Kaca:Dewa Rutji.pdf/114

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
114

Sukur bagdja kamajangan, komo ieu njandak tjai, tjing tjobi paman ningalan, leuh euleuh handjakal teuing, djalaran ieu tjai, hĕnteu tulen nanging palsu, sanes tjai Pawitra, atuh sageuj sutji matih, da ieu mah tjihudjan kenging nandean.”

Bima nempas ka Pandita, bari pasĕmonna bĕngis: „Ieu teh tjai Pawitra, anu tulen sarta sutji paparin Dewarutji, ti ditu ti puseur laut!” Dorna teh kahaturan : „Ah asa piraku teuing, tĕpang sarĕng Dewarutji di sagara.

Bilih putra teu uninga, nu disĕbut Dewarutji, eta teh Sang Djagatnata, Batara Guru Pramesti, djadi asa mustahil, sinarĕng putra patĕpung, komo saur putra mah, dugi ka maparin tjai, ulah bohong bisi kasiku ku Dewa.

Ieu tjai teh ku paman, rek dipitjeun da teu asli.” Sarta tjĕpuk teh ditjandak dek dibahekeun ku rĕsi, mung aneh liwat saking, bĕt ana djlĕg teh di pajun, Dewarutji nembongan, barina ngarĕbut tjai, sarta bari sasauran ka pandita.

„Eh maneh pandita Dorna, maneh ka kami mo pangling, djeung kami nu matak