Kaca:Baduj.pdf/4

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kantenan, teu aja pisan manaheunana, upami mung ukur kabantun ku bedug dawuh wungkul mah, kagusur ku batur dapon hirup, teu mirosea hina muljana, Abdi sadaja sami tjengeng, sami manteng, hajang kumelendang dina mangsa, numawi ihtijar sateka-teka dadahut pisarateunana, itikurih ngilori harti, anu merenah kana djamanna.

Marga lontaranana dumeh abdi sadaja parantos jakin, jen geusan njumponan enasna katjapangan anu tadi teh kedah aja sarat-saratna, perlu sajagi bahan-bahan, boh hartana boh hartina.

Nudju alam lingkung lembur, teu atjan pagaliwota sareng dunja Uanna kantenan harita mah tibra ku saaja-aja, da tarung-tarung ukur djeung dulur, balap-balap djeung tatangga.

Nanging ajeuna, mangsa harengheng, usum pelit parikat-rikat, djaman patepung panemu sareng bangsa sakuliah dunja, urang mangka iatna.

Mugi-mugi Gusti nu murbeng alam, ngalaksanakeun ku kersana sengkan tinekanan anu dimaksud ku abdi, nja eta mintonkeun kehirupan sabagian bangsa urang anu masih keneh ngagaduhon sipat Sunda asli, tiasa nungtun ka anu parantos bade ngantunkeun galur kasundaan sakumaha anu dipikahojong ku para sepuh.

Bidara Sari, Oktober 1951.

Putra

R. DJATNIKA SdR.

4