Kaca:Dewa Rutji.pdf/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
109

hartosna „pangawasa", teu kědah ditjatur, tjek Sunda ge pangawasa", tjohagna mah pangawasa tjara angin, margi Bima mun angkat.

Jasa kěbat gantjang tanding angin, urang kotjap adjian nu dua, geus aja di Bima kabeh, sadaja geus kamaphum, ladjěng Bima harita pamit, parantos kawidian, ladjěng Bima kondur, kaluar ti gědong ěmas, ka buruan ladjěng ngambah kana tjai, bari mapat adjian.

Samemeh djung Bima teh ngalirik, njělang ningal bumi tadi tea, ngarandjug bawaning kaget, gědong ěmas geus suwung, ilang musna lěs tanpa lebih, katut Dewarutjina, Bima ladjěng njaur: „Euh njata pisan teu samar, nu tadi teh Sanghyang Guru Pramesti, lungsur ka martjapada."

Sakuriling bungking wungkul tjai, ladjěng Bima angkat napak kantjang, dina beungeut tjai entjer, lir napak dina batu, henteu abus ka djěro tjai, angkat mung sakolepat, ka darat geus tjunduk, gidig angkat saba alas, hěnteu sěsah nadjan njorang leuweung rumpil, ku pěrwatěk adjian.