Kaca:Dewa Rutji.pdf/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
111

Hideung pakulitanana, nanging lĕlĕb sarta sari, Sang Prabu sarĕng Pandawa, mimitran rukĕt tur dalit, tur ku djalaran wargi, Sri Krĕsna ge sĕring rawuh, ka Nagara Amarta, bari barĕmpag pĕrkawis, nu patali djeung bagbagan ngĕreh pradja.

Malah dangĕt ieu pisan, Batara Krĕsna nu sakti, nudju linggih di Amarta, barĕmpag djeung Samiadji, misaurkeun kang raji, Bima nu angkat ka laut, taja wartos~wartosna, naha jasa mulih deui, lamun pupus di lĕbah mana lajonna.

Sabot ngariung sadaja, bĕt torodjol Bima sumping, atuh anu masamoan, kaget bari bingah galih, Kunti mah munggah nangis, Bima dirontok dirangkul, sadaja sosonoan, para raka para raji, rupi~rupi papariksana ka Bima.

Galantang Bima popojan, njarioskeun waktu tadi, ti barang djung ti Amarta, dumugi ka mulih deui, gĕmĕt pisan diwintjik, hĕnteu aja nu kalarung, sami heran sadaja, ngadangu anu wawarti, dalah Krĕsna hĕnteu liren gogodĕgna.

Bima ngirab-ngirab sindjang, paparin ti Dewarutji, polong Bang~Bintulu tea, barina nembongkeun tjai, nu dina tjĕpuk alit, ka