Kaca:Dewa Rutji.pdf/113

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
113

Ajeuna mah longsong manah, asa geus punah kanjĕri, upami geus taja Bima, Pandawa leungit titindih, ngajonanana gampil, digĕmpur geus tangtos tumpur, sadaja sami bingah, mudji „kapinteran” rĕsi, Dorna atoh reh dipudji ku sadaja.

Nanging teu lami bingahna, kabudjĕng djol Bima sumping, sadaja kaget ngarendjag, komo ieu rada pangling, ku sindjang djeung parangi, aja bĕngis bari lungguh, Bima pok sasauran: „He arandjeun nu tjaralik, ulah kaget ieu kula Bima tea.

Nu ku maneh sarerea, ditipu diarah pati, dasar kami tanpa dosa, bĕt rahaju balik deui, malah djeung mawa tjai, tah ieu di djero tjupu.” Ladjĕng tjĕpuk dibuka, kaget sugri nu ningali, tingpolongo teu aja nu sasauran.

Lami pating olohokna, mung saena Maha Rĕsi, teu tĕtĕrasan kasima, Dorna ka Bima ngalahir, njĕmukeun bingah galih: „Haturan bagea tjunduk, paman bungah katjida, sarehing kang putra sumping, tur wiludjĕng boro mah paman teh mĕlang.

Dewarutji
8