Kaca:Dewa Rutji.pdf/101

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
101

Nja kitu djalma nu luhung, ku djalma nu rěndah budi, teu burung pake kangewa, djadi binih sirik-pidik, djadi tjětjěla wawada, lahan pamitjeunan děngki.

Sanadjan dipikagiruk, didjieun bahan kaidjid, digogoreng dipepenal, digeugeuleuh dirurudjit, dibaledog ti poekna, nu sutji mah tětěp sutji.

Djeung sabalikna ti kitu, nadjan diheman diasih, dipudji dipudja-pudja, nu sutji teu tambah sutji, anggěr sakitu-kituna, teu robah ti nu sadjati.

Estu bagdjaning nu hirup, upama geus bisa sutji, běrsih ti rěrěgěd dunja, taja noda lahir-batin, nampa sadjatining rahmat, mungguh djalma anu sutji.

Ngan handjakal warna tilu, sok mangaruhan ka putih, sěring ngelehkeun ka bodas, ngalunturan ka nu sutji, dasar kitu watěk dunja, hese dibawana bersih.

Warna nu opat teh estu, eusina djasad pribadi, ngantjik dina badan urang, tumpak parahu rohani, dikamudina ku djiwa, diwěngkuku těmah wadi.