Kaca:Dewa Rutji.pdf/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
110

Sinom

Urang sigeug heula Bima, katjarios hidji nagri, Dwaraka nu djĕmbar hardja, tjek urang mah Darawati, anu djěněng Narpati, Sri Krěsna titisan Wisnu, pěrnah misan Pandawa, Sang Nata kamashur sakti, widjaksana linuhung gělar Batara.

Jasa ngapung ngambah mega, sinarěng ngilěs ngaleungit, kitu deui mindarupa, djeung triwikrama ¹) teh gampil, djimatna rupi-rupi, pandjang upami ditjatur, mung sarupi nu kotjap, nja eta kěmbang panghurip, nu katělah sěkar Widjajakusuma ²).

Pakarangna Sang Nalendra, sěndjata tjakra adjaib, nadjan gunung pasti pujar, katiban ku tjakra tadi, saat nadjan djaladri, katinggang pakarang Wisnu, katjatur salirana, Sri Krěsna teh djangkung alit, bangun tjangkěr tangginas rikat rantjingas.


¹) Tri = tilu, wikrama = lengkah. Dina keur ngadjadi ageung iasa ngurilingan dunja ku tilu lengkah.
 
²) Dina padalangan, djimatna teh: kěmbang Widjajakusuma, beling bunděr Lopian, tjupu manik Astagina, karembong Turaga djati dj.r.r.d.