Kaca:Baduj.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Saparantos beres ladjeng hadjat, sareng panganten kedah huaplingkung, tempatna di bale. Dina hahadjatan kieu, Puun diukna mung sorangan di bale hambalan luhur tea, njanghareupan pamasangan, dupi anu sanes mah sadaja di hambalan handap.

Harita sok ngarinum waju anu matak mabok tea.

Tepungna panganten awewe sareng lalaki, nadjan keur ninggang dina gunung suka, ku anu djadi lalaki kedah aja nu dipapatkeun babatjaan, kieu pokna: Tjupu manik tangkal dada, tan kumala eusina kumala inten.

Njanggemna kitu teh bari rap manehna njagap susu panganten awewe. Sareng omongan ieu deui: Malekat tjuluk kawali, mulia rasaning Allah.


Orok dibereanana ngaran ku Puun, sareng dugi ka maot tara gentos-gentos ngaran. Mung upami parantos gaduh anak sok katelah ku anak.

Tadi di luhur ditjarioskeun, jen urang Baduj teh disunatan, malah di unggal lembur aja bengkong (paradji sunat); pakakasna babango biasa bee. Memeh bret ngeureut, bengkong mapatkeun djampe, kieu pokpokanana:

Pun! Sirep sari kuning, sang rintjing-rintjing eukeurna bumi tatjan deuk ngarupa, kakara deuk awaking djeung nu rompes tiis bekanning birit leuwi, rep sirep keuna ku sirep sari kuning!


Upami aja nu udur, nja sok diubaran, mung ngubaranana sanes ngemutkeun kana hajang tereh tjageurna, nanging mung tamba supados ulah njeri teuing, margi ari tjageur-henteuna mah kumaha kersana Batara Tunggal.

Upami aja nu maot, dina imanna njawa teh disaur ku Batara Tunggal.

Anu maot dikukusan, menjanna tjangkang dukuh tuhur, kaju-garu, sareng akar djamaka.

30