedah bene-beureuh (papatjangan) dua sasih lamina, nembe nikah. Papatjanganana teh kedah kasaksi ku Puun sareng diembarkeun ka sarerea.

Ti barang bene-beureuh, pipanganteneun awewe sareng lalaki teh teu ara patanja, malah patepang oge satiasa-tiasa ulah mindeng teuing, namung kedah katjar anggang.

Dina waktosna nikah, panganten lalaki kedah ngabantun ali perak atanapi tamaga keur pibodjoeunana sareng sabuk tinun, ieu tawis ngadjadikeun, upami ditampi ku awewena, margi sok radjeun oge saar, teu tjios nikahna, upami robah hate awewe di salebet dua sasih tea. Nanging langka pisan aja kadjadian kitu teh.

Puun, anu ngatur dintenan nikah teh, nja eta dietang numutkeun palintangan, anu ninggang dina mustarina.

Dugi kana waktosna nikah, bring besan sareng panganten lalaki ka rorompok Puun.

Bapa lalaki masrahkeun (mikeun) anakna ka Puun,

ku Puun ditampi, djadi eta djadjaka ajeuna diangken anak Puun; pok Puun ngarapalan, anu kedah diturutan ku panganten tea. Saparantosna sok dipasrahkeun ka mitohana, katampi ti leungeun Puun, sina dipasrahkeun deui ka anakna awewe tea, anu ajeuna parantos djadi rabina, kedah miboga eta djadjaka djadi salakina.

29