Kaca:Dewa Rutji.pdf/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
104

„Ajeuna mah he Bima anaking, geuwat mědal tina awak ejang, hade hiděp luntjat bae." Barang Bima ngadangu, pilahirna Sang Dewarutji, ladjěng bae djlěng luntjat, hěnteu puguh tudju, luntjat saluntjat-luntjatna, langkung kaget barang andjeunna ningali, aja di lěbět kamar.

Dina lebět kamar ěmas rukmi, těngah bumi tilas handjat tea, Bima kaget rarat-reret, ningali nu tjinutrung, sidik pisan jen Dewarutji, ka Bima pok mariksa, tur teu kěndat imut. „Ajeuna hiděp kumaha, naha arek keukeuh bae njiar tjai, sakahajangna Dorna.

Eta tjai Pawitra nu sutji, di dunja mah tetela teu aja, nguběk sakolong langit ge, tangtu moal katimu, ku lantaran ajana tjai, ngan wungkul di sawarga, sabab tjai kitu, ngan wungkul leueuteun Dewa, ku hal eta hiděp oge měnding balik, ulah tuluj neangan."

Bima njaur ka Sang Dewarutji: „Wulang ejang dirěgěpkeun pisan, kula moal pindo gawe. mun sidik moal nimu, ajeuna ge kula rek balik, tapi boga pamenta, lamun ejang sapuk. kula teh ku hajang meunang, Tji-Pawitra tembongkeuneun ka Sang Rěsi, jen kula hěntu gaplah.