Kaca:Baduj.pdf/5

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

URANG BADUJ

SADAJANA oge tangtos parantos ngadangu, jen di pakidulan tanah Banten aja pagunungan anu ditjitjingan ku urang Baduj, nja eta bangsa urang, nu tuhu sareng keukeuh pageuh njekel agem-ageman talari karuhunna, ti baheula dugi ka kiwari.

Nanging, sanadjan eta ketjap Baduj parantos kautara ka mamana oge, manawi ari kana loma enja kana kaajaan djelemana mah, nja seueur anu teu atjan, da puguh tempatna sakitu siklukna, sareng arang langka anu sumaba liar ti padumukanana.

Sugri anu parantos ngumbara di Banten; babakuna di Serang atanapi Rangkas, kawas moal boa, tangtos parantos djongok sareng Baduj teh, margi sok aja Baduj anu darongkap ka Serang, dina waktu Pangagung pepestaan. Ningal tagog, legeg, sareng adeg par.gadegna mungguh urang Baduj mah, sanes deui pisan sareng urang pasisian anu sanes, teu aja di maranehanana mah pajangkad-pojongkod kajap-kejep pangbarung dusun teh, ieu mah estu djedjeg, njata naker djelema weuteuh, anu tatjan karandapan hama pangropea deungeun teh; tjatjak saendengna saba leuweung, arang mantra-mantra ka nagara.

Dina rap-rapanana make estu sahinasna teu reuntjeum ku anu matak sareukseuk, teu aja basa kokoro njenang njokor naringnang tiara ilaharna urang paminggir teh, ieu mah sawadjarna saplasna surupanana bae. Samping, badju, sareng totopong tinunan tea, boh bodas, boh bulao, estu merenah sanes kenging tuturuti, uypami kai mah pulukan, teu atjan ratja ku tapak ngadekan batur.

5