Kaca:Dewa Rutji.pdf/112

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
112

saderek djeung ka ibu, sadaja sami bingah dumeh maksad Bima hasil, mudji sukur ka Gusti Nu Sipat Murah.

Sanggeus warĕg sosonoan, Bima ka kang ibu pamit, nja kitu ka para raka, sinarĕng ka para raji, kĕrsana angkat deui, ngabudjĕng ka Dorna Wiku, di depok Sokalima, sĕdjana mintonkeun tjai, bari bade „ngawarah” pandita jahat.

Hĕnteu ngantos widi heula, ka Sokalima ngagidig, kaget sugri nu ditilar, margi geus hĕnteu sak deui, nu di Astina nagri, upami sami ngadangu, jen Dorna dipĕrgasa, tangtos moal lĕpat deui, ka Bima teh sadajana ngaraponan.

Enggalna sadaja budal, Krĕsna sarĕng Sĕmiadji, kairing Drĕstadjumĕna, patih nagri Ipar Gusti, Ardjuna kitu deui, Nakula Sadewa katut, urang kotjapkeun Bima, ka Sokalima geus sumping, harita teh nudju karĕmpĕl sadaja.

Maha Prabu Sujudana, kĕrsa rurumpaheun sumping, Baladewa sarĕng Karna, Djajadrata kitu deui, Dursasana ge ngiring, Aswatama mah geus puguh, parĕng nudju barĕmpag, pasal nu milari tjai, dipastikeun Bima pupus di sagara.