Kaca:Dewa Rutji.pdf/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
105

Dumeh kula tadina geus djangdji, sanggup mawa Tji-Pawitra tea, djadi mun seug kula lengoh, hartina kula palsu, ngabobodo ka Maha Rěsi, kula mah ěmbung tjidra, sumawon ka guru, dalah ka budak satěpak, teu kaduga udar djangdji lantja-lintji, sieun bisi doraka.

Tjınděkna mah daek kula balik, tapi bari mawa Tji-Pawitra, batan lengoh kadjeun maot, njawa kula ditjabut, tadina ge geus paeh geuning, ku ejang dihirupan, atuh ejang kudu, daek katěmpuhanana, lamun ejang ka kula teu mere tai, kula kudu paehan.

Sina paeh deui tjara tadi, lěp diteuleum ka dasar sagara." Kitu pihatur Bima teh, Dewarutji ngawangsul: „Putu ejang nu lěmpěng pikir, ejang bungah katjida, nguping hiděp kitu. tukuh kana běběněran, tjěpět běněr keukeuh-pageuh kana djangdji, njata hiděp prawira.

Geusan tanda ejang bungah ati, ieu tjěpuk ku hiděp tampanan, ari eusina tjupu teh, Tji-Pawitra nu mashur, pek tembongkeun ka Dorna Resi." Bima bungah katjida, geus nampanan tjepuk, Dewarutji mindo njabda: „Djaba eta ejang teh arek maparin, samping ti Kadewatan.