Kaca:Dewa Rutji.pdf/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
100

Numbuk pakewuh teu ewuh, manggih kasědih teu sědih, měndak lara geus teu lara, njěri teu dipikir njeri, dianggap beungharna rasa, rasa pangasih Jang Widi.

Nganggap gandjaran Nu Agung, nambah sugih rasa diri, těrang di ewuh di susah, jakin ka njěri ka sědih, tětěp sadrah suka lilah, suměrah lahir djeung batin.

Tapi sadjěroning kitu, manehna teu tinggal wadjib, nja eta wadjib ihtiar, ieu mah kaitung misti, sabab geus hakna manusa, ihtiar satungtung hurip.

Karana mungguh Jang Agung, teu ngarobah takdir djalmi, mun hěnteu si Djalmi tea, ihtiar ngarobah takdir, usaha sabisa-bisa, tapi ulah bari mungkir.

Djalma nu sutji linuhung, hatena tanding djaladri, lega djembar lir sagara, tětěp teu kiruh teu běning, nadjan rea tjai tjaah, ngamuara ka djaladri.

Sagara teh moal kiruh, tapi sabalikna deui, sanadjan katinggang hudjan, unggal poe unggal peuting, laut moal tambah herang, anggěr saasal nu murni.