Kaca:Dewa Rutji.pdf/99

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
99

Sabalikna tina kitu, mun eta tudjuh kawani, dibarěngan ku dursila, harti sutjina ge leungit, nja djadi ,,wani-danawa", atawa ,,wani-hewani".

,,Wani-danawa" teh tangtu, taja duduga pamilih, santral-sontrol tjara buta, ngujup nguntup ieu aing, ka lawan njatjampah pisan, tungtungna tjilaka diri.

,,Wani-hewani" meh kitu, ieu mah ngabela diri, sateka-teka ngalawan, tapi teu make diidjir, lir ngamuk bagong bajangan, geuning teu wěleh ngaguling.

Mungguh wani nu saestu, pasti dibarěngan budi, měkar di huripna akal, sarta karepna ge běrsih, teu malar hajang katangar, teu mambrih sadji djeung pudji.

Moal nguntup ka nu lembut, moal wani ka nu leutik, moal nangtang ka nu handap, moal milih geusan tanding, moal njiar geusan lawan, ribut gujur teh dipahing.

Ajeuna anu katjatur, hal tjahaja anu putih, sasmitana kasutjian, ari watěkna nu sutji, suwung tina kagorengan, běrsih sadjatining běrsih.