Kaca:Baduj.pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi


wuwuhna anu netelakeun tibelatna atina ka Siliwangi, kieu: Dina hidji waktu Suargina Kandjeng Bupati Rangkas, Raden Adipati Suria Nata Ningrat djengkar ka Baduj.

Urang Baduj nampina sareng pangakuna ka Kandjeng Bupati teh, ih biasa ka sasamana bae ngawitanana mah, teu aja pisan bentenna. Kaleresan aja hidji urang Baduj anu djadi kokolotna, wastana Ki Djasma, keur ngariung teh pok naros ka Kandjeng Dalem, naroskeun kapanasaranana.

Ku Kandjeng Dalem paralak ditjarioskeun, jen andjeunna turunan Tjiandjur, sarta ladjeng ditataan rundajanana mapaj ka puhu, dugi ka Perebu Siliwangi, anu ngasta karadjaan Padjadjaran.

Ki Djasma bengong hookeun, ngupingkeun turunan Kandjeng Dalem kitu teh, manawi teu nginten sapisarateun tadina mah.

Satutasna Kandjeng Dalem ngadawuh kitu, kelesed ki Djasma turun, sarta deregdeg bae lumpat, njampeurkeun batur-baturna, hariweusweus alewoh njaritakeun dawuhan Kandjeng Dalem tea.

Sapada harita brul bae Baduj-Baduj anu sanes pada ngadeuheusan, anu tadi api lain teu barang pirosea teh, barang parantos nguping jen eta tamu turunan Siliwangi mah, rob bae ngaronom, pating solondo dariuk, pasedek-sedek, ebreh dina ulat beungeutna sari adjrih, bangun sono bangun deudeuh, sawareh mah marahmaj bawaning bungah; hih semah nu sanes mah teu dihiding, teu dipalire deui, ieu bae geugeut ka tedak Padjadjaran tea.

Tah sakitu mituhuna migustina ka luluhurna, mungguhing urang Baduj mah.

............................................................................................................

Naon margina anu mawi eta djelema-djelema disebat Baduj, apan ari enjana mah bangsa urang, pituin urang Sunda asal Padjadjaran.

8