Kaca:Dewa Rutji.pdf/102

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
102

Kitu deui warna sewu, nu ti heula katingali, ngantjikna di badan urang, kari kumaha pribadi, diumbar djeung dipangkringna, rebuan kahajang tadi.

Dandanggula

Pandjang pisan wědjang Dewarutji, babakuna bab kasampurnaan, jen hirup teh kedah sae, laku sinareng kalbu, kědah běrsih ulah rek djail, margi nu djail tea, awal ahir tangtu, sok pinanggih wawalěsna, djalma djahat moal rek djamuga diri, kudu bae doraka.

Nadjan pintěr pinandita watjis, luhur elmu djěmbar kauninga, upami manahna serong, hirupna hamo mulus, nadjan beunghar tur sugih mukti, menak tur luhur pangkat, saupami hasud, tangtos surud komarana, hukuman teh isuk pageto kapanggih, urang mo bisa mungpang.

Taja batan hirup silih asih, mědal tina wěninging wěrdaja, nadjan sakapeung sok sewot, lain sewot ku hasud, sewot mědal tina trěsnasih, ibarat hidji bapa, atawana indung, anu ngarangket anakna, běněr sewot tur meupeuh teh matak njěri, tapi lain ku ngewa.