Kaca:Dewa Rutji.pdf/97

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
97

Sihoreng elmu Jang Agung, lir sagara tanpa těpi. lir gunung tanpa tutugan, teu aja geusan ngabanding, tina kareanana, diwintjik moal kawintjik.

Tjahja koneng teh sakitu, tjahja beureum nu kawarti, eta teh djadi sasmita, tjiri jen gěde kawani, watěkna wawanen tea, bisa ngadjung-djungkeun diri.

Karana anu geus tangtu, djalma wani sok dipudji, ari „warna" wani tea, rupa-rupa lain hidji, tur rupa-rupa larapna, boga těmpat masing-masing.

Aja wani kana tarung, gělut reudjeung rebut djurit, tatandang ngětohkeun njawa, teu inggis begalan pati, tah anu kieu ngaranna, disěbut „wani pradjurit”.

Aja deui wani „tuhu", teu inggis nadian dipeuntjit. ngabelaan běběněran, ngalakonan sipat adil, teu rentag diantjam pědang, asal tětěp dina adil.

Ari wani nu katilu, disebutna „wani sutji", hěnteu gědag ku panjawad, hěnteu isin hěnteu

Dewarutji
7