Kaca:Dewa Rutji.pdf/108

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
108

djeung ratu ge, mun djulig kudu hukum, sabab kitu mungguhing adil, boh dulur boh baraja, boh handap boh luhur, teu meunang dibeda-beda, kaadilan teu bisaeun pilih kasih, kudu rata larapna.

Hiděp oge teu matak pamali, mun měrgasa ka pandita Dorna, diadjar satengah pach. lain dumeh ka guru, tapi dumeh ka djalma djail, su paja ulah natrat, ngadjalankeun hasud, djung hiděp ajeuna mulang, sarta sangkan hiděp gampang ngambah tjai, leumpang teh tapak kantjang."

Ladjěng Bima ku Sang Dewarutji, dipiwědjang adji tapak kantjang, „djalasěngara" nu sohor, hartosna anu tangtu, basa „djala" těgěsna „tjai", „sengara" pamohalan" ¹), djadi anu puguh, lir upama pamohalan, mungguh djalma bisa leumpang dina tja, kitu ngaran adjian.

Djabi eta aja deui adji, nu disěbat ,,Baju Pangawasa" ²), těgěsna anu sajaktos, hartosna kětjap „baju", tjek Sunda mah nja eta angin,


¹)Ilikan: Bacesastra Djawa jasana djoer. W.J.S. Poerwadarminta.
 
²) Dina padalangan, magar teh „Bandung Bandawasa".