Kaca:Dewa Rutji.pdf/98

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
98

adjrih, da jakin jen lampah balal, tur ka batur hěnteu rugi.

Wani kaopat katiatur, nu disěbut „wani batin", utjep rengkek sahinasna, hěnteu dipandang-dipinding, hěnteu ad-ad teu ruměgag, ngědalkeun kěrětěg ati.

„Wani-wadal" nah nu tangtu, teu nolih diri pribadi, rugi atawa balangsak, těrkadang němahan pati, asal nu lan waluja, bisa katulung kadjait.

„Wani-lara” anu puguh, sanggup nandangan kanjeri, atawa kaprihatinan, geusan ngudag maksud sutji, daek sadrah tur wajahna, asal maksud bisa hasil.

Ajeuna wani katudjuh, „wani-samar" nu sa jakti, sanggup mapaj nu teu njata, tur matak bahja ka diri, neangan nu tjan kapěndak, makajakeun nu pandeuri.

Tah eta wani nu tudjuh, mun barěng djeung napsu běrsih, dibarung ku akal waras, djeung kasutjian nu wěning, tangtu matak hardja dunja, taja kakurang saeutik.