Kaca:Baduj.pdf/7

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi


djalma sanes, nja eta di Tjibeo, Tjikertawana, anu nelah disebat ku urang ajeuna Baduj tea.

Puntjak pasir dihadja henteu ditjatjar, margi adat Baduj „teu wasa” ngabedah puntjak, dumeh bujut, ditjegah ku nini-aki, mun maksa sok katulah.


Anu djadi saksi sareng ngaenjakeun kana tuturan anu bieu, lian ti raratan sadjarah, sareng dongeng-dongeng sasakala, aja deui nja eta numutkeun papajan tjarios-tjarios pantun, tjarios anu natrat teu aja pegatna di kolot di budak di awewe di lalaki; teu aja deui anu djadi senden kalemekan, mung Padjadjaran katjapanganana; Siliwangi anu djadi pupuhunan, mungguh di urang Baduj mah. Urang Baduj tarabahna kana pantun, kana mantun teh lantjar ka tjarios-tjariosna, digalantangkeun apal sagala djelema, kawas langkung ti bangsa Djawa kana wajang.

Dupi pokpokanana pantun Baduj boh lalakonna boh basana atanapi haleuangna, teu aja bentenna ti pantun di Priangan atanapi di Sunda nu sanes. Ningal ka dinja tetela Priangan sareng Baduj teh pada sapalajangan, asal Padjadjaran tea, mung urang Baduj mah sumudjudna teh estu pageuh, sumarambah dina njawana sumerep kana getihna, eta djadi tawis anu ngaenjakeun kana asalna tea. Malah aja

7