Kaca:Dewa Rutji.pdf/103

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
103

Meupeuh mědal tina rasa asih, neunggeul soteh ngawarah ka anak, malar budak djadi kapok, tah njěri bangsa kitu, moal matak djadi njungkělit, dumeh sungapanana, lain hate kiruh, djadi ku lantaran eta, urang hirup kudu ngagědekeun asih, trěsna njaah djeung wělas.

Watěk asih matak repeh-rapih, hirup tengtrěm anggang ti hariwang, estu djědjem djudjur djongdjon, nungtun kana rahaju, pěrbawana djamuga diri, lantaran rea sobat, nu satia tuhu, panarikna asih tea, sahěnteuna sok matak murah rědjěki, dumeh rea nu haat.

Anu hěnteu kaantjikan asih, leuwih rěndah batan sato-hewan, geura pek ku hiděp tendjo, nadjan bangsaning maung, nu galakna kaliwat saking, maung ngagalaksakna, keur hakaneun wungkul, ngan sakadar mun keur lapar, kitu soteh ka anakna mah pribadi, lapar ge teu ngahakan.

Malah lamun beuteungna keur buntjir, aja kidang liwat ge teu ngudag, ukur gagauran bae, moal teu puguh-puguh, galak ganggu ka sato leutik, nu lain mamangsanna, eta ninggang maung, atuh komo djělěma mah, ganggu djail kudu dipahing dipangkring, sing djadi gudang tresna.