Kaca:Dewa Rutji.pdf/106

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
106

Disěbutna Bang-Bintulu-Adji, djeung sok nělah si Tabla-Kantjana, buktina mah samping poleng, kotak-kotak lir dadu, opat warna lir sinar tadi, hideung nu mimitina, djeung koneng pasělup, disělangan beureum bodas, hartina mah ku ejang ge geus diwintji, sasmita tjahja tea."

Bima atoh anu tanpa tanding, nampi tjěpuk reudjeung sindjang tea, malah harita dianggo, eukeur mah bakat pangguh, ajeuna teh djabi ti ginding, wuwuh gagah tur gandang, surup tangtung pamuk, matak gigis lamun tandang, lir Batara Kala rek ngagempur bumi, nja rosa nja prakosa.

Dewarutji sasauran deui: „Ajeuna mah hiděp hade mulang, da geus hasil tjaina ge, djung ka Amarta wangsul, sabab ibu djeung Kang Darmadji, reudjeung adi sadaja, mělangna kalangkung, malah lamun hiděp datang, tangtu njondong kakang Krěsna němbe sumping, dumeh sami mělangna.

Di Amarta entong lila teuing, kudu těrus djung ka Sokalima, di dinja pasti kasondong, djabi ti Dorna Wiku, tangtos aja Sang