Kaca:Baduj.pdf/6

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Supados ebreh katingali sadajana, mangga ajeuna urang wajangkeun.



ASAL-MUASALNA

Urang Baduj teh kawasna moal lepat deui asal urang Padjadjaran, anu ngantunkeun karaton nalika dajeuh dirandjah ku balad Islam.

Nagara Padjadjaran, dajeuhna karadjaan Bramaija- Maisa-Tandraman ajana di palebah Bogor ajeuna. Wewengkonna sakuliah tanah Pasundan, ti Banten dogkap ka wetaneun Tjirebon. Urang Tjirebon kedah majar upeti tarasi unggal taun. Anu njepeng kakawasaan di Banten alam harita pangkatna Putjuk-Umum ieu teh sanes djenengan, nanging kalungguhan: hartosna kapala nu dipigusti, saderek (putra) Perebu Siliwangi, Radja Padjadjaran panutup.

Dina katompernakeun windu kalima-welas, sareng dina wiwitan windu kagenep-welas, agama Islam njaliara di Sunda. Tjirebon, Banten sareng basisir kalér parantos ragrag kana kakawasaan Sunan Gunung Djati; bawahan Padjadjaran kasosok ti Kulon, ti Wetan, ti Kaler sareng ti Kidul, dikepung buaja mangap.

Barang parantos singget, njangkewok kantun tengahna, nembe dajeuh Padjadjaran dirurug ku balad Banten.

Anu djadi Senapati Padjadjaran djenenganana Perebu Sedah, putra Siliwangi, kautus mapag musuh nu ngarurug. Nanging kadeseh kapaksa mundur. Kangdjeng Perebu Siliwangi sareng sadaja eusi karaton anu tuhu satia ka radja, lolos ngantunkeun nagara, sedih tanpa tanding njungsi tepis wiring, njorang leuweung luwang-liwung, njalindung di Gunung Kendeng, njingkahan bahaja salira.

Berejek urang Islam nempuh dajeuh, ngarandjah eusi nagara, nanging kadaton kasondong parantos kosong.

Kandjeng Perebu Siliwangi sabaladna mabakan digunung singkur mandala singkah, anu taja petana kasaba ku

6